Kembang Katresna - Néng Énny Karyani Cita-cita Jadi “POLWAN”
Cita-cita Jadi “POLWAN”
TEGALWARU – Warta Sunda Onliné,
N
|
ONOMAN urang Parungbanténg dina milu aub kagiatan nu
diayakeun ku pihak panitia, jadi barométér keur kagiatan-kagiatan nu lainna. Saperti
halna Néng Énny Karyani jauh-jauh ti Désa Parungbanténg meuntas Danau
Jatiluhur, ngahaja néang pangalaman dina miluan lomba nu diayakeun di Kecamatan
Tegalwaru hususna Lomba Lintas Lembah Bukit. Kitu ceuk Néng Énny Karyani nalika tepung
lawung jeung Warta Suna Onliné (WSO) dilokasi acara L3B di SMA Negeri 1
Tegalwaru, Saptu, (3/3).
“Néng Énny Karyani, dina
ngiring lomba téh lain juara nu jadi udagan, tapi néang pangalaman,” kitu ceuk Néng
Énny Karyani ka WSO.


Sedengkeun ceuk Mokh. Aripin,
M.Pd (Guru Pembina) Néng Énny Karyani téh, “memang Néng Énny Karyani
salahsahiji wawakil ti peuntas (Parungbanténg) janten pamilon L3B téh, pikeun
ngukur kamampuhan siswana dina ngiringan némbang Solo.
Kajaba naon nu dicita-citakeun
siswa Kelas 8-A SMPN Satap 2 Parungbanténg, ieu téh kaleresen tinggi badanna
aya kana 154 CM. Poma éngke sabada lulus SMA tinggi badanna nambahan deui,
mugia tiasa tinekanan cita-cita jadi Polwan téh. Amin.*** Anto
0 Response to "Kembang Katresna - Néng Énny Karyani Cita-cita Jadi “POLWAN”"
Posting Komentar