WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit   Gubernur Jawa Barat, H. Dedi ...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KEPANDUAN - AGENDA PUSDIKLATCAB Magelarkeun SCOUTING SKILL TRAINING Di Tiap Kwarran Sa-Purwakarta

AGENDA PUSDIKLATCAB
Magelarkeun SCOUTING SKILL TRAINING
Di Tiap Kwarran Sa-Purwakarta

SUKATANI – Warta Sunda Onliné,
S
COUTING SKILL TRAINING ngarupakeun kagiatan kepanduan dina raraga ngalatih jeung ngamekarkeun keterampilan Pembina Pramuka utamana dina widang keterampilan tehnik kepramukaan sangkan mampu ngokolakeun kagiatan gudep nu nu bener-bener luyu jeung kwijakan Gerakan Pramuka.
 Malah mandar tujuan Scouting Skill Training téh, nyaéta pendidikan jeung pelatihan praktis pikeun para pembina pramuka. Ku kituna para pembina pramukana tiasa leuwih mikacinta, ngamekarkeun jeung ngaronjatkeun élmu pangaweruh katerampilan para pembina pramuka nu aya di gudepna sewang-sewangan kalayan sacara konsepsional tur operasional.
Sedengkeun sasaran nu jati utama na pihak panatacalagara téh, para pamilon tiasa ngarti jeung faham tur mampu nerapkeun metodé latihan nu effektif jeung effesien dina widang keparamukaan.
Lian ti éta, dipiharep para pamilon tiasa ngamangpaatkeun sumber daya nu aya dilingkungan keur kapentingan ngalola latihan. Kajaba kitu, tiasa leuwih tanggung jawab nu leuwih hadé luyu sareng tugas jeung kawajiban salaku pembina. Kitu ceuk Ketua Pelaksana Scouting Skill Training Pusdiklatcab Kabupatén Purwakarta, Hedi Hidayat, S.Pd ngabejerbéaskeun kagiatan nu saperti kitu ka Warta Sunda Onliné (WSO), poé Ahad (3/3) di SMP Negeri 1 Sukatani, Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat, Indonésia.
Kajaba ti éta, yén Scouting Skill Training lumangsung di tiap kwarran se-Kabupatén Purwakarta nu ngawengku jadwalna luyu jeung nu diagendakeun ku Pusdiklatcab, ti mimiti ping

Jadwal Scouting Skill Training
1. Pasawahan (Sabtu,26 Jan 2019)
2. Cibatu (Minggu, 27 Januari 2019)
3. Pondoksalam (Sabtu,2 Feb 2019)
4. Wanayasa (Minggu,3 Feb 2019)
5. Bungursari (Sabtu,9 Feb 2019)
6. Kiara Pedes(Minggu,10 Feb 2019)
7. BBC (Sabtu, 16 Februari 2019)
8. Bojong (Minggu,17 Feb 2019)
9. Jatiluhur (Sabtu,23 Feb 2019)
10. Darangdan (Minggu,24 Feb 2019)
11. Campaka (Sabtu, 2 Maret 2019)
12. Sukatani (Minggu, 3 Maret 2019)
13. Maniis (Sabtu, 9 Maret 2019)
14. Plered (Minggu, 10 Mart 2019)
15. Tegalwaru (Sabtu,16 Mart 2019)
16. Purwakarta,(Minggu, 17 Mart 2019)
17. Sukasari, (Sabtu, 23 Mart 2019)
Sumber ti Pusdiklatcab*

Dina kasempetan éta ogé, Ketua Pelaksana Lokal Scouting Skill Training Kwarran Sukatani, Adé Suhayat, S.Pd, inyana milih tempat keur magelarkeunkagiatan Scouting Skill Training di SMPN 1 Sukatani jeung SMAN 1 Sukatani, nilik ti sarana prasarana nu memadai.
Sedengkeun ceuk Sukiman, S.Pd, M.Pd salaku tuan rumah, pihakna ngarasa reueus yén tempatna adi puseur kagiatan Scouting Skill Training Pusdiklatcab, ngan sapertos ieu kaayaan SMPN 1 Sukatani dina magelarkeun kagiatan Scouting Skill Training téh.
Lain deui ceuk perwakilan pamilon Scouting Skill Training Kecamatan Sukatani, Hidayat, S.Pd (Guru SDN 4 Panyindangan, Sukatani), inyana reueus ku ayana pelatihan ieu pikeun leuwih apal kana tenknis ngeunaan kepramukaan samalah loba praktekna tibatan téori nu kaserap kaélmuanana. Pon kitu deui ceuk Nénéng (Guru SDN 1 Cianting), dina kagiatan ieu téh, para pembina di unggal gudep dipasihan kaélmuan ku para pelatih hususna dina beungkeutan Pusdiklatcab Kabupatén Purwakarta, tangtos pisan kaélmuanana kepramukaan geus molotok tur diamalkeun ka para pembina di gudepna sewang-sewangan sa-Kecamatan Sukatani. 
Kajaba ti éta matéri nu ditepikeun 3 hal nu pikeun dipikawanoh ku para pamilon Scouting Skill Training  nyaéta : Survival Dasar, Pertolongan Pertama jeung Navigasi Darat. Dina hal ieu mah, kumaha mun para pamilon mun keur kabeneran keur dina kaayaan darurat pikeun bisa bertahan hidup nya ku matéri-matéri jeung prakték nu dipandu ku para pelatih Pusdiklatcab Kabupatén Purwakarta.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku redasi portal koran onliné (Warta Sunda Onliné / www.wartasunda.onliné  yén rengrengan pelatih ti Pusdiklatcab ngawengku para pelatihna diantarana : 1. Tri Kurniati; 2. Hedi Hidayat; 3. Didin Saepudin; 4. Siti Nurul; 5. Mulyani; 6. Sukiman; 7. Sapudin 8. Ardi Qurnaén; 9. Amir Suryana; 10. Yuyun Yuniarti; 11. Kusnadi; 12. Nanang Hera; 13. Ade Suhayat; 14. Imron Rosadi; 15. Andi Iswandi; 16. Ade Nurbaeti; 17. Ika Sartika; 18. Sri Jubaedah; 19. Wahyudi; 20. Narkum; 21. Ade Suhayat; 22. Dudi Supriadi; 23. Uhan Ramadhan; 24. Agus Purwadi Anggota DKR (Risna Mulya, Ridwan Ahmad, Nuni Wahyuni, Ana Rofiyana, Ujang Mulyana, Revi Kusnadi, Deni, Acep Ismail, Boy Andi Sopiyan) tur pihak Kwarran Sukatani.*** 
Cag.
Anto Sukant.



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KEPANDUAN - AGENDA PUSDIKLATCAB Magelarkeun SCOUTING SKILL TRAINING Di Tiap Kwarran Sa-Purwakarta"

Posting Komentar