Panineungan
SPG Negeri Purwakarta
aptu, 02 Maret 2019 aya anu ngalulungsur supaya Nyerenkeun pangantén, nyaéta
Bapa Haji Dadang Sunarya.SE. sakulawargi. Henteu bisa nolak pisan, patali
sababaraha hal.
Acara walimahan di Gédong Aula UPI
Purwakarta. Tabuh 06.30 WIB geus saged dangdan, sabab nurutkeun kana jadwal anu
diatur ku panatacalagara hajat.
Bréh, tabuh 07.00 WIB anjog di buruan Gédong
Aula UPI KAMPUS Purwakarta. Asa ngadeukeutan panineungan puluhan taun kalarung
(1980-2019) jaman ligar lulus SPGN. Purwakarta. Ti prak SPG bubar ganti ku UPI
Kampus Purwakarta, kawilang langka ngalanglang ka ieu patempatan. Atuh kacida
loba kaayaan nu mantak hookeun. Utamana wangunan kantorna.
Wangunan utama anu heubeul henteu
diruag, tapi ukur dipolés digeulisan. Jadi masih kaciri originalitasna wangun
baheula. Sakola Normal (SCHOOL NORMAAL).***
|
Sudah saatnya bangkit dari keterpurukan...
0 Response to "#Rampe_Pasundan - Panineungan SPG Negeri Purwakarta"
Posting Komentar