BENTANG TAMU : Purwakarta Zona Merah dina Pasualan “STUNTING”
Purwakarta Zona Merah dina
Pasualan “STUNTING”
“Pikeun
ngaantipasi angka STUNTING zona merah di Purwakarta, pihak DPC Persagi
ngayakeun kagiatan Lomba Bekal Sehat dan Edukasi Gizi ka unggal sakola. Ngan
sakola dilingkungan Ponpes can kageroh, alatan kakirangan waragad.”
Warta Sunda Online,
MASIH
dina raraga Hari Gizi Nasional Ke-59 Tahun 2019 Dewan Pimpinan Cabang (DPC)
Persatuan Ahli Gizi (Persagi) Kabupatén Purwakarta geus magelareun kagiatan di
SDN Pasawahan Kidul, Kacamatan Pasawahan Kabupatén Purwakarta, Poé Salasa (11
Maret 2019). Samalah, salahsahiji program kagiatanna ngeunaan Lomba Bekal Sehat
dan Edukasi Gizi nu jéjérna nitenan peserta didik dina mawa bekel ka sakola nu bergizi.
Dina hal ieu mah, 10 (sapuluh)
urang tim Persagi turun langsung pikeun nyaksenan sakola nu ditunjuk salaku
Sekolah Sehat nu dibarengan Perwakilan Tim PKK Kabupatén Purwakarta.
Dina uar pangajak Ketua DPC Persagi Kabupatén Purwakarta,
Ahmad Yani, S.Gz., M.KM., RD. Ka Warta Sunda Online ngabejerbéaskeun tujuanna. Pikeun ngaantisipasi Tumbuh kembang anak dan Penanggulangan STUNTING (gagal tumbuh) nyaéta
asupan makanan gizi yang tidak sehat, sarta
mengkomsumsi air bersih.
“Keur mah di Kabupatén
Purwakarta, angka stunting nunjukeun kirang langkung kana 7 pérsén nu rata umur
budak antara 2 taun nepi ka 5 taunna. Ku kituna, ieu salah sahijina tarékah
jeung patéah Persagi dina mantau langsung ka perwakilan sakola di Kabupatén
Purwakarta, salah sahijina di SDN Pasawahan Kidul,” pokna Ahmad Yani.
Kajaba ti ngayakeun pencerahan ka
para peserta didik ogé, masihan kaélmuan ka guru-guru di SDN Pasawahan Kidul,
dina pentingna merhatikeun kadaharan anu bergizi
tur sehat. Pon kitu deui, pihakna gawé bareng jeung perwakilan Tim PKK
ngayakeun Lomba Bekal Sehat dan Edukasi Gizi.
Pihakna mairan pamilon peserta
didik nu dibarengan ku orangtuana sewang-sewangan, dimana dina mawa bekel ka
sakolana téh, dipairan tur dipeunteun mana-mana waé pamilon nu mawa bekel anu
bergizi tur sehat.
Lian ti éta, para peserta didik
SDN Pasawahan Kidul diwanohkeun kadaharan anu sehat tur bergizi nu dipandu
langsung ku Tim Persagi. “Malah mandar barudakna ogé dipasihan bolpoint
minangka uar pangajak Persagi ka barudak ti kelas hiji nepi ka kelas genep,
dina raraga keur ngamotivasian barudak neda katuangan anu sehat tur bergizi,”
pokna Ketua Persagi.
Ahmad Yani, nambahkeun yén
pihakna bisa ngayakeun kagiatan nu saperti kitu téh, inyana saparakanca iuran
pikeun nyukseskeun kagiatan ngungkulan angka stunting di Purwakarta, anapon
kitu dibantu ku pihak Rumah Sakit, klinik jeung institusi pendidikan nu aya
pakuat-pakait kana ahli gizi.
Sedengkeun angka stunting di Jawa
Barat nunjukeun kana 30 pérsén, ku kituna ieu téh tong nepi ka di Purwakarta
ngaleuwihan angka 7 pérsénan. “Nya, ku cara sosialisasi ka warga atikan. Ngan
keur dilingkungan pondok pesantrén nepi ka kiwari can kageroh alatan di
organisasi taya waragad pikeun nyosialisasikeunana,” pokna.
Dirina miharep ka pihak
pamaréntah daérah sangkan milu aub dina masihan anggaran pikeun ngungkulan angka
stunting di Purwakarta leuwih handap. “Da, pasualan nu saperti kitu téh perlu
gawé bareng sareng nu mibanda kawijakan saperti halna Pamaréntah Daérah,”
pokna.*** Anto Sukanto.
Keterangan
Poto : Ketua DPC Persagi Kabupatén Purwakarta, Ahmad Yani, S.Gz.,M.KM.,ARD
0 Response to "BENTANG TAMU : Purwakarta Zona Merah dina Pasualan “STUNTING”"
Posting Komentar