WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngajadijeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-  Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Purwakarta menggelar Konferensi untuk periode 2025–2028 di Ge...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Target Kecamatan Kiarapedes di Tingkat Kabupatén - Kasapukan Nargetkeun Sepak Bola jeung Hadang Jawara ka-1


Target Kecamatan Kiarapedes di Tingkat Kabupatén
Kasapukan Nargetkeun Sepak Bola jeung Hadang Jawara ka-1







KIARAPEDES – Warta Sunda Onliné,
L
APANG Paréang di mumunggang Désa Kiarapedes jadi carita keur Pihak Panatacalagara nu magelarkeun pembukaan kagiatan Pekan Kréatifitas Siswa Tingkat Kecamatan Kiarapedes Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat, Indonésia. Lantaran tempatna nu asri, tur éndah pamandanganana, keur mah alamna sejuk. Matak waas nu ngadon nongton éta kagiatan. Rék teu waas kumaha atuh? Da lapangna ogé diwatesan ku kebon éntéh tanah warga pon itu deui lahan Perhutani nu masih kénéh asli leuweungna. Ngan hanjakal pikeun ngadongdon éta lokasi jalanna masih tarahal, nilik tina ieu lahan jalanna masih kakawasaan Perhutani. Aya jalan ti masarakat, taneuhna laleueur, komo saméméhna acara kagiatan ieu téh tilas hujan wengina.

Dipilihna ieu tempat téh kasapukan rengrengan kepala sekolah katut KKG Olahraga, malah mandar acarana mareng jeung poé kesadaran nasional gawé bareng jeung pihak kecamatan. Ku kituna ieu kagiatan dibuka langsung ku Camat Kecamatan Kiarapedes, Asép Senjaya, M.Si anu tempatna dipuseurkeun di Lapang Sepak Bola Paréang Désa Kiarapedes, Kecamatan Kiarapedes, Kabupatén Purwakarta, poé Senen (18/2).
Dina biantarana Camat Kecamatan Kiarapedes, Asép Senjaya, M.Si, peupeujeuh ka para pamilon Pekan Kréatifitas Siswa, sangkan luyu sareng téma nyaéta : “Jungjung Tinggi Sportifitas, Solidaritas dan Kebersamaan.” Dina hal ieu mah, témbongkeun unjuk kabisana dina widangna masing-masing tur tiasa ngahasilkeun duta ti Kiarapedes pikeun nyangking préstasi di Tingkat Kabupatén Purwakarta.
Lain deui nu kasauran Pupuhu Panatacalagara Pekan Kréatifitas Siswa Tingkat Kecamatan Kiarapedes, Yayat Hidayat, S.Pd (Kepala SDN 1 Pusakamulya), dina laporanna teu loba carita, mung miharep ieu kagiatan pikeun tolak ukur para siswa dina nyanging préstasi. Poma mapag saniskara kagiatan di tingkat kabupatén tinggal sababaraha poé deui. “Malah kagiatan ieu téh ajang néang bakat lajuning engké dewasa. Sok témbongkeun pangabisana sewang-sewangan,” pokna Pa Yayat.
Inyana nambahkeun, acara nu saperti kitu téh diiluan ti 17 SD sa-Kecamatan Kiarapedes, 300 urang pamilon luyu sareng widangna masing-masing.  Acara lumangsing ti tanggal 18 nepika 26 Pebruari 2019, sedengkeun lomba nu dipagelarkeun diantarana Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN), Olimpiadé Sains Nasional (OSN), Olahraga Tradisional (OLTRAD), Festival dan Lomba Seni Siswa Nasional (FLS2N), Literasi Sirung Sunda sarta Sapta Lomba PAI  satatar Kacamatan Kiarapedes. Ari tempatna widang lomba O2SN jeung Oltrad di Lapang Sepak Bola Paréang, widang lomba Keagamaan di SDN 2 Parakan Garokgek, widang lomba Akademik atawa Olimpiade Siswa Nasional di SDN 2 Cibeber jeung widang lomba kesenian di SDN 2 Kiarapedes. Piala nu direbutkeun 119 piala. Kitu nu dibejerbéaskeun ku Ketua Panitia.
Dina kasempetan éta oge, Pengawas SD, Nana, S.Pd nu dibaturan Ketua K3S SD Kecamatan Kiarapedes, Mohamad Ali Iskandar, S.Pd, kasapukan hoyong nargetkeun Sepak Bola ka-3 jeung Hadang ka-2 di Tingkat Kabupatén Purwakarta. “Mudah-mudahan taun 2019 ieu téh duanana bisa jadi juara ka-1,” pokna Nana.*** Anto Sukanto

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Target Kecamatan Kiarapedes di Tingkat Kabupatén - Kasapukan Nargetkeun Sepak Bola jeung Hadang Jawara ka-1"

Posting Komentar