WARTA TI BANDUNG - GOES MAPAY JALAN HIGHWAY PAJAJARAN
GOES MAPAY
JALAN HIGHWAY PAJAJARAN
BANDUNG – Warta Sunda Onliné,
G
|
ara-garana mah tina sapédah Kang Bambang "Badil" Subarnas milu
mejeng dipotrét jeung Kang Farhan dina acara GURU JOIN di Teras Cikapundung,
Bandung. Diteruskeun kana ngawangkong ngalor-ngidul soal sajarah Tatar Sunda,
destinasi wisata di Jabar, fenomena goes, jeung sajabana.
Ti baheula cenah Kang Bambang jeung Jang Aép Amad
Senjaya hayang ngayakeun acara goes nasional mapay lacak lalampahan Bujangga
Manik. Ceuk uing téh asa renced, sabab kudu unggah gunung malipir pasir,
anu sulit disorangna ku ngaboseh sapédah. Mending mapay Jalan Highway Pajajaran
ti Kawali (Ciamis) nepi ka Batutulis (Bogor).
Jalan anu ngahubungkeun Karajaan
Galuh jeung Karajaan Sunda, baheula. Rutena: Kawali (Ciamis) - Talaga
(Majalengka) - Sumedang Kaler - Cisalak - Jalancagak - Sagalaherang (Subang) -
Wanayasa - Kembang Kuning - Cikao (Purwakarta) - Tanjungpura (Karawang) - Cibarusah
(Bekasi) - Batutulis (Bogor).
Sapuk baé, diagendakeun taun ieu. Mudah-mudahan sing
lungsur-langsar.
Urang Sunda ulah poho kana sajarahna sorangan. Kudu
mindeng diingetan ku cara kekinian. Bisa diwuwuhan ku acara séjén, anu
ngawanohkeun budaya lokalna di tempat anu kaliwatan. Jeung sajabana wé.
Istlah jalan "Highway Pajajaran" mimiti
diwanohkeun ku Pa Amir Sutaarga.***
(Budi R Tamsyah)
0 Response to "WARTA TI BANDUNG - GOES MAPAY JALAN HIGHWAY PAJAJARAN"
Posting Komentar