WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA AGAMA TI SUKATANI - DUA MUBALIG UAR PANGAJAK NGAHIJIKEUN VISI MISI KAISLAMAN

DUA MUBALIG UAR PANGAJAK
NGAHIJIKEUN VISI MISI KAISLAMAN

Pintonan santri-santriwan ngalewatan Brigade Karuhun Ponpes As-Salaf Cianting Utara Sukatani

SUKATANI - Warta Sunda Online,
D
ina raraga Haolan ka - 11 pangemut-ngemut Pendiri Pondok Pesantrén As-Salaf nyatana K.H. Kandi Bin Safé’i (Alm) katut Ummi Suharroh Binti Jumhani (Alm), santri-santriwan Pondok Pesantrén As-Salaf Kp. Cilalawi RT.01/01 Désa Cianting Utara Kecamatan Sukatani Kabupatén Purwakarta. Poéan maleman Kemis (31/1-2019), ngagelar haolan.


Kepala Desa Cianting Utara Kecamatan Sukatani Purwakarta, Ali Nazarudin nalika biantara ngeunaan Santri-Santriwan nonoman nu kudu pondasina dina widang keagamaan*

Malah mandar, haolan éta téh para santri-santriwan némbongkeun unjuk kabisana ka tamu ondangan nu kalebet orang tua santri saperti halna hadiah ka Solawatan Berjama’ah, nadoman tur nu lainna. Kajaba ayana pintonan Brigadé Karuhun nu milu aub keur magelarna acara haolan kalayan aman tur lancar.
Saméméhna panatacalagara masihan kasempetan ka tiap santri-santriwan pintonkeun saniskara kaagamaan nu disebat paradé santri-santriwan. Réngsena pintonan paradé santri-santriwan dilajeng kana biantara ti Ketua Panitia nu ditepikeun ku Dudih.


Ketua Panatacalagara Kagiatan, Kang Dudih, ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para orangtua santri-santriwan Ponpes As-Salaf

Dina biantarana Kang Dudih, ngahaturkeun rewu-rewu nuhun kana atensi ti para orang tua santri-santriwan nu parantos nyumbangkeun tanaga sareng pikiran katut sodakohna. Mugia janten ladang amal keur urang saréréa di yaumil ahir. Pon kitu deui, ieu kagiatan téh ngulem mubalig Habib Faisaal Al-Zufri ti Pasir Angin Darangdan sareng K.H. Abul Qohar ti Sumedang. Dua mubalig éta pikeun masihan kaélmuan agama a urang saréréa.
Tina dua mubalig éta téh, masihan tausian nu intina urang salaku warga NKRI seueur rereged nu disanghareupan diantarana ngeunaan keagamaan jeung kebangsaan nu diantarana : UUD 45, PANCASILA, BHINNEKA TUNGGAL IKA NKRI, AQIDAH, SYARIAH jeung AHLAKUL KKARIMAH.  


Mubalig ti Pasirangin Darangdan, Habib Faisal Al-Jufri 

Dina kahirupan urang di Indonésia aya dua hal nu fundamental nyaéta keagamaan jeung kebangsaan
Urusan keagamaan aya tilu filar di umat Islam téh nyaéta aqidah, syariah, ahalkul qarimah. Tilu filar éta téh ayeuna terancam, kukituna urang kudu tumut kana ajaranna Rosululloh SAW.
Urusan Kebangsaan aya opat filar nyaéta UUD 45, PANCASILA, BHINNEKA TUNGGAL IKA jeung NKRI éta ogé ayeuna terancam. Padahal opat filar kebangsaan éta téh alpukahna ti para ulama harita jaman kemerdekaan, tapi ayeuna kumalasepa ku terancamna ku oknum-oknum. ***    
Mubalig ti Sumedang, K.H. Abdul Qohar LC

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA AGAMA TI SUKATANI - DUA MUBALIG UAR PANGAJAK NGAHIJIKEUN VISI MISI KAISLAMAN"

Posting Komentar