WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN - Ceuk Tedi Suryana : Kakara 7 Tropy nu Disangking ku SMPN 1 Tegalwaru Sedengkeun Targetna 30 Tropy


Ceuk Tedi Suryana :
Kakara 7 Tropy nu Disangking ku SMPN 1 Tegalwaru
Sedengkeun Targetna 30 Tropy


TEGALWARU - Warta Sunda Onliné,
P
RESTASI barudak dina widang ektrakurikuler téh mangaruhan kana minat peserta didik hususna dilingungan tingkat Sekolah Menengah Pertama (SMP). Saperti halna di SMPN 1 Tegalwaru dina Ekstra kurikulerna geus bisa berpréstasi di tingkat Jawa Barat ngaliwatan Lomba Scoot Competition SMA Kota Subang Jawa Barat ping 26 Januari 2019 nu kaliwat.
Préstasi éta téh, jadi kareureus keur sakola hususna para siswa nu resep kana kagiatan ekstrakurikuler. Kitu ceuk Tedi Suryana,  salahsaurang guru di SMPN 1 Tegalwaru nalika ngawangkong jeung Warta Sunda Onliné, Rébo (30/1).




Kepala SMPN 1 Tegalwaru, Iwan Angga, M.Pd

Lomba nu saperti kitu téh, ceuk Tedi (Wakasek Kesiswaan) nepika urutan ka 7 tina jumlah pamilon 40 sa-Jawa Barat. Malahan piala-pialana ogé diantarana genep mata lomba, Juara LKBT, Vionering, Prakarya, Scoot Idol sarta SMS (Smaphore Morse Sandi). Para siswa éta aya kana 40 urang nu ngagabung kana ekstrakurikuler Pramuka.



Lian ti éta, di SMPN 1 Tegalwaru kagiatan ektrakurikuler téh aya kana 11 Ekstrakurikuler, saperti diantarana Pramuka, PMR, Paskibra, Silat, Bola Voly jeung nu lainna. Ngan nu paling onjoy téh Paskibra, Pramuka jeung PMR. Nilik tina didikan disakola jeung para alumni-alumni mindeng ka sakola. Poma nepika milu aub dina ngokolakeun ektrakurikuler. Keur mah jumlah siswa aya kana 928 urang, nya siswa nu kana ektrakurikuler 50 % nan.
Kajaba ti éta, pihak sakola hoyong nargetkeun 30 tropy dina taun ajaran 2018/2019, ayeuna kakara kahontal 7 tropy. Pon kitu deui kiwari eur periapan keur tandang dina L3B ping 2 Maret 2019 Tegalwaru, Lomba PMR Se Jabar & DKI nu baris lumangsung di SMA 2 Subang ping 29 Fébruari 2019. Sarta di SMA Campaka Purwakarta ping 16 Fébruari 2019 dina Pramuka.
Dina kasempetan éta, Kepala SMPN 1 Tegalwaru, Iwan Angga, M.Pd ngarasa reueus yén para peserta didikna araktif dina kagaitan ekstrakurikuler nu dibantos ku para guru dina widangna masing-masing. “Mugia naon nu janten target pikeun nyangking 30 tropy téh sing tiasa kahontal,” pokna.


Lain deui ceuk opat urang wawakil siswa nu dibagéakeun ku Warta Sunda Onliné, pikeun masihan kamandangna ngeunaan kamajengan sakola hususna dina widang ekstrakurikuler ieu. Saperti halna Cép Ridwan Fébrian nu cita-cita hoyong janten Pilot, Néng Rina, Néng Siti Julaéha jeung Néng Ani nu tiluannana hoyong janten guru téh, ngarasa reueus sakola di SMPN 1 Tegalwaru, lantaran guru-guruna araktif nepika para siswa dipiwarang lebet kana kagiatan ektrakurikuler. Malihan nepika kenging juara tur ngarebut tropy.*** Anto Sukanto


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA ATIKAN - Ceuk Tedi Suryana : Kakara 7 Tropy nu Disangking ku SMPN 1 Tegalwaru Sedengkeun Targetna 30 Tropy"

Posting Komentar