WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

MITRA MEDAR - #netculamèga_ngaprak : Ngajleng



Ngajleng 

N
gadagoan Kang Iwan, nu hayang dijajapkeun ngaprak, mapayan susukan Citarum purba, asa kesel nataku. Keur ngabalèngbarkeun, nya ngincig nepungan Aki Otoh, kasampak keur siduru. Asa waraas, siduru isuk. Jeung enyana hawa tèh rada tiris karasana, sèsa hujan nu ngabancuh ti janari nepika subuh karèk raat. Cileuncang ngareyembeng di jalan, bakuna dina palebah dedeklok nu bocèl, nu muruhmuy ngagedéan.
Ti barang anjog, Aki tèh, jiga nu hookeun kaanjangan tèh, malah rampang-reumpeung bari ngaranggeuman tu'ur. Ari pèk, panyangka tèh, nyalahan, Pa Aki tèh lain rampang-reumpeung, ngaranggeuman bakatku aya nu kasara. Asa lalinu saurna.
Teu lila di bumina, laju ngadon carineten hareupeun pasar Saguling. Rajamandala.
Sabot ngawangkong sisi jalan tèh, bet ngalèok kana carita nu nyabit kana tarian Barong Karinding. Losna jadi manjang carita, ngadongèngkeun Kang Irwan nu ahli seni tari, pituin urang Rajamandala. Minangka masih rèrèhan Pa Aki.
Kataji ku dongèngna, nya diajakan nepungan ka anjeuna, nu nyampak keur mérèsan pakèan tari sasadiaan keur makalangan di hiji acara di Bandung.
Basa ditanya tarian wanda naon nu rèk di pintonkeun, jawabna tarian 'Manuk Bekekok'.
Iyaèy, kos nu euweuh deui kecap nu hadè keur ngaran tarian tèh, èta meni belekok kitu ngaranna, naha lain makè ngaran Kèrak Ngaprak atuh.
Cekèng, nu dipoyok tèh kalah nyèrèngèh, jiga nu teu walakaya di teumrag karèk ku dipoyok sakitu gè. Jigana meunang pakèt kiceup ti Pa Aki, isarah sankan kudu ngamalum, yèn uing jalma teu euleum, purah popoyok.
Karèk ogè ngaregot cai entèh nu geus rada baleuy, balukar kamomorèkeun ku obrolan, Kang Iwan ngabèjaan, geus aya di lelewek pasar, cenah. Rikat ngejat undur, ti imah Kang Irwan seniman kahot tari belekok. Aèh, seniman nu nyiptakeun tarian manuk belekok.
Jadi harita dua urang purah nyipta seni tari amprok. Nu hiji seniman kahot, nu hijideui seniman kohok. Nu cenah panasaran hayang nènjo tarian Barong Karinding meunang sorangan, jiga kumaha cenah.
Isuk jaganing gèto urang lawungkeun, sugan bisa silih eusi dina ngadeudeul pakalangan, minangkana kasenian ti urang Rajamandala.
Teu diengkèkeun, dirawèl bari di hayukeun, rèk iraha, uing gilig jeung nyanggupan, bari nyamunikeun hatè nu hemar-hemir, dumèh inyana seniman tarina tèh jeung enyana.
Nepungan Kang Iwan, kasampak keur murak sorabi. Disampeurkeun tèh, jigana asa karurusuh, ngahuapkeun sorabi meni sakètap ledis.
Ditepungkeun jeung Pa Aki tèh bet jiga nu geus wanoh tianggalna, patarèma dampal panangan, bari hègar jeung sura-seuri.
Lantaran bisi seurina katutuluyan, nya dihiap mangkat ka Heuleut.
Anjog ka Cisameng, nepungan Mang Dado Citarum, minangka nu ngaheuyeuk Guha Sanghiyang Kenit, nu paheut tianggalna rèk maturan ka heuleut. Aripèk tèh keur baranggawè, nyieun gapura lawang jalan ka lemburna. 
Lalampahan tèh angger tiluan. 
Tapi, barang anjog ka palataran Guha Sanghiyang Poèk, Pa Aki gè merod. Jigana sangheuk mapayan susukan citarum nu jadi jalan tuduh ka Sanghiyang Heuleut.
Kitu kaayaanana, nu tulus ngaprak tèh ukur duaan.
Teu kacaturkeun di jalanna nu tarahal jeung sakur titincakan laleu'eur, anggangna sakilo satengah gè asa ngèsod.
Lalampahan maripi jalan, ngadampalan batu baradag jeung kakayon nu nyarukangan, ngakan waktu dua jam satengah, suku asa rincug, kèsang satunjang awak, najan ngalaman sababaraha kali reureuh gè, angèr hègak tèh hanteu lita.
Anjog ka Leuwi, reureuh deui sakeudeung, geus kitu Kang Iwan kabita ku barudak nu ngarajleng silih genti, rikat cuculan, tèrèkèl hanjat ka munggang batu, gajleng luncat bari ngocèak. 
"Hoaaaaduuuuuh", gejebur! 
Kerekep, pucunghul, burial-buncelik bari terus gègérèwékan jiga nu leuleuseun. 
Sèot, kabawa palid. 
Rikat dikèwat ku nu sayaga dina batu. Barang dihanjatkeun, meni sepa bari ngaharegung. 
"Peureus tonggong euy, muragna nangkarak, haduuuh reuwas basa ngalayangna, sadar tèh sanggeus ngagujubar. 
Leuleus euy, beakeun tanaga basa hayang mucunghul, ari keur nojay kalah leuleus. Kapok aingah ah"
Tuluy nagog bari ngahod-hod.
Rajamandala, 7 Mart-2019



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MITRA MEDAR - #netculamèga_ngaprak : Ngajleng "

Posting Komentar