WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI TEGALWARU - Bédana Kagiatan di Tegalwaru Gebyar Lomba-Lomba Téh ngan Ukur Sapoé Lumangsung


Bédana Kagiatan di Tegalwaru
Gebyar Lomba-Lomba Téh ngan Ukur Sapoé Lumangsung
TEGALWARU – Warta Sunda Onliné,
G
EBYAR kakompakan saniskara kagiatan di Tegalwaru, teu leupas tina partisipasi staké holdér. Poma guru tina cabang-cabang saperti halna Guru Widang Kasenian, Guru Widang Olahraga, Guru Widang Keagamaan, Guru Widang Basa Sunda, pon kitu deui guru-guru nu sanésna nu milu aub pikeun nyukseskeun saniskara kagiatan nu dipuseurkeun di SDN 1 jeung SDN 2 Citalang Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta.
“Ngan, saméméhna para peserta didik nu kalebet janten pamilonna téh diabenkeun heula antar Gugus, ti mimiti Gusus I nepi ka Gugus III,” pokna Waluya, S.Pd (Ketua K3S) Kecamatan Tegalwaru nalika saméméh acara dibuka ka Warta Sunda Onliné ngawangkong disakolana Rébo (30/1).
“Jadi di Kecamatan Tegalwaru mah, taun ayeuna béda jeung taun-taun katukang, yén para pamilonna atanapi lomba-lombana téh diabenkeun di unggal gugus, nilik tina cuaca anu teu menentu. Kulantaran hujan waé unggal poé nya nepika antar gugus heula diabenkeun téh,” Pokna Ketua Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S) SD Kecamatan Tegalwaru.
Sedengkeun dina poéan Kemis (31/1), Kagiatan nu aya dina Téma : “Membangun Generasi Tangguh yang kréatif, cerdas dan bertaqwa”. Acara dibuka ku pihak Kepala UPTD Pendidikan Kecamatan Tegalwaru, H. Judin, S.Pd, M.Pd.
Dina biantarana, H. Judin, negeskeun yén ka para pamilon jungjungtinggi sportifitas dina ieu kagiatan, malah mah témbongkeun rasa solidaritas antar pamilon. “Da, ieu kagiatan téh ngarupakeun ajang tali silaturahmi papada sakola nu aya dina beungkeutan gugus,” pokna H. Judin.
Kitu deui, kamari para peserta didik geus tepung di gugusna sewang-sewangan, ari ayeuna tandang antara Gugus I, II katut Gugus III. Nya, nu tadina wawakil per gugus téh, tandang pikeun mapag lomba kagiatan di tingkat Kabupatén nu baris lumangsung,” pokna.
Ku kituna dipiharep duta-duta keur tandang ka tingkat kabupatén téh, ari harepan mah unggal widang tiasa kahontal jadi juara.
Lain deui nu kasauran Ketua Panitia, Salim, S.Pd, pihakna ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para kepala sekolah nu parantos milu nyukseskeun ieu kagiatan kalayan acarana lancar tur aman. Kagiatan nu lumangsung téh diantarana Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN), Olimpiadé Sains Nasional (OSN), Olahraga Tradisional (OLTRAD), Festival dan Lomba Seni Siswa Nasional (FLS2N), Festival dan Lomba Literasi Nasional (FL2N), jeung Sirung Sunda Pinilih sarta Sapta Lomba PAI  satatar Kacamatan Tegalwaru.
“Kagiatan ieu téh lumangsung ngan ukur sapoé nyaéta ping 31 Januari 2010, malahan lumangsung dugika jam 12.00 WIB beresna,” pokna Salim.
Dina kasempetan éta ogé, wawakil pembimbing Guru Aang, nu tadina kamelang téh ayeuna bungah pisan. Kamelang na éta téh, nyaéta pas dina poéan kagiatan bisi hujan, tapi cuacana cerah. Da saméméhna unggal dinten hujan waé. Kukituna sujud sukur ka Alloh SWT, kagiatan nu saperti kitu téh lumangsung aman jeung lancar.***

Panitia keur pakepuk nempelan stiker piala luyu sareng Widang lomba (30/1)
Tembong dia gambar Ade Silihin sareg Agus Supriatna.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI TEGALWARU - Bédana Kagiatan di Tegalwaru Gebyar Lomba-Lomba Téh ngan Ukur Sapoé Lumangsung"

Posting Komentar