Galura, Édisi I Maret 2019, Kolom : Seni - KANDAGA BUDAYA SUNDA - Seni Dokjring Karancagéan Urang Purwakarta
Seni Dokjring
Karancagéan Urang
Purwakarta
Keterangan Poto : Seni Dokjring keur magelar di Purwakarta.*
A
|
YA
hiji kasenian nu unik di Purwakarta, Seni
Dokjring. Dokjring téh hasil karya Abah Otong Syamsudin (suwargi) taun 2012.
Seni dokjring hasil karancagéan
kiwari, kailhaman ku seni-seni nu geus aya kiwari, diolah dinamis, dikawinkeun,
nepi ka ngajanggélék seni anyar. Nu leuwih penting deui, seni dokjring lahir
tina kondisi sosial masarakat jeung pamaréntahan nu ngadukung kana ngamalirna
kréativitas seniman. Seni Dokjring medal dina mangsa Purwakarta dipingpin ku
Bupati Dedi Mulyadi, nu boga perhatian gedé kana seni tradisi Sunda. “Bupati
salawasna peupeujeuh dina saban gempungan, yén manusa téh kudu boga karakter. Karakter
manusa nu baris nangtukeun maju henteuna hiji bangsa,” ceuk Bah Otong hiji
waktu ka Galura.
Seni dokjring wancahan tina “kedok”
jeung “genjring”. Kedokna aya 20 rupa, ngarepsentasikeun karakter manusa, ngan
initina aya dua: karakter alus jeung goréng. Bahanna tina kai lamé diukir tuluy
dipulas dihadé-hadé, sarta dibuukan.
“Kedok nu rupa-rupa téh bakal
dihartikeun béda-béda ku nu lalajo. Atawa bisa waé aya nu ngahartikeun
sakarepna. Sah-sah waé. Tapi sangkan pamadegan jalama ana karakter kedok téh
ngahiji, maka kudu dibeungkeut ku pirigan. Pikeun mirigna Abah milih genjring,”
ceuk Bah Otong deui.
Dipilihna seni genjring ogé boga
filosofi nu hadé, genjring téh waditra atawa seni nu hirup di lingkungan
pasantrén. Genjring dijieunna tina kai jeung kulit, kulit téh pamungkus,
pamageuh, atawa pameungeut mahluk hirup, sangkan jadi hirup.
“Cindekna mah seni dokjring
dijieun pikeun ngamalirkeun ékpresi kamanusaan, ékpresi tina pasipatan manusa
nu béda-béda dihijikeun ku pirigan. Udagan utama ieu kasenian téh pikeun
ngahijikeun umat dina nagara kesatuan. Urang Indonésia ulah paburencay, kudu
guyub, ngahiji, kudu sahaté,” pokna deui.
Seni dokjring téh wangunna seni
helaran, nu dipagelarkeun di buruan, dipaénkeun ku sababaraha urang seniman,
bisa di pakalangan atawa jalan. Nu lalajo bisa milu aub dina pintonan, cindekna
antara nu maraén jeung nu lalajo taya jarak nu nenggang, kaharti saupama ieu
seni dipikaresep ku masarakkat. Saban tokoh nu karakterna kagambar dina kedok,
ngibingna béda-béda, aya nu lemes aya nu kasar. Nu lalajo, komo barudak, remen
milu aub kana abringan, milu ngibing bari lalaguan.
Seni dokjring remen dipagelarkeun
di nu hajatan sunatan, helaran kampung, atawa karyawan agustusan.
Nurutkeun Seniman Purwakarta, Adé
Suryadin, seni nu geus dijieun ku Bah Otong téh kudu dipiara, dimumulé,
dimekarkeun. “Carana nyaéta kudu remen dipintonkeun. Dokjring kudu dirojong ku
seiman, masarakat, jeung pamaréntah,” pokna.
Lain deui ceuk Dasuki, seni
dokjring kudu diwariskeun ka barudak ayeuna ngarah barudak jadi wanoh kana seni
tradisi.*** Anto Sukanto.
0 Response to "Galura, Édisi I Maret 2019, Kolom : Seni - KANDAGA BUDAYA SUNDA - Seni Dokjring Karancagéan Urang Purwakarta"
Posting Komentar