KANDAGA BUDAYA SUNDA : SAJAK / PUISI Ku : Mas Gunawan Waluyo (Alm)
S
|
ajak nyaéta pedaran eusi haté nu aya tumalina
sareng pangalaman hirup, boh dina mangsa nu éndah atanapi sawangsulna, nanging
dina ngadugikeun maksadna malibir teu saujratna anu diwujudkeun ku basa, salah
sawios bagian tina basa nyaéta mangrupi kecap, salajengna kecap téh diwangun ku
sora-sora.
Dina lebet sajak
Sunda éta kecap-kecap sok seueur nu murwakanti, maksadna supados tiasa
ngahasilkeun karesmian anu maos sajak rawuh anu ngupingkeunnana, cara
mintonkeun sajakna kedah disarengan ku binarung rasa, panineungan miwah rusras.
Gelarna sajak Sunda bentenna
teu tebih sareng sajak-sajak dina basa Indonésia kagungan dua tahap, nyaéta
:
- Sajak
buhun anu mangrupi Wawangsalan, Paparikan sareng Kakawihan.
- Sajak
Sunda kiwari anu nembe lebet dina patengahan abad ka 20 antawis tahun
1950.
Ku ayana panéka
jaman, sajak Sunda téh dipasieup ku basa-basa anu aya pakuat-pakaitna sareng
kaayaaan kiwari.
GERENTES HATÉ
Sampurasun.
Sumur gantung talaga di awang-awang,
saumur-umur di Bandung sagala rupa kasawang,
Ningali Bandung baheula, lahan pohara legana
teu cara ayeuna, heureut teu puguh wates wangenna
Bandung baheula, saeutik
wangunanana béda jeung ayeuna jlug jleg leuwih ti sajuta
Sawareh alus rupana, loba ogé nu teu puguh alang ujurna
matak pusing pikeun anu ngurusna
Bandung baheula, jalan lucir hideung ibarat disemir,
jalan kiwari, haropak pias, mun direret siga jalma nu baluas
Baandung baheula, leumpang di trotoar lebar
karasana
rada salsé, lowong henteu silih dupak
Bandung ayeuna, nu dagang pating galelar,
trotoar satapak dijarual diparaké lapak (ku saha…..?)
Deudeuh teuing Bandung nu heurin ku tangtung, kiwari siga nu nguyung,
ngajentul siga nu bingung, gering nangtung ngalanglayung
Kota Bandung geura bebenah, sangkan jadi kota nu tumaninah.
Bagea Juragan Walikota, pangersa Bapa Haji Dada Rosada,
sobat kuring ti baheula keur jadi karyawan Pemda,
ngan pedah aya bedana, beda kalungguhannana, Pangersa
jadi baginda, kuring mah ukur badega
Kuring seja cumarita: ka pangersa Bapa Walikota rawuh stafna :
Bandung sing jiga baheula loba tatangkalannana, pangiuhan balarea.
Kiwari ukur impian, tatangkalan dituaran
matak hareudang heheaban
Ti warga aya peupeujeuh, sanes bade sawan geureuh, estuning rasa kadeudeuh,
da bongan anjeun ngageugeuh
Husus ka para staffna,
Waktu keur narima semah, poma urang sing soméah, ulah sok ngabéda-béda diri reujeung sosialna,
mungguhing sifat manusa,
teu lesot tina martabatna
Mun ningal semah rarempo, komo jeung kokoro nyoso,
ulah api-api teu nempo, uteuk ngadak-ngadak poho,
boga sifat masa bodo
Teu cara ka semah gandang, sanajan kakara datang, dipapag nepi ka lawang,
sabab ngabogaan harepan.... rék méré UANG.
Mun Bandung hayang Waluya, Ginanjar Kerta Raharja,
loba ketan réa keton, buncir leuit loba duit,
piceun sifat muka dua da lain kitu kuduna.
Wujudkeun Bandung nu sehat,
sangkan jadi kota nu BERMARTABAT, Bersih Ma’mur, Taat tur Bersahabat ku jalan loba tirakat, teu ninggalkeun ngaji jeung solat
R a m pe s
Bandung, Maret 2016
Mas Gunawan Waluyo
MASJID RAYA BANDUNG
Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar,
Disarengan ku Istigfar, di dieu kuring rek medar
Munggaran ngaos Basmallah, di dinya kuring pasrah
Kawitna mah Masjid Agung, gentos nami Masjid Raya
Gedong sigrong di Kota Bandung, ngajanggelek di puseur
kota
Kenging pang jejer pangagung, dideudeul para ambiya
Ngajunggiring Masjid Agung, katelahna Masjid Raya
Gebyar sumebyar, Masjid Raya hurung mubyar
Ti dieu sumpingna syi’ar, corong kangge rakyat Jabar
Tempat tolabul ilmu, ngempelna para guru
Obor jalmi nu kalangsu, kanggo nyingkirkeuhn hawa
nafsu
Muji syukur ka Yang Agung , wireh sakumna warga Bandung,
kiwari tos dipercaya, ngamumule Masjid Raya
Masjid Raya….
Di dinya kuring sumerah, ngarepkeun kulawarga sakinah, mawadah, warohmah ,hurip waras dina jalan Ridlo Allah
Masjid Raya….
Tempat sujud balarea, mundut dihampura dosa
Lintang kanu Maha Kawasa, masrahkeun raga sareng nyawa jalma mah henteu miboga,
bakal mulih ka asalna
Masjid Raya….
Ka Allah kuring neneda, mugi parek rejekina ditebihkeun balaina
Mungguhing sifat manusa, tempat ngamuara dosa
Sim kuring anu rumasa
Trong kohkol ngadon morongkol, dur bedug anggur
murungkut,
diadanan beuki tibra, ngaringkuk, lir oray kobra
Ku ngadegna Masjid Raya, janten obor balarea tos jadi panghudang rasa, supados urang Iman sareng Taqwa
Allahu Akbar,
Allahu Akbar, Allahu Akbar.
Kujang jimat Pajajaran,
kujang dua pangadekna,
dek ka mana, dek ka mendi,
ka hareup ngala sajeujeuh,
ka tukang ngala salengkah,
ngadek sacekna ….
nilas saplasna ….
ngeureut kudu mawa anggeus,
ngadek kudu mawa rengse,
sapat kudu, getihan ulah …
Kujang dua seuseukeutna,
seukeut alahbatan pedang,
kahade bisi lepat larap,
paribasana …… ?
hade ku omong, goreng ku omong !
ulah sok parebut bener,
hasilna ?
salah tea !!!
Geura bebener sing bener ka bener,
ngarah jadi bener !!!
ku cara silih elingan.
Raja ngararata jalan,
Ratu ngararata catu,
Resi anu beres eusi,
Bangsawan nyaah ka bangsa,
Ningrat nya hayuning rayat.
Raja kudu napak sancang,
napak di sagara rasa,
sakabeh rasa nu araya.
Ngararata catu?
masing walatra,
kudu adil palamarta,
ulah adil para mitra.
Ari ngararata jalan,
lain jalan nu katincak,
tapi jalan titincakan,
pikeun meuntas,
ti mandala panta – panta,
ka Mandala Jati,
nu puguh jajaranana.
Resi kudu beres ngeusi,
kudu sepuh ampuh timpuh,
cangkang katut jeung eusina,
masagi lahir batinna.
Bangsawan mah bangsa jeung wan,
lain menak tuturunan,
Ningrat oge lain pangkat,
tapi, nyaho hate rahayat.
Ku kituna.............
geura payungan ,
ku payung susun tilu,
payung Raja payung rasa,
payung rumasa
pikeun ngiuhan sakabeh somah !!!
sakabeh sa pangeusi nagri !!!
BOGA SAHA
Lamun mipit kudu
amit,
amit ka nu bogana.
boga saha ?
Lamun ngala kudu
menta,
menta ka nu bogana,
boga saha?.
Ngala cikur kudu
misaur,
misaur ka nu
bogana,
boga saha?.
Ngala jahe kudu
micarek,
micarek ka nu
bogana,
boga saha ?
Urang sok umaku,
ieu boga kami,
itu boga kami,
boga saha?
Itu
ieu diaku,
hayang ngarawu ku
siku,
padahal ukur ngaku,
satungtung lumaku,
diwatesanan ku waktu ………………..
Tuh di gedong itu,
tuh di taman itu,
nu kapungkur iuh
linduk ,
kiwari enggeus garundul,
Nu kapungkur hejo
lembok,
poek pinuh
tatangkalan,
loba Manuk
nyaratuan,
kiwari jadi ngaranggas.
Tangkal rangkas
ngarangrangan,
siga sirah dicukuran,
taya deui
tatangkalan,
ampir beak
dituaran.
Saha deui nu kudu
melakan,
ngarah Manuk
patembalan,
ngocor cai di taman,
keur ngarinum sato inguan.
Leungeun kede
jeung katuhu,
kahade masing
satuhu,
ulah nyekel salah
rampa,
satia kana
salira,
Panon kede jeung
katuhu,
kahade masing
satuhu ,
ulah lepat dina
ningal ,
socana kedah
dijaga.
Kitu deui cepil
dua,
anu kede jeung katuhu,
tuhu dina
ngadangukeun,
ulah sok lepat danguna.
Baham
keur pangucap basa,
kahade bisi
nyarita,
nu nganyerikeun
sasama,
jaga bisi salah
ucap.
Ulah rek lepat
tincakna,
matak cilaka ahirna,
Hana caraka nu nyata,
nyata ananing
utusan,
data sawala nu
nyata,
nyata duta keur
sawala,
Padajayanya
hartina,
pada marebutkeun
bener,
lantaran parebut
bener,
ahirna hasilna
salah.
Itu asa aing
bener,
ieu keukeuh asa
bener,
batur mah paduli
teuing,
asa aing
pangbenerna.
Maga batanga sanyata,
kabeh ge jadi
babatang ,
ngagoler jadi
banusan,
siga catang
ngabebengkang.
Lamun hayang jadi
bener,
kudu marebutkeun
salah ,
kuring salah,
abdi lepat,
bakal kapanggih
benerna.
MULANG
Paningal beuki
reup – reupan ……..
dangu cepil hawar – hawar ……
keteg jajantung ngurangan ……….
les, napas eureun
!!
Panon malik …………
jajantung eureun
…….
dangu ilang ………….
rasa leungit …………
kari banusan
………...
Raga
ditinggalkeun nyawa,
mulih ka jati
mulang ka asal,
mulih ka nu asih,
mulang ka nu
nyaah,
Sabab lahir tina asih,
sabab datang tina
nyaah,
balik kudu kana
asih ,
mulang kudu kana
nyaah.
Asih saha ?
welas saha ?
asih Gusti ? ……
asih ibu – rama ……,
minat Gusti ? …… minat ibu – rama …..,
mulang ka sagara ni’mat !!!
mulang ka
asalna
Innalillahi
wainna illaii roji’un
|
Sidik jari taya
nu sami,
kekembangan taya
nu sarua,
sasatoan rupi –
rupi,
anu ageung anu
alit,
sadayana kaagungan
Nu Kagungan.
Kiceup
abdi, renghap abdi,
keketeg jajantung
abdi,
tingal abdi,
dangu abdi, pikir abdi,
goib, nanging
karaos,
sadayana kaagungan
Nu Kagungan.
Hiliwirna
angin,
haneutna panon
poe,
kiricikna cai,
tiisna peuting,
sadayana kaagungan
Nu Kagungan
Sorot bulan,
kiceup bentang,
caangna beurang.
sadayana
kaagungan Nu Kagungan.
Manusa mah ukur
ngaku
satungtung lumaku
kawatesanan ku
waktu
Tonggeret
disada sore
tonggeret, tonggeret !
nyindiran ka nu baleunghar.
Tong koret,
....... tong koret !
Tonggeret kosong
beuteungna,
tuh beuteung kami
katembong,
karosong can manggih dahar,
nyindiran ka nu
baleunghar,
Lamun manusa
ngalarti,
yen alam teh
cumarita,
tonggeret mere
elingan,
tong koret, tong koret.
Mun ningali tatangga kurang,
kurang dahar,
kurang pake,
heug atuh geura
berean,
mere ulah
pangarahan.
Wajib tulung tinulungan,
jeung batur silih belaan,
silih asih pikaheman,
gotong royong sauyunan.
Yeuh Ujang ………..
hirup teh loba
kamelang,
yeuh nyai ……….
hirup teh loba
karisi ,
Lamun anak tacan
mulang,
loba kamelang
hariwang,
lamun anak tacan
balik ,
aringgis loba
karisi.
Anu matak ujang
….. nyai …….
mun indit, indit
ka mendi,
ka ema bebeja
heula,
mun nganjang,
nganjang ka saha?
masing puguh
alamatna,
Ngarah gampang nu
neangna,
babari
nyusulanana,
moal hariwang
jeung melang,
Masing inget ….
Ujang …… nyai
ari gumelar di
dunya,
leutik ringkang,
gede bugang.
Lir hayam macokan
pare,
kecok deui, kecok
deui ,
batan kapok,
beuki gawok,
hese dielinganana,
daglegna kabina –
bina,
Gawena ngan silih
pacok,
diaradu jeung
baturna,
silih rebut
kahakanan ,
nu penting mah,
aing seubeuh !
Dibaledog ku nu
tunggu,
indit ukur
memenitan ,
ngadagoan bongoh
!!
kecok deui, kecok
deui !!
Kitu deui hayamh
jago,
Hirupna mindeng
ngajago,
rucahna ka unggal
bikang,
panasaran lamun
henteu diasaan.
Ahuuuung
………………….. !
Aguuuung
………………….. !
Allahu Akbar !
Ya-hu-wa !
Yahwe !
Yakoba !
Hu !
Maha …………
Akbar …… jembar
Suhu ……. Maha
Guru
Suhun ……
Suhunkeun …. Ka suhun ……
Suhunan ………… di
luhur
Sunan ……………. Wali
!
Sri Susuhanan
………. Raja !
Nyuhun ………… di
luhur !
Nyuhunkeun ………….
Menta !
Nuhun ………… rumasa
!
Nu … hun …… hatur
buhun !
Nu … hun …… nu
maha
Hu …… Hu …… Hu
…….. Maha !
Ahuuuung ………… Nu
Maha Agung !
Kacapi kaca pikiran,
suling keur nyusul kaeling.
eling kuring ka kuringNa,
kakurung nu ngajungkiring,
Kacapi anu ngajentreng,
suling ceurik melas-melis,
disusul haleuang tembang.
Hirup teh durang duraring,
tembang kudu
jeung tembungna,
geter patarema rasa,
ngawirahma dina sora,
nyaliara sumarambah sa Buwana.
Dina pupuh dina lagu,
ngawirahma jadi tembang,
rasa ingsun rasa ingwang,
rasa anjeun rasa urang.
Hirup jiga nu kalangsu
nu dijugjug henteu puguh, malahan karasa jauh
nu diteang
beuki anggang, nu tembong ukur kalangkang.
ka kaler
kapangkek poek, ka kulon katembong lowong
ka kidul
ngadon ngajentul, ka wetan leungit ingetan.
ret ka tukang
sumoreang, hate lewang ngalongkewang
ka hareup
ngarasa keueung, hate ngadak-ngadak sieun.
ka luhur teu
bisa ngapung, kahandap taya ambahan.
rek nanya-nanya
kasaha, sabab taya nu ngaliwat.
antukna diuk
cinutrung, ngalamun ngahurun balung.
nanya ka diri
sorangan
kudu kumaha….???
Firman Allah
SWT:
Satemenna
jalma anu kalintang mulya disagedengeun Allah, nyaeta jalma anu paling taqwa
diantawis aranjeun.
(QS Al-Hujurat: 13)
Kalakuan ulah jiga oray kadut;
gede kawani disintreuk anggur murungkut
diwawuhan kalahka ngajakan gelut
ngahaja dilongok kalahka macok;
nurus tunjung ............................
si goreng patut sungut monyong jiga tutut;
Tibra sare sungut mah angger sambutut.
digebug murungkut;
dicabok ngadon macok;
ditampiling hanteu cicing;
diteunggul ngadon euleugeug;
ditegor, ngadon ngaleor siga jalma toloheor.
Lalampahan oray kadut;
baranghakan teu kari najan cucurut.
ngaringkuk siga nu heueuh;
gembul hirupna euwuh kaseubeuh;
teu ditolih sanajan barangna geuleuh;
teu ngaarung anu burung;
teu nyesakeun anu edan;
asa aing kumawasa;
Bengis henteu boga rasa.
teu nyaho di baang batur;
najan anu jadi dulur;
kajeun ancur jadi bubur;
seuri 1amun batur ancur lebur.
omat ulah rek ditiru;
lampah oray kadut mah kitu;
sok ngajak hirup kalangsu
ninitah ngalajur nafsu.
TANGARA
Sarebu kohkol dititirkeun,
sarebu obor dihurungkeun,
mere tangara ka balarea,
sangkan sarerea waspada.
Tangara bisi aya kahuruan,
tangara bisi aya kabanjiran,
tangara bisi aya angin topan,
laut ngamuk gunung bitu.
Naha tangara teu dipirosea,
dia kabehan henteu waspada,
dia sakabeh jongjon lalajo,
lalajo kana robahna jaman.
Obor nu mawa caangna pikir,
kohkol nu ngelingan waktu nitir,
ari sanggeus kajadian,
ngan saukur matak watir.
CAI
Pamingpin mindeng diganti,
alatan teu sanggup babagi cai,
tungtungna pagiri-giri,
alatan parebut ngurus lemah cai,
tungtungna pagiri-giri,
alatan parebut ngurus lemah cai,
Pangeusi alam jagjag ku cai,
di dunya jadi pahili ,
kiricik cai kudu meuli,
benten sareng kamurahan Gusti,
walatra dina babagi,
sangkan teu parebut cai,
nu nimbulkeun raja pati.
Nu sok resep ulin cai,
lieur lir leokna cai,
aturan dipake jual beli,
sakali deui .......
iwal kamurahan Gusti,
nu teu aya istilah jual beuli.
Subhanalloh.
Sing teger lir batu karang,
sing endah lir batu hiu,
sing mahal lir batu intan,
sing mulia lir batu Ka’bah,
dipake ukuran,
diparake dasar kahirupan.
Ulah jiga batu jubleg,
ngajentul loba nu mepeg,
contona si Malin Kundang,
cilaka lampah sorangan,
boga sifat nu ngabatu,
dagleg embung di papatahan,
najan ku Indung sorangan,
nu akhirna jadi batu nu ditarincakan.
Picontoeun ........
urang bakal dicirian
ku ........... batu nisan
BENTANG
Ayana di awang-awang,
mun ti peuting sok ngariceupan.
Bentang ..........
pada muru pada ngarucu,
loba nu ti jengkang ,
lamun meunangl
boga julukan si bentang,
dina jukut aya bentang,
kasebutna bentang lapang,
dina panggung aya bentang,
nu disebut bentang panggung.
Dina aya taktak aya bentang,
pangkat keur anu nyongcolang.
Nu teu kudu meunang bentang,
koruptor nu ngagarayang,
nu ngagasab duit rahayat,
nagara kadungsang-dungsang
rahayat jaradi bugang.
bere bentang ...................... tuluy centang,
sing nepikeun ngajengkang jadi babatang.
Kongkorongok hayam jago,
poe geus maju ka subuh ,
balebat ti beulah wetan,
caang ngempray sa Buana,
teu ngebedakeun bodas hideung,
sarua dibere cahaya,
teu dibedakeun bageur jahatna,
sarua dibagi sorotna.
Sorot kaasih ,
sorot nu beresih,
tanpa pamrih.
Ari manusa..............,
sorot caang kudu meuli,
ngocor cai kudu meuli,
kabeh di beuli.
Teu cara kamurahan Gusti,
teu aya istilah jual beuli.
Adzan ti Masjid Raya, gugupay ka balarea,
hayu urang pada manjatkeun puji,
ngala kamurahan Gusti
yaa Alloh
yaa Robbi.
Ranggeuyan asih sasadiaan Alloh,
Alloh Maha Welas, Maha Asih,
teu di hurang teu di keuyeup,
piteuk tongo walangtaga,
ku Alloh sami di paparin rasa,
Rasa .................
rumasa ................
teu kedah dianggo sirik dengki, harak tega,
jail kaniaya resep nandasa,
mun rumasa boga rasa,
Rasa uyah saeutik patri,
karaosan asin ku balarea,
rasa cengek najan leutik ,
karaosna lada ku balarea,
matak rambay cisoca.
Numawi .................
nu paling sesah kangge manusa,
mikaasih kanu ceuceub,
mikacua kanu ngewa.
geuning abot ..........
gumantung kana ............... rasa.
sing gaduh rasa sareng rumasa
di dunya urang mung ukur ngumbara
Panasna hate manusa langkung ti seuneu,
lintang asihna Alloh tara nyeuneu,
nu teu kendat mepes nu nyeuneu.
Dedeg pangadeg manusa kawit tina seuneu,
nanging ............
Sanes seuneu anu sok pareum,
sanes seuneu anu nyaangan nuju poek,
sanes seuneu anu sok kaluar ti Gunung,
an kaluar ti Kawah,
sanes seuneu anu panas,
sanes seuneu anu tina batu,
sanes seuneu anu parantos hurung,
sanes seuneu anu kenging ngadamel,
sanes seuneu anu ngandung mujijat,
sanes seuneu anu ditiup,
sanes seuneu anu tiasa dialihkeun,
sanes seuneu anu ngajantenkeun tutung,
seuneu nu dimaksud di dieu,
nyaeta
aksara “alif” nu mulya
Alif teh hartosna hirup,
anu moal anu
moal kantos pareum,
anu
kagungan sorot cahaya dumeling,
anu kasebat : “Sitrullah”
Seuneu anu tiasa nyaangan manusa di alam dunya,
Islam,
Iman, Soleh, Ihsan, Sahadah, Sidikiyah lan Qurbah
Bulan sapasi matak resep nu ningali,
bulan Safar jalma loba nu diruatan,
bulan Rayagung ngarayakeun ka Nu Agung,
bulan ngora di dagoan ku nu butuh,
bulan kolot loba jalma nu rumahuh,
bulan alaeun bungah campur kasieunan,
datang bulan lalaki sok muasaan,
bulan dagoan ................
nini Anteh ngagupayan.
Jep angin entong nyoara,
da kuring geus meunang beja,
urugna Gunung banjirna Leuwi,
ngamukna Sagara,
ku kuring geus katingali nyata,
polahna manusa.
Meunang beja tina uga,
cacandran kolot baheula,
titih mangsa manusa bakal cilaka,
ku lampahna.................
Bongan tangkal ditutuhan,
pan eta teh nu Tuhan,
keur ngajaga lahan ,
ngejejelan padaharan.
Naha gunung
bet diurug,
naha leuweung bet dibukbak,
pedah aya angin sorga,
di bibita jadi jalma nu jugala.
Sakali deui ...
Angin pengbejakeun beja ti kuring,
ulah jaradi Ucing gering.
Mun ningal cakcak jangjangan,
nu kitu haphap ngarana,
resepna kakalayangan,
tina tangkal kana tatangkalan.
Sanajan tangkalna gede,
teu weleh di endag-endag,
lantaran gede wiwaha ,
tangkalna bisi ngagubrag,
manusa kudu sakola,
ka hap-hap anu wiwaha,
titip rintih teu mokaha ,
rengkak polah taliti sieun cilaka.
Kudu indit samemeh jung ,
kudu leumpang memeh angkat,
geus dijugjug memeh jauh,
najan anggang geus di teang.
Ari sabab ......?
Sagalak-galakna Macan, tara nyorang pibahlaeun
sagalak-galakna manusa ulah nyorang pibahlaeun
Sanajan boga juru salamet
lamun teu boga juru salamet
tangtu moal salamet
Wudu sanes tamba wudu,
sieun teu disebat Santri,
ulah ningkat kana Sholat,
mun wudu acan kaharti,
taar sing beresih emutan,
cepil sing beresih danguna,
soca sing beresih tingalna,
baham sing beresih ucapna.
Pangambung sing beresih ambungna,
panangan sing beresih rampana,
sampean sing beresih tincakna,
ujang nyai sing beresih cohokna.
Soca kede sareng
katuhu,
kahade masing satuhu ,
kitu deui nu sanesna,
sing tuhu ka Nu Maha Suci,
Waktos Sholat nuju eling,
Isya, Subuh, Lohor, Asar,
Magrib ge pon kitu deui,
eling sukuran ka Gusti,
nanging............. anu langkung abot,
waktu ti sholat ka sholat,
urang teh sok sering lepat,
solatna henteu mangpaat.
Leuweung tutupan ,
leuweung teuteupeun,
leuweung titipan .
Naha anjeun wani nuar.........?
pan
anjeun teh teu milu melak,
pan eta teh pihape ,
keur anak incu urang engke,
piara sing hade !!!.
Leuweung teh teuteupeun deuleu,
jadi kudu tetep ngemploh hejo,
warna paul matak waas.
Moho anu nenjo.
Naha anjeun wani nuar nuTuhan ???
tangkal
tempat paniisan,
paranti anu ngiuhan,
omat ulah di tuTuhan,
nutuhan ............ nu Tuhan
Jirim anu ngajungkiring,
aya jisim pangancikan hirup,
jirim pangancikan jisim,
lir gula sareng amisna,
na raga aya wacana,
aya uga nu waruga,
maca uga dina iga,
macana bari rumasa.
Aya ayat dina hayat ,
ditulis ku mangsi
sungsum,
dina kertas buku tulang,
keur nuliskeun titis tulis.
Baca sa ayat- sa ayat,
macana kudu di hayat,
kulit daging lamad urat,
ngaji gampang tapi beurat,
bulu kuku kulit daging,
getih beureum getih bodas,
jantung bayah kalilipa,
ati gegembung jeung peujit.
Sadayana tuduh jalan,
campur nyampurna sampurna,
jadi satunggalan rasa,
rasa manusa rumasa.
Malati kembang siloka,
kembangna bodas tur endah,
kahade mamala ati,
sing bisa nungkulannana,
Bodas soteh kedah beresih,
beresih ati beresih pikir,
seungitna angin-anginan,
nyambuang sa pakarangan,
Geura seungitkeun ,
dayeuh urang pengancikan,
Indung Bapa urang,
diri urang ..............
Lain seungit ku malati,
tapi seungit ku lakuning diri,
nyaah ka papada jalma,
nyaah ka somah,
nyaah ka semah,
nyaah ka alamna,
nyaah ka pengeusi nagri.
Malati ligar di taman,
angger pada marulungan,
cangreudkeun ka diri sorangan,
sangkan loba nu mikaheman.
Nya ti mana asal ira ?
ti nu kagungan hirup,
cahaya anu dumeling ,
patatarema kana soca.
Ngalangkang jadi sawangan,
ti nu kasep ka nu geulis,
paamprok dina kaasih .............
Asih Indung nyaah Bapa,
nurunkeun cai katresna,
di dinya ..............
ngancik wanci, nunggu waktu,
mindah mangsa,
geus cunduk kana waktuna,
metu ti lawang ping pitu,
medal ti lawang ping sanga,
moteng ti lawang saketeng,
gumelar ka alam lahir,
ngababakan jadi darma,
nya salira tea.
Gusti Alloh anu Maha Esa,
Gusti Alloh anu Maha Tunggal,
sanes tunggalna nunggelis,
sanes tunggalna nyalira,
nanging sumurup sumalira,
nyaliara .....................
Di unggal-unggal salira
Tunggal Manunggal,
raket
rumaket
“Akrob ...........
Tat Twan Asi,
Wanahnu Akrobu Ilaihi “
ngahiji aya jisim dina jirim,
lir cahaya anu dumeling,
kasorot ku panon poe
sapertos gula sareng peueutna,
lir seuneu sareng panasna,
lir uyah sareng asina,
Aya kuring nu kakurung,
kuring ka kurung ku daging,
Maha Esa .......... Maha Tunggal
Tunggal Manunggal tanpa pisah .............
Mantra téh wangun
ugeran mangrupa sajak bébas anu
dianggap ngandung kakuatan gaib. Dianggona tara sagawayah, biasana dipapatkeun
ditalar, maksadna anu mapatkeun supados
tiasa ngagunakeun kakiatan gaib kanggo ngahontal hiji pamaksadan.
Numutkeun kaperyogian dianggona Mantra dibagi jadi
:
Asihan, Jangjawokan, Ajian, Singlar, Rajah, sareng Jampé, kanggo sawatara
jalmi masih keneh seueur anu ngagunakeun ieu Mantra, nanging kiwari seuseueurna
nu maos Mantra teh sanes kanggo tujuan nu kasebat di luhur, nanging mung
sakadar kanggo ngararaoskeun kaéndahan
puisina.
Jalma anu mapatkeun éta asihan kagungan kayakinan
wireh Mantra Asihanana kaguangan kakiatan gaib kanggo mangaruhan jiwa anu sanes
supados tumut kana kapalayna.,
conto diantawisna :
Banyu hurip nyuci ing jasmani,
badan rohani tuku metu,
saking ujud ngempur,
kuwung-kuwung dina embun-embunan.
hibar cahaya dina raga,
nitis sari dina aci welas asih, dening
Alloh
Laillahailalloh
Muhammad Rosulluloh
(Dina prakna ulah
kendat ibadah nu lima waktu}
Bray bulan.........................
bray bentang......................
saluhureun bentang timur
sahandapeun widadari
sing arasih lanang wadon ka badan
ingsun
Mujijat ti para Nabi,
safaat ti para Wali,
berkat ti para Karuhun,
karamat ti para Karoma,t
Pangmukakeun bagja rasa,
pangawasa ti badan anu sampurna,
ti badan idopi nya roh idopi,
turun ujud nu sampurna,
tina badan nu sampurna,
Diantara Nabi anu kakoncara pangkasépna
iwal ti Nabi Yusuf, numatak teu héran
lamun
loba lalaki anu kataji, wanoja anu
kabengbat
matak helok anu nempo, hurung nantung
siang
leumpang, éstu sampurna sagala rupana.
Bismillahirohmanirrohim,
Allohuma
rajakna cahaya mulya,
cahaya ratna dumilang,
cur mancur raja cahaya,
Nabi Yusuf,
teka welas, teka asih
datang kula nyinurungan
kun paya kun
welas asih ka awaking
Hulla Illaha Ilalloh Muhammad
Rosulullah
(Ulah
hilap sholat lima waktu0
Bismillahirohmanirrohim
Sapurantang
sapuranting,
tunggu curuk sawa lantung,
walangkung warang kulincang,
rincang ditinggalkeun mulang,
ceurik ditinggalkeun balik,
manggih tunggul sia nyuuh,
manggih catang sia nyampay,
megat rantuyan salawé,
jig ka buruan ngadon midangdam,
bras ka balé asa réhé,
bras ka cai ngadon ceurik,
megat ranté salawé,
mangka welas mangka asih ka awaking.
Bismillahirohmanirrohim
Alloh huma trambadan,
aku badan Muhammad,
rupaning Nabi Yusuf,
gentrana Nabi Daud,
masing welas, masing asih,
ka awaking roh madep cahaya,
ngadeg hurip cahayaning Alloh,
Laillahaillalloh Muhammad Rasululloh,
bumi meneng, hurip jeneng,
hurip cahayaning Alloh,
Lailahailalloh Muhammad Rosululloh,.
PANGIRUT
DUNYA
Hiung-hiung bangbara tunggal
Hiung-hiung bangbara tunggal
nyeseup kembang sarining gampang
nyai ieu asihan Déwata
masing-masing peuting ati sia
tujuh poé tujuh peuting
angkeub deudeuleueunana
masing meuting dina ati
masing mondok dina jajantung
nyampeulit dina peujit
nyaho aing ngaran leutik
sabulan gumantung
tilu bulan lumegang
lima bulan mangrupa
tujuh bulan kolot
salapan bulan medal
batuk aing sada gugur
dahep aing sada gelap
jig ka cai siga ceurik
jig ka darat siga midangdm
jig ka leuweung ngadon hahariringan
tuluykeun léngkah déwata
asa nincak asa henteu
masing rapet bumi jeung langit
dimana nya mondok sia
nya mondok-mondok jeung aing
sukma sia sukma aing
lambut sia jeung lambut aing
sia ulah ngenah-ngenah cicing
manggih curug sada hariring aing
pangirutkeun anu jauh, pandatangkeun
anu anggang
sukamana akuannana jeung pangawasana
si............. ka aing
yap rasa, yap pangawasa, yap dunya anu
sampurna
welas asih ka awaking
SANGKAN TEU PEGAT DURIAT
Bismillahirohmanirrohim
Gilang-gilang kancana herang,
nu iuh di tempat lungguh,
nu herang di tempat datar,
maring jisim maring rohani,
kang rasa kawin ka nu haying,
maring insun anut pamundut,
ret simpay geura pageuhan,
pageuhan ku gegeut mandi,
ulah udar tali gadang,
turutkeun kahayang aing,
hup Alloh..... hup Alloh,
sisir aing sisir pinti,
meunang meuli ti nu suci,
méréskeun haté nu wanoh,
waneh wanoh nu mikasono,
moho manéh mépéndé,
maneh sareh haté bari hade,
ditandé ku béndé gedé,
Boboko ayakan leutik,
paranti nyairan ucéng,
subuh-subuh ngala tutut,
pabeubeurang ngala hurang,
janggélék téngék rék naék,
rengkog asong, rengkog asong,
mikahoyong ranggaék,
légé rék naék.
da kuring daék.
Bismillahirhamanirrohim,
Allohhuma trambadan,
aku badan Muhammad,
rupaning Nabi Yusuf,
gentrana Nabi Daud,
masing welas masing asih
ka awaking madep roh cahaya,
ngadeg hurip cahyaning Alloh,
laillahhailalloh Muhammad rossululloh
bumimeneng hurip jeneng,
hurip cahayaning Alloh,
laillahailalloh Muhammad Rossululloh.,
Asihan aing si burung pundung
maung pundung datang amum
badak galak datang depa
oray laki datang numpi
burung pundung burung cidra ku karunya
malik welas malik asih ka awaking
Jampe teh
mantra anu dipakena paranti nyageurkeun Panyakit jeungkacilakaan.
Kujat kijut ngaran tuur,
jeregjeg ngaran babajeg,
tereleng buntér gasik leumpang.
Bismillahirohmanirrohim,
Banyu suci rasa manusa
aku arep adus,
adus wahyu sajarining guru,
siram silanglang di méga terang,
mandi diri katumbiri,
siram rasa ngalukat awak,
ngucur di pangucuran wulung,
ngebak di jambangan emas,
siram silanglang malidkeun halangan,
ngarungrung kana ujudna,
manarumpang dina badan,
palidkeun ku cai nu suci,
mulangkeun halangan harungan,
nu bétah dina ragana,
nu nyangkrung dina ujudna,
nu nyangsang dina badanna,
nu cicing dina dirina,
ngabijilkeun sirkusiwa,
pangnyucikeun rohani, jasmanina,
metu jajatining guru.
ya hu, ya hu, ya hu.
Bismillahirohmanirrohim
Hu Allah hu Rosululloh
Gusti nitipkeun kulit jeung daging
Nyaranjakeun tulang jeung raga
nyanggakeun sukma jeung nyawa
ka nu Kawasa
Bumi siti saking Gusti
ya banyu dating ing wahyu
gambatan ti guru Bah Ununs
calik di Pajajaran
sampulur sampurna ning ingsun
deming Gusti maring jisim
dat Allah dat Rosululloh
Ditimang ku amis budi
dikudung ku rahayu
disolendang ku nu caang
jalana sabar darana
bababon ka lima loro
mentang syahadat iman milik bumi suci
nyat-nyata bumi nyata
nyata di nu kawasa
Tobat Pangawasa.....................
Tobat-tobat sukma lara, sukma liri
mulih raga musnah landres
mulih maring Rosululloh
mulih sajatining suci
mulang sajatining terang
musnah raga sajatining Allah
nitipkeun geutih ka nu suci
ajal mulang deming asal
Hu Allah hu akbar
Bismillahirohmanirrohim,
Itu parahu sabar darana,
lepas layar ka Madinah,
dilayaran ku marifat,
kamudina iman tauhid,
di tengah sahadat salawat,
oinggir mujijat kana jisim,
ajak tinggal ti budina ayat terasana,
dzat marifat dzat akhirat,
kaula geus idin ngidolakeun lawang
dunya,
mukakeun lawang akhirat, karai mulih
sama rambat,
tobat Pangeran.
Kalaka kaliki,
kala lumpat ka sisi cai,
aing nyaho ngaran sia,
ngaran sia kulit kai,
tawa tawé,
ditawa ku sang indung putih,
tiis ti peuting waras ti beurang,
paripurna hirup waras.
Bismillahirohmanirrohim
Jung wahyu tuturkeun maksud
bral niat papag kahayang
nyawang di tempat terang
mun buni sing katingali
mun nyumput buru katimu
kapanggih ku déwi ati
katimu ku ratu élmu
nya aing ratu élmuna
nya aing déwi atina
najan anggang da katéang
najan buni hamo kasungsang
najan nyumput hamo kasusul
nu mabar tebéh wétan
kahibaran cahya rasa
kaiuhan élmu metu.
Rajah the mantra dipakena paranti ngambah leuweung
anu sange, muka pihumaeun, muka babakan, nalukeun siluman sileman, nngaruat
jeung sajabana.
Contona :
Bismillahirohmanirrohim
Duh Gusti ..nun Gusti abdi mundut
pitulung,
agungna ka Gusti Allajembarna ka
Pangeran
Gusti Nabi anu nyaksi
karamat nampi tujuan
seja abdi
nyuhunkeun............................
dunya anu suci, jalanna ti papada
kaula,
pangmukakeun bagja rasa,
pangawawa ti badan anu sampurna,
ti badan idopi,
nyawa rohani,
Turun ujud nu sampulur,
turun badan nu sampurna,
Nur Allah Nur Muhammad,
Nur rasa pangawasa,
lembut ingsun manjing ujud,
dat ning Allah maring raga,
Cahaya manjing ing sukma,
deming batin manjing ati,
Ya ingsun jaluk ing metu,
guru sajatining metu,
Jahu nur Muhammad,
Jahu Sayidinna Muhammad,
aku jaluk mireng ingsun,
aku jaluk weruh ing lembut.
Dening Allah cipta rasa
Ingsun arep tunggu dening ing alus
Nu hurung dina kurungan
nu putih manjing ing ati
nu caang manjing ing rasa
jaluk buka pangawasa
ing pisli Nabi Sulaeman
tuku ala Nabi Ibrahim
dunyana anu sampurna.
Bul kukus Batara Tunggal,
nu tapa di kalangkang
hirup raganing nyawa
rasa mulya badan sampurna
Hirup diri kang linumuwih
wujud ratu guru metu
nimang rasa kang linuwih
maring ingsun dzat ing Allah
Allahu Allah, Allahu Allah, Allahu
Allah
Duh Gusti nun Gusti Agung
Mung ka Gusti jembaran ka Nu Kawasa
Nabi anu nyaksi, karamat nampi tujuan
abdi seja nyanggakeun babakti
ka nu Maha Suci
mugi ditampi
seja babakti.
Seja usul ka asal
neda sabda anu nyata
mugia sing netes nitis
kana ati sanubari
nyusup nyerep ka ujud kurungan
mung ka Gusti nu murbeng alam
Allohu Robbi.
Bismillahirohmannirrohim
Seja kaula nyaur nu Alus,
seja ngagupay ka nu Waspada,
ngangkir sumping ka nu Suci,
mundut cunduk ti nu Alus,
menta datang ti nu Terang,
caang rasa narawangan.
Tunjukeun lembut nu alus,
panteskeun aksara nyata,
nyatana di diri jasmani,
rohani badan idopi,
kang rasa manjing sarangka,
kang leuwih manjing getih,
sukma lara sukma liri,
muhlis sajatining Gusti.
Pangembat ti guru Bah Unus
nu calik di Pajajaran
salangkungna ti Eyang guru
anu calik di Pakuwon Barat
Tegal Gubug, Cadas Ngampar
Disuhunkeun enggal sumping
Anu undur, nu kumaha waé nyuhunkeun
dilandongan
Mangga nyanggakeun, getih satétés,
buuk salambar
ukur satangtung
Mangga nyanggakeun, ti luhur ditiup ku
Wali Tujuh
ti handap ku sahabat anu opat ka lima pancer
Astagfirullohal adzim
Nyuhunkeun ka Eyang Unus,
Eyang Sasamanggala, Eyang Badiguljaya,
Eyang Wangsareja
Astagfirullohal adzim
Allohu ya Malik
Ya Maliku, Ya Maliku, Ya Maliku
Nyuhunkeun ka Eyang Astradipa,
Dipajaya, Suradiwangsa, Astrajaya
Nyuhunkeun karamat ka 78 karomat
Nyuhunkeun saciduh metu sakecap nyata
Pitulung ti nu Maha Agung
Pineda ti nu Maha Kawasa,
Ka Ibu anu teu ngandung,
Ka Bapa anu teu ngayuga,
ka sadérék anu opat,
ka lima pancer.
Tali bali nu pandeuri,
nu baris ngawaris rizki,
pamuka lawang ti heula,
pangmukakeun bagja rasa,
Pangawasa ti Nu Kawasa.
Ti luhur ti Kanjeng Nabi Adam,
lalangit nu jadi konci
Ti handap ti Babu Hawa,
bagja hawa rasa hawa dunya ti Nu
Kawasa.
Anu nyepeng angen-angen Syeh Aulia
Abdul Kodir Jaelani
Umar, Usman, Abu Bakar, Syeh Sayidina
Ali
Mangga nyanggakeun
Pun sapun
ka luhur ka Sang Rumuhun
ka Uwa Purwagalih
ka Guru Hyang Bayu
ka handap ka sang Batara,
ka Guru Putra Hyang Banga
punika Rajah pamunah,
paragi munah sagala,
munah lemah katut imah,
munah kayu katut batu,
munah cai katut diri,
munah raga banda
Ngahaturkeun sangu putih sapurulukaneun
ka Sang Ratu Buliger Putih,
nu calik di hulu pasir,
Sang Ratu Jelegong Putih,
Nu calik di luhur lebak,
Ka Sang Ratu umuruk Putih,
Nu calik di dasar cai,
“Isun Rajah pamunah”
Pun sapun
ka raja Pakuan
nu calik di Gunung Padang kulon
ka Perbu Ratu Galuhheula
ka Uwa Buyut Murugul Mantri Agung
nu tanpa di jero gunung
Perbu Susuk Tunggal
tutunan ti suku Gunung Gumuruh
jalaran ka Kawungpandak
terusna ka Bututulis
dongkapna ka Pajajaran
dina bulan Mulud tanggal pingpat,
seja rek mancacakakieun,
palias mun rek mangmantunkeun,
nutur aturan karuhun,
nu nangkes Pajajaran
waktu keur ngadegkeun Pajajaran,
Poena poe Salasa,nampian ka Cilohana,
Nampian ka Cilohani,
Waktu nyusuk lemah kadampa
waktu nyusuk lemah kadampi
waktu nyusuk Cihaliwung
ngawer-ngawer Cisadane,
Cihaliwung nunjang ngidul
Cisadane nunjang ngaler
caina kiruh ti hilir,
di tengah canembrang herang
Pamuruyan Gajah puth,
tempat malim Cihaliwung
kuring rek ngembangkeun lampah urang
baheula
dina taun Alif.
Ambuing Rajah pamunah,
Aki ing Rajah pamunah,
Sang Kala Wisesa,
rat jagat wawayangan,
tes ngagenclang titisan kai amarah,
Oray laki Barahma pulang ka Kidul,
Oray Barahma metu datAng ti Kulpn,
mugia pulang ka Kulon,
Oray Barahma ti Kaler pulang ka Kaler,
ti Wetan pulang ka Wetan,
Sang Ratu Ulang-aling ka luhur,
pamungkas Raja pamunah
Aruncang rincing runcang kundang,
dikandung dibawa leumpang,
ungkut-ungkut baringangkut,
carang-carang, carang disada,
pangirimkeun bungkus aing,
penteu kosong-kosong teuing,
omat eusina muncang jeung ketan,
mangka lanjung ka indungna,
mangka edan ka bapana,
mangka pareng ka anakna.
Bismillahirohmanirrohim,
pangabaran kaula Prabu Taji Malela,
anu hurung tanpa perlu,
anu herang tanpa lenggang,
Sri Banteng wadya kala surat sisiran,
biasa pangawasa pada Allah,
satangkub ning langit,
satangkaran ning qolbu,
pada welas pada asih,
nya kaula putra Muhammad bungsuna the
(Bagbagan
Pustaka)
Pancuran talaga sukma
ditandean jolang emas
ingsun arep adus,
kembang wijaya kusumah
teguh ayu laksana
banyu hurip nyuci ing jasmani
Jangjawokan mantra dianggona upami bade milampah hiji padamelan.
Anu dipalarsupados pinunjul hasilna kalayan teu lepat midamelna,
Hong citra kasunyian,
hong citra kasundulan,
jleg bumi,
jleg langit,
jleg manusa,
jleg sétan,
manusa wisésa,
sétan sampurna,
sampurna kersaning Alloh,
ashadu alla ilaha illalloh,
waashadu anna Muhammadar Rosululloh.
Ramo sapuluh jadi ramo salapan
ramo salapan jadi ramo dalapan
ramo dalapan jadi ramo tujuh
ramo tujuh jadi ramo genep
ramo genep jadi ramo lima
ramo lima jadi oat,
ramo oat jadi tilu
ramo dua jadi hiji,
pohaci!
Sing jadi hiji
(Bagbagan Puisi Mantra Sunda, kaca 59)
SINGLAR
Singlar téh mantra anu dianggo kanggo nyinglar
jurig, kuntilanak, lelembut, musuh, sasatoan, sareng hama anu
ngaganggu ka manusa.
Bismillahirrohmannirrohim
Kulhu sungsang walang sangi
walang geni walang cakra, panghalang
bahla
lam yalid panyinglar iblis
lam yulad panyinglar sétan
lam yalid nyingkirkeun iblis
lam yulad nyinglarkeun sétan
nyinglar bahla nu ti wétan, ti kalér,
ti kidul jeung ti kulon
kulhu nyingkirkeun balai
Lailahailalloh Muhammad Rosululloh.
SINGLAR KA MUSUH
Curulung cai ti manggung
barabat ti awang-awang
cai tiis tanpa bisi
mun deuk nyatru ka si itu
mun deuk haiang ka si eta
Bismillahirrohmannirrohim
Usoli hurip maring Allah
Nawaétu maring Gusti
awaking ménta dijaring
solli Allah panyinglar wisaya
pangjurungkeun ku puji Gusti
nyingkir iblis, nyingkah sétan
kaula anu baris jaya
jaya rasa, jaya sukma
jaya pangabisa kaula
guruku ka Allah
Alloh hummasoli Allah
Muhammad binti Fatimah
palias keuna ku awad
anu hiri anu dengki
anu jail kaniaya
jig bawa............ ku sia
aing mah palias istan
aing mah palias istan
aing mah palias istan
Paparikan nyandak tina kecap Parik
atanapi Caket, maksadna cangkang sareng eusi
caket dihartoskunana:
Conto :
Kapinis ulahdisumpit
Tangkal muncang ngarang-rangan
Nu geulis kuring rek pamit,
Du’akeun ti kaanggangan
Tunggilis di Kalipucang
Mawa bogo ka Ciela
Nglauengisbogoh nogencang
Ari bogoh tibahela
Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono manjang
Sono pateupang di jalan
Kasur jangkung bantal panjang
Nya bogoh dikacaikeun
Anu jangkung kuring meulang
Nya bogoh urang jadikeun
Ka Tawang guening ka Tawang
Ka Tawang ka Lengkongsari
Kasawang geuning kasawang
Bakal langkung dinyeunyeri
Katojo ku panonpoe
Ditiungan daun pandan
Laljo ninggang di sue
Diciuman kunu edan
Katumbiri di Cigeulis
Ti Citeureup ka Cimanis
Kaciri seuri nu geulis
Diteuteup teh beuki manis
Ka Bayongbong Sukahurip
Jalana ka Cirupan
Abong-abong kanu laip
Ngahina teh bebeakan
Ka Cibago Langensari
Daun jati dilulunan
Kuring bogoh kanu seuri
Sugan jadi lamunan
Sapanjang jalan Soreang
Moal weleh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal weleh diakalan
Sapanjang can diaspalan
Moal weleh diguratan
Sapanjang can dirapalan
Moal weleh diakalan
Hampelas raraga jati,
Palataran babalean,
Ikhlas raga saerung pati,
Ngabelaan kasaean.
Mawa peuti dina sundung,
Ditumpangan ku karanjang,
Pangarti teu berat nanggung,
Tapi mangfaatna manjang.
Lauk emas ngakan ganggeung,
Disamberan ku japati,
Boga emas moal langgeng,
Teu cara boga pangarti.
Trang-trang kolentrang
Silondok paeh nundutan
Mesat gobang kabuyutan
Tikusruk kana durukan
Ayang-ayang gung
Gung goongna rame Menak Ki Wastanu
Nu jadi Wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos kanjeung
Dalem Lempa-lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ba Batawi ngemplong
Jaleuleu ja
Tulak tujaeman gog Seureuh kolot bug
Ucing katinggang songsong
Ngek !
Eundeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini Beunang deui ku aki
Eundeuk-eundeukan cangkuang
Bale Bandung paseban
Meunang peucang pa
Ujang Leupas deui ku akang
Pat lapat, pat lapat,
Pat lapat katinggalan,
Masih teubih keneh pisan,
Layarna bodas nyengcelak,
Kasurung kaombak-ombak.
Ucang-ucang angge,
Mulung muncang ka papangge,
Di gogog ku anjing gede,
Anjing gede nu mang lebe,
Anjing leutik nu ki Santri,
Ari gog, gog cungungung
Prangpring-prangpring,
Salumpang salamping,
Sabulu-bulu gading,
Si gading ka sunda perang,
Pur kuntul engkang-engkang,
Salewek sadugel cindel.
Ayun ambing, ayun ambing,
Ayun ambing lila nyaring,
Mana nyaring ku disanding.
Ayun ambing, ayun ambing,
Ayun puntang lila hudang,
Mana hudang ku disorang.
Ayun ambing, ayun ambing,
Di ayun-ayun ku samping,
Rerep hidep lila nyaring
siueh’
Siueh’
Manuk kaditu ka dayeuh,
Didieu moal bisa seubeuh,
Da aya anu ngagegeuh,
siueh’
Siueh’
Manuk ulah arek datang,
Bisi nyorang kana regang,
Kudu nyingkah maka anggang,
Di dieu aya pangilang.
siueh’
Siueh’
Manuk ulah arek ganggu,
Da aing anu keur tunggu,
siueh’
Siueh’
Wawangsalan
awit kecap wangsal anu hartosna wangsul.
Wawangsalan
teh mangrupi sastra anu paling sae, kumargi kanggo mendak hartosna urang kedah
neguh naon kecap anu loyog antawis cangkang sareung isi anu didugikeun.
Belut
sisit saba darat, kapiraray unggal weungi
-
Oray -
Teu
beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut
-
Simeut -
Teu
beunang di rangkong kolong, teu beunang dipikahayang
-
Hayam -
Gedong
ngambang tengah laut, ulah kapalang ngabela
-
Kapal -
Teu
beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun
-
Kejo-
Beulit
cingir simpay tangan, ulah lali ka sim abdi
-
A l i-
Nyiruan
genteng cangkegna, masing mindeng pulang anting-anting
-
Papanting -
Teu
puguh monyet hideungna, teu puguh tungtungna
-
Lutung-
Kendang
gede pakauman, dag dig dug rasaning ati
-
bedug -
Mega
beureum surupna geus burit, ngalanglayung panas pikiran
-
Layung -
Hayam
rintit nonggeng ka langit, panas tiungkeun
-
Ganas -
Tepi
ka kelor hejona, tepi ka antukna
-
Katuk -
WAWANGSALAN
Sajak
SALIRA
Nya ti mana asal ira ?
Asal ti Mandala Jati,
Asal ti Mandala jat,
Jat ajawajala
Ti nu kagungan hirup !
Cahaya anu dumeling
Patarema kana soca
Ngalangkang jadi sawangan
Tinu kasep kanu geulis
Paamprok dina kaasih ………...
Asih indung, Asih Bapa
Nurunkeun cai katresnan
Cai gugur ka Talaga
Talaga nu dibabawa
Di dinya ………..
Nganci wanci, nunggu waktu …….
mindah mangsa
Geus cunduk kana waktuna
Metu ti lawang ping pitu
Medal ti lawang ping sanga
Moteng ti lawang saketeng
Gumelar ka alam lahir
Ngababakan jadi darma
Nya salira tea ……………
Sajak
SALIRA
Nya ti mana asal ira ?
Asal ti Mandala Jati,
Asal ti Mandala jat,
Jat ajawajala
Ti nu kagungan hirup !
Cahaya anu dumeling
Patarema kana soca
Ngalangkang jadi sawangan
Tinu kasep kanu geulis
Paamprok dina kaasih ………...
Asih indung, Asih Bapa
Nurunkeun cai katresnan
Cai gugur ka Talaga
Talaga nu dibabawa
Di dinya ………..
Nganci wanci, nunggu waktu …….
mindah mangsa
Geus cunduk kana waktuna
Metu ti lawang ping pitu
Medal ti lawang ping sanga
Moteng ti lawang saketeng
Gumelar ka alam lahir
Ngababakan jadi darma
Nya salira tea ……………
0 Response to "KANDAGA BUDAYA SUNDA : SAJAK / PUISI Ku : Mas Gunawan Waluyo (Alm)"
Posting Komentar