WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

MITRA MEDAR : KAPRIHATINAN DINA PASANGGIRI PUPUH SARENG KAWIH


KAPRIHATINAN 
DINA PASANGGIRI PUPUH SARENG KAWIH

A
lhamdulillah kagiatan Pasanggiri Sirung Sunda Pinilih anu dijejeran ku MGMP Basa Sunda SMP rèngsè dilaksanakeun dina poè Salasa sareng Rebo kaping 19/20 Maret 2019 anu tempatna di SMPN 7 Purwakarta.
Tina sababaraha hiji kagiatan anu dipasanggirikeun waktu harita, diantarana aya pasanggiri Pupuh kanggo SD/SMP/SMA/SMK sareng Kawih kanggo SMA/SMK. Beu....bet asa ngarasa prihatin ku kaayaan barudak.
Dumasar jumlah, Alhamdulillah pamilon SMA nambahan dibanding taun-taun ka tukang, sanajan ari kualitas mah, nyakitu tèa.... dina prungna, lolobana pamilon kamana karep jiga anu teu siap tanding, tapi ampir prah atawa umum dina pasanggiri Pupuh jeung Kawih mah, yèn barudak jiga anu teu siap tanding, malah aya anu nepi ka teu apal rumpaka-rumpaka acan, geus puguh ari teu nincak kana wirahma turta sumbang mah.
Pasualan-pasualan anu karandapan ku barudak èstu loba pisan, jeung geus pasti aya kasangtukangna, _*kunaon bet kitu?*_
Barudak mah ngan darma ngalaksanakeun tugas ti sakolana sèwang-sèwangan, barijeung bisa jadi kurang bekel èlmu jeung pangaweruhna dina widang Pupuh reujeung Kawih. Jadi jelas, barudak mah teu salah, uyuhan sakitu ogè geus daraèkeun milu pasanggiri.
Nu kudu jadi perhatian urang sarèrèa mah, nyaèta perhatian evaluasi ogè aya robah pikeun ka hareupna, ulah ti taun ka taun kitu deui kitu deui, èstu jiga purada tamba kadengda _*nu penting aya kagiatan rutin wè, sabodo rèk alus jeung gorèng ogè.*_ Jelas ieu kawajiban moral urang salaku praktisi pendidikan, bèh di tuna kawajiban moral urang salaku urang Sunda anu cenah kudu ngamumulè, ngaronjatkeun turta narèkahan sangkan seni tradisi tetep nanjung ogè teu sirna.
Husus Pasanggiri Pupuh jeung Kawih, jigana ka hareup bisa robah, boh tina sual kualitas ogè kuantitasna, saupama:
1. Barudak SD/SMP/
    SMA/SMK boga
    kasadaran pikeun daèk
    diajar ogè daèk latihan
    Pupuh jeung Kawih
    anu bener turta alus
2. Diajar ogè latihan
    Pupuh jeung Kawih teu
    bisa melencing atawa
    sahèab komo gebrag
    tumbila, ngan saukur
    rèk pasanggiri wungkul
    alias dikarbit, _*tapi kudu rutin kalayan daria, saeutikna 6 bulan latihana tèh, leuwih alus lamun sataun. Ieu ogè barijeung can tangtu ngajamin bener jeung alusna, tapi dibanding heunteu pisan, nya mending daèk jeung rajin latihan, hartina aya tarèkah/usaha*_
3. Diajar ogè latihan
    Pupuh jeung Kawih,
    kudu nyanding guru,
    boga guru, atawa boga
    pelatih, ulah ngan
    ukur ngandelkeun
    diajar sorangan tina
    mp3 jeung minus one
    komo langsung ka
     _*Bah Google*_ sabab moal ka kontrol bener, alus jeung salahna.
4. Bapa sareng Ibu Guru,
     utami Guru Basa
     Sunda sareng Guru
     Seni Budaya di
     sakolana sèwang-
     sèwangan kedah
     sami-sami
     ningkatkeun niat,
     tèkad tug dugi ka
     prakna.
5. Tiasa janten guru ogè
     barudakna geus teu
     raresep kana Pupuh
     reujeung Kawih,
     antukna ka tolèr-tolèr
     jeung teu 
     kawalurikeun.
6. Tisa janten di tiap
     sakola, boh SD, SMP,
     SMA oge SMK _*teu aya guru anu tiasa ngalatih Pupuh sareng Kawih.*_
7. Rupina peryogi
    pangrojong ogè
    panyumanget anu
    langkung tandes
    kalayan daria ti
    pihak-pihak sanès,
    utami ti Pupuhu sakola
    na sèwang-sèwangan
    sangkan kagiatan ka
    payuna, wabil husus
    pasanggiri Pupuh
    sareng Kawih
    ngaronjat, boh
    kuantitasna (seueurna
    pamilon sakola anu
    ngiring tanding),
    kalebet kualitasna
    (pamilon anu
    nyangking Pupuh
    sareng Kawih
    dumasar kana
    kaèlmuan ogè
    palanggeran supaya
    bener, alus, pantes
    turta kèwes).
Sakedahna ogè merenahna, rèngsè pasanggiri tèh aya lajuninglaku (èvaluasi) ti pihak anu boga karep pikeun ngaronjatkeun kagiatan, supados  kaprihatinan patandang Pupuh reujeung Kawih dina kagiatan pasanggiri ka payuna teu diwangsulan deui. Saupami teu kitu ogè tiasa waè ditarèkahan ku sababaraha hal, diantarana:
1. Saupami di sakola teu
     aya pisan anu tiasa
     ngalatih Pupuh sareng
     Kawih, tiasa ku cara
     nguyang (ngondang)
     Pelatih ti luar.
     Rèsikona kedah
     ngaluarkeun waragad
     kanggo Pelatih
2. Perlu aya Diklat/
    Workshop/Pelatihan
    Pupuh sareng Kawih
    kanggo guru Basa
    Sunda sareng guru
    Seni Budaya,
    alesanana *seueur guru anu ngawulang basa Sunda sareng kasenian tapi teu nyangking kaèlmuanana, lajeng teu sakedik bapa/ibu guru teu nyangking ogè teu tiasa ngawulang/ngalatih Pupuh sareng Kawih, padahal cenah, pupuh mah aya dina palajaran basa Sunda, sanajan leuwih condong kana palajaran sastrana, tapi piraku èta sastra teu dihaleuangkeun*
    Tangtos masalahna
    klasik pisan, nyaèta, _*kedah saha anu ngayakeunana sareng ti mana waragadna?.*_
3. Dina raraga tatahar
    pikeun pasanggiri
    Pupuh sareng Kawih
    anu biasa lumangsung
    sataun sakali, sakola
    peryogi ngayak
    (nyelèksi)
     marurangkalih SD/
     SMP/SMA/SMK,
    sakedikna soantena
    teu sumbang.
4. Pasilitasi atanapi
    paparin kasempetan
    marurangkalih SD/
    SMP/SMA/SMK
    supados tiasa diajar
    ogè latihan Pupuh
    sareng Kawih di
    sanggar-sanggar seni,
    utami latihan rutin di
    sanggar seni anu
    husus nyayogikeun
    latihan Pupuh sareng
    Kawih.
5. Seueur kènèh
    tarèkah-tarèkah sanès
    (solusi), salami aya
    niat, pangaresep, jsb.
    Insya Allah bakal aya
    parobahan janten leres
    ogè saè
Mangga urang sasarengan ogè sami-sami ngaronjatkeun kagiatan pasanggiri Pupuh sareng Kawih, utami ngalatih/ngabina para pamilon ku carana sèwang- sèwangan luyu dina kamampuhna, supados ti taun ka taun _*Pasanggiri Pupuh sareng Kawih leres, saè ogè ngaronjat*_

Mugia Allah Swt teu welèh maparin taufik sareng hidayah ka urang sadaya. Aamiin. 
(Ade S - Pupuhu Pangauban Kawih Sunda _*Sekar Kawinayan*_ Purwakarta)


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MITRA MEDAR : KAPRIHATINAN DINA PASANGGIRI PUPUH SARENG KAWIH"

Posting Komentar