KAMANDANG BOLOSTRONG TUMALI SENI TRADISI SUNDA
S
|
aupami salaku urang Sunda pituin atuh
masarakat luar (anu dimaksad sanès pituin urang Sunda) anu nganjrek di tatar
Sunda nanging sakedikna resep kana seni sareng budaya Sunda, bèh dituna nolih
komo ngèmutan pasualan seni tradisi Sunda, kanggo saheulaanan sapertosna
tiasa sedih, prihatin, tiasa janten ogè ambek, ah pokona bakal mancawura èmutan
sareng hatè urang, anu cindekna tiasa pro and kontra kana kaayaan zaman kiwari.
Naha kitu? Kieu alesanana:
1) Katawisna seni Tradisi Sunda kirang
perhatosan ti pihak pamarèntah, contona seueur seni tradisi Sunda anu kirang
dimumulè komo dimekarkeun, alesanana teu payu dijual, teu aya waragadna kumargi
dicorètan kagiatan ogè anggarana ku Oknum Eksekutif sareng Oknum Legislatif.
Rajeun dina ayana mung saukur cèrèmonial anu sifatna
kaperyogian sahèab atanapi gebrag tumbila.
2) Tiasa janten ku pangaruh akulturasi seni turta budaya
deungeun anu pangayakna (filter) kirang dièmutan, nya antukna kènging ku
paribasa Jati ka silih ku Junti. Palangsiang ka payun, masarakat Sunda
janten sakedik anu masih kènèh mikaresep ogè mikacinta kana seni Tradisi Sunda,
komo marurangkalih sakola, malih tiasa janten beh dituna marurangkalih sakola
lebeng oge poèkeun teu uninga naon wae contona ari seni tradisi tèh?.
3) Katawisna aya oknum jalmi anu sok ngaku-ngaku seniman
atanapi budayawan Sunda anu ngaraos merjuangkeun oge ngagarap seni tradisi
Sunda, padahal katawisna pupulasan, mung ukur kanggo kaperyogian karier jabatan, kauntungan
pribadi, kelompok, pulitik
4) Pikeun kaperyogian gengsi pribadi bakat ku sieun teu
diaku seniman atawa budayawan, nya oknum ngagunakeun rèka perdaya, tipu
muslihat nepi ka ngèlèbètkeun bandèra sèwang-sèwangan ogè nepak dada yeuh
kuring tèh seniman ogè budayawan anu cinta seni tradisi Sunda.
5) Saur cenah ogè bèja, urusan seni sareng budaya dianggap
paling nguntungkeun pikeun ngahontal cita-cita, utami cita-cita pulitik, karièr
jabatan para oknum. Naha enya kitu?
6) Seni sareng budaya Sunda ku para oknum sok rajeun
dijantenkeun alat pikeun ngadudomba/manajemen konplik.
7) Dina enyana ogè, saupami aya kènèh jalmi anu mikaresep,
mikacinta turta ngamumulè seni Tradisi Sunda, nanging katawisna kirang aya anu
nolih kumargi panginten dianggap teu nguntungkeun ogè sanès baladns.
8) Teu seueur jalmi anu jeneng ogè janten pejabat anu
kagungan wawanèn kanggo ngamangfaatkeun jabatan sareng kakuasaanana, komo
wantun marèntahkeun oge nerapkeun seni tradisi Sunda di
TK/SD/SMP/SMA/SMK/Dikti.
9) Aya hiji-hijieun oknum pejabat anu kasatukangna tina
seni oge budaya Sunda, eeehhh malih jongjon dina padamelanana, teu pisan nolih,
ngaideuan komo ngadamel program ngeunaan seni atanapi budaya Sunda mah, _sapertosna_cul
dogdog tinggal igel.
Pisanggem Pangersa Bapa Cècè Padmanagara sareng Pangersa
Bapa Dudi Singadilaga salaku politisi Sunda sareng Pangersa Bapa Hidayat
Suryalaga, Pangersa Bapa Wahyu Wibisana, Pangersa Bapa Koko Koswara, Pangersa
Bapa Daeng Sutigna, Pangersa Bapa Ujo ngalagena, Pangersa Bapa Dana Setia,
Pangersa Bapa Nano S salaku seniman oge budayawan Sunda: _*Saupami seni sareng
budaya Sunda hoyong majeng turta nanjung, nya urang Sunda na sorangan kedah
Ajeg, Panceg jeung Jejeg. Tong galideur komo teu istiqomah". Hèhèhèh...
Alhamdulillah.... sanaos kumaha waè oge, tètèla geuning
aya kènèh pangagung-pangagung katut seniman budayawan Sunda anu masih
komitemen, konsisten ogè konsèkuèn dina Seni Tradisi Sunda, sanaos jalmi-jalmi
na alim diekspos komo digembor-gembor, kecapna bisi pajarkeun sombong cenah
Sakitu kamandang bolostrong ti sim kuring ngeunaan Seni
Budaya Sunda, sanaos sakedik ogè sahèab, mugia aya mangfaatna kalayan janten barokah
malah mandar seni sareng budaya Sunda tetep nanjung binarung karaharjaan.
Aamiin.
Panutup catur, pamungkas carita, neda hapunten samudaya
kalepatan ka sadayana, bilih aya basa anu teu katata, aya catur anu teu
kaukur. Bobo sapanon, carang sapakan!. Cag!
(Kang Ade S)
0 Response to "KAMANDANG BOLOSTRONG TUMALI SENI TRADISI SUNDA"
Posting Komentar