CARBUNG CINTA Bagean ka-5 - "KABELEJOG ASIH" YASANA ERNI WARDHANI
(Bagean ka-5)
Ku: Erni Wardhani
"Robi..." solongkrong borondong tèh nyolongkrongkeun
leungeunna ngajak sasalaman bari unggeuk sopan.
"Bu
Sofia." tembal kuring.
Ngahaja maké
kecap "Bu", ngarah aya wibawa hareupeun manèhna.
Gek kuring diuk hareupeun Robi. Néng Sari gigireunnana. Teu pati rapet teuing,
sih, ngan angger gèstur awakna aya kadeukeutan husus. Leungeun Robi jeung
leungeun Néng Sari paantel luhureun meja. Kuring teu loba omong. Geus api-api
nyo'o henpon deui waè.
Iseng
ningalian status salaki na WA. Angger, teu ubah tibaheula.
Sofia
forever.
Kuring
ngarènghap napas. Ngemplong ogé. Sahenteuna ngaran kuring tara diganti-ganti. Cukup
sakitu gè heula anan.
Sora Néng
Sari kadangu meni manja. Si Robi bangun nu heueuh perhatian. Sedot, manéhna
nyedot roko mani anteb pisan. Leungeun katuhuna nyepengan korsi anu didiukan Néng
Sari. Awak Néng Sari rada nyangigir, nyanghareup Si Robi. Panon maranèhannana
remen paamprok. Kaciri aya geter-geter. Biasa anu keur kaawuran ècèng.
Palayan nyampeurkeun meja, tuluy nanya rèk pesen naon. Kuring
milih nasi timbel komplit. Néng Sari nurutan. Robi ogè. Sugan ari ngahabek
timbel mah, teu sareukseuk teuing ningali pemandangan hareupeun.
Enya kasèp si
Robi tèh, tapi bangunna tukang ngamangpaatkeun ibu-ibu anu kesepian. Tapi
teuing kètang. Kuring anteng ngilikan pameunteu si Robi.
"
Mangga, Bu... ieu pesenannana... timbel komplit tilu, es tèh manis 3," ceuk
palayan daria.
Geuwat kuring
nyokot timbel bagéan, tuluy anu dua disodorkeun ka hareupeun Néng Sari, sangkan
geura didalahar. Hareudang ogè jadi kambing congè tèh ning.
Bener wè, Néng Sari jeung Si Robi langsung nampanan. Si Robi cecelebekan.
Teuing ngeunah, tapi bangunna mah lapar. Daharna gancang pisan. Kuring mah,
biasa wé, tapi kurang dirasa. Maklum asa tara biasa nganteur anu keur
ngembangkeun tali katrèsna.
Bèrès dahar,
kuring nga WA Néng Sari, sangkan tong lila teuing, api-apina, si Papah geus
nitah balik. Néng Sari nyanggupan. Samèmèh balik manèhna haharèwosan ka si
Robi. Si Robi pamit. Kuring ukur unggeuk.
"Saha, Néng...
cidaha, sanès... mani siga Si Chico Jèricho?” kuring mancing, api api nyarita
semu kagum.
"Hahahahhah,
biasa tèh tamba kesel. Bageur, perhatian.... teu cara suami, ning."
tembalna. Panonna anu cureuleuk jadi semu alum.
Tah... tah...
gening. Enya wè kabogohna. Sedil ngadanguna gè.
"Kumaha
mun kapendak ku Pa Irfan, Néng?"
"Ah,
moal tèh, da ayeuna mah Insyaallah rèkèp." tembalna tiis.
Beu... èta
kecap Insyaallah, dipakè jang ngarèkèpan nu kitu patut... hartina, samèmèh
ayeuna, manèhna kungsi atuh ari nyebut kitu mah. Kuring can bisa loba omong.
Ukur bisa ngusap dada na jero hatè, nepi ka nepi hareupeun imah.
Waktu asup ka
imah, kuring teu manggihan si Papah di ruang hareup. Bari nguculkeun kurudung,
kuring ulak ilik ka na kasur. Tètèla, euweuh. Belewer ciput jeung kurudung
dibelewerkeun kana karanjang héjo, handapeun kaca tiolèt. Panasaran ogè,
tèrèkèl kuring ka lotèng. Tangtu si Papah keur aya di ruang gawèna. Ruang
komputer anu ngahaja diteundeun di lotèng, ngahiji jeung buku buku anu
ngabubrug, can kaburu dibèrèsan. Horèam.
Bener wè, kasampak si Papah kasarèan hareupeun komputerna.
Leungeunna sidakep dijadikeun bantal. Bangun tibra. Baku ari geus nulis carita
tèh, sok kitu si Papah mah. Sok kamalinaan. Kuring inisiatip rèk mareuman
komputer. Teu ngahaja, kabaca tulisan na komputer, ngeunaan diri kuring.
Sofia
Forever.
Ngajeblag
badag, maké font ukuran 16. Judul tulisan téh. Kuring seuri leutik. Bari atoh.
Geningan kuring masih kènèh dipikacinta ku salaki. Panasaran, kursor di
kahandapkeun. Lalaunan da sieun matak si Papah hudang.
Gebeg.
Naon anu aya
dina pikiran, èstuning jadi mawur. Awur-awuran. Kamana mendi. Hatè ngadadak
lumpuh layu, pas maca paragraf kahiji. Paragraf anu matak leuleus satulang
sandi. Asa kahina kanu jadi awèwè. Kuring istigfar na jero haté, nguat-nguat
manéh ngarah teu nambru.
...
Hanca
Mna bagean nu ka 6 ☺️
BalasHapusKabelejog Asih. Carnyam anu pipanasaraneun. Hanjakal bageqn 6 plus salajengna can aya.
BalasHapusDuh, punten ti penulisna teu acan masihan deui. Hatur nuhun atensina.
Hapus