WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KEPANDUAN : KWARRAN MANIIS MAGELARKEUN SCOOTING SKILL TRAINING

KWARRAN MANIIS
MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING
 
MANIIS – Warta Sunda Onliné,
P
ULUHAN pamilon SCOUTING SKILL TRAINING di Maniis luyu sareng jadwal ti Pusdiklatcab Maniis (Sabtu, 9 Maret 2019), dipuseurkeun di SMPN 1 Maniis, Kecamatan Maniis, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat, Indonésia.  ngarupakeun kagiatan kepanduan dina raraga ngalatih jeung ngamekarkeun keterampilan Pembina Pramuka utamana dina widang keterampilan tehnik kepramukaan sangkan mampu ngokolakeun kagiatan gudep nu nu bener-bener luyu jeung kawijakan Gerakan Pramuka Daérah (Kwarda). Gudep-gudep nu aya diwewengkon daérahna sewang-sewangan pikeun dibekelan kaélmuan kepramukaan.
Dina kasempetan éta ogé, Ketua Pelaksana Lokal Scouting Skill Training Kwarran Maniis, Éncéng, S.Pd, dina biantarana ngeceskeun yén jumlah pamilon nu milu aub téh aya kana 52 urang nu ngawengku pamilon di Tingkat SD, SMP, SMA/SMK. Kajaba éta, tempat keur magelarkeun kagiatan Scouting Skill Training di SMPN 1 Maniis, nilik ti sarana prasarana nu memadai.
Sedengkeun ceuk Ketua Kwarran, Nana Supyana, S.Pd, MM, ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para pamilon. “Mungpung aya para pelatih pramuka nu sakitu gedé ajénna pikeun masihan élmu pangaweruh ngeunaan kepramukaan.”
“Urang kedah soson-soson narima wejangan ti para pelatih nu aya dina beungkeutan Pusat Pendidikan dan Latihan Cabang (Pusdiklatcab) Kabupatén Purwakarta,” kitu harepan Ketua Kwarran.
Disagedengeun  éta, “saéna mah kagiatan ieu téh lumangsung tilu poé, ngarah langkung anteb. Tapi, kulantaran samporétna waktu, nya pihak Pusdiklatcab ngabagi-bagi waktu di unggal kecamatan, nepika Kwarran Maniis kagilir Sabtu, 9 Maret 2019. 
Dina kasempetan éta ogé, pihak Pusdiklatcab ngabejerbéaskeun kagiatan nu saperti kitu. Malah mandar tujuan Scouting Skill Training téh, nyaéta pendidikan jeung pelatihan praktis pikeun para pembina pramuka. Ku kituna para pembina pramukana tiasa leuwih mikacinta, ngamekarkeun jeung ngaronjatkeun élmu pangaweruh katerampilan para pembina pramuka nu aya di gudepna sewang-sewangan kalayan sacara konsepsional tur operasional.
Sedengkeun sasaran nu jati utama na pihak panatacalagara téh, para pamilon tiasa ngarti jeung faham tur mampu nerapkeun metodé latihan nu effektif jeung effesien dina widang keparamukaan.
     Lian ti éta, dipiharep para pamilon tiasa ngamangpaatkeun sumber daya nu aya dilingkungan keur kapentingan ngalola latihan. Kajaba kitu, tiasa leuwih tanggung jawab nu leuwih hadé luyu sareng tugas jeung kawajiban salaku pembina. Kitu ceuk Ketua Pelaksana Scouting Skill Training Pusdiklatcab Kabupatén Purwakarta, Hedi Hidayat, S.Pd ngabejerbéaskeun kagiatan nu saperti kitu ka Warta Sunda Onliné (WSO), poé  Saptu (9/3) di SMP Negeri 1 Maniis, Kecamatan Maniis, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat, Indonésia.
     Ceuk Ketua Pusdiklatcab, Ka Tri Kurniati, S.Pd, inyana miharep acara nu saperti kitu téh pikeun pembekalan para pembina dina hirup kumbuh dialam terbuka, bisa ngaaplikasikeun ka peserta didik dina kahirupan sapopoé. Komo kasebutna urang survival mah teu aya istilah kalaparan, nyasab ileuweung. Tapi ku ayana kaélmuan ti pusdiklatcab janten bekel," pokna Ka Tri.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KEPANDUAN : KWARRAN MANIIS MAGELARKEUN SCOOTING SKILL TRAINING "

Posting Komentar