KEPANDUAN : KWARRAN PLÉRÉD MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING di MTs Negeri 2 Purwakarta
MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING
di MTs Negeri 2 Purwakarta
di MTs Negeri 2 Purwakarta
PLÉRÉD – Warta Sunda Onliné,
P
|
Ketua Paniti ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para pamilon. “Mungpung aya para pelatih pramuka nu sakitu gedé ajénna pikeun masihan élmu pangaweruh ngeunaan kepramukaan.”
“Urang kedah soson-soson narima wejangan ti para pelatih nu aya dina beungkeutan Pusat Pendidikan dan Latihan Cabang (Pusdiklatcab) Kabupatén Purwakarta,” kitu harepan Ketua Kwarran.
Disagedengeun éta, “saéna mah kagiatan ieu téh lumangsung tilu poé, ngarah langkung anteb. Tapi, kulantaran samporétna waktu, nya pihak Pusdiklatcab ngabagi-bagi waktu di unggal kecamatan.
Dina kasempetan éta ogé, pihak Pusdiklatcab ngabejerbéaskeun kagiatan nu saperti kitu. Malah tujuan Scouting Skill Training téh, nyaéta pendidikan jeung pelatihan praktis pikeun para pembina pramuka. Ku kituna para pembina pramukana tiasa leuwih mikacinta, ngamekarkeun jeung ngaronjatkeun élmu pangaweruh katerampilan para pembina pramuka nu aya di gudepna sewang-sewangan kalayan sacara konsepsional tur operasional.
Sedengkeun sasaran nu jati utama na pihak panatacalagara téh, para pamilon tiasa ngarti jeung faham tur mampu nerapkeun metodé latihan nu effektif jeung effesien dina widang keparamukaan.
Ceuk Ketua Pusdiklatcab, Ka Tri Kurniati, S.Pd, inyana miharep acara nu saperti kitu téh pikeun pembekalan para pembina dina hirup kumbuh dialam terbuka, bisa ngaaplikasikeun ka peserta didik dina kahirupan sapopoé. Komo kasebutna urang survival mah teu aya istilah kalaparan, nyasab ileuweung. Tapi ku ayana kaélmuan ti pusdiklatcab janten bekel," pokna Ka Tri.
Dina kasempetan éta ogé, pihak redaksi ngawawancaraan dua urang poerwakilan pamilon Putra Obay Guru SDN 1 Cibogogirang jeung Putri Hanna Siti Halimah Guru SDN 1 Citeko (sapertos témbong dina poto), duanana ngarasa reueus, yén dina kagiatan éta téh, narima élmu langsung ti kaka-kaka pelatih nu sakitu gedé ajénna dina élmu kepramukaan hususna matéri Survival, Navigasi Darat jeung PP.
Dina hal ieu mah, nambah pengetahuan langsung di ieu kagiatan, utamana keur ngaaplikasikeun di gugus depanna ka para peserta didik.***
0 Response to "KEPANDUAN : KWARRAN PLÉRÉD MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING di MTs Negeri 2 Purwakarta"
Posting Komentar