WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Ngareuah-reuah Poé Basa Indung Sadunya 21 LAMBAR KEUR 21 PÉBRUARI

Ngareuah-reuah Poé Basa Indung Sadunya
21 LAMBAR KEUR 21 PÉBRUARI

Ku : Dadan Sutisna
--------------
B
asa Sunda téh pagilinggisik jeung basa Indonésia. Atuh teu anéh mun réa kecap nu sarua, tapi hartina béda. Aya deui kecap nu méh sarua nuliskeunana, tapi remen saru. Antukna réa nu salah ngalarapkeun, boh alatan teu nyaho naon Sundana, boh alatan harti nu geus ngalegaan atawa ngaheureutan. Aya rébuna kecap modél kitu téh, tapi nu dipidangkeun di dieu mah ukur sabagian.
Pacorokna hiji basa jeung basa séjénna, ku para ahli mah disebut interferénsi. Upama éntép-seureuhna (struktur) geus milu kana basa séjén (Malayu), sok disebut kamalayon. Umumna mah, bijilna kamalayon téh alatan mindahkeun sakecap-sakecap tina basa Indonésia kana basa Sunda, atawa cara mikirna geus méh gembleng maké basa Indonésia. Cindekna mah, henteu "nyunda", sanajan kekecapanana mah maké basa Sunda (kaasup ieu tulisan sigana). Ari ngasupkeun kecap-kecap anyar kawas: hapé, komputer, pulsa, kuota, jsb, can tangtu disebut kamalayon da euweuh pisundaeunana.
Conto 1:
-----
Sakitu penjelasan ti pribados, mangga ka ibu-ibu bilih aya nu badé naros atanapi masihan lebetan.
-----
Kecap "masihan lebetan", sidik pisan beunang narjamahkeun tina "memberi masukan" (maksudna méré kamandang, mairan).
Conto 2:
-----
Mojang éta teu sageulis indungna.
-----
Ieu gé beunang narjamahkeun tina "Gadis itu tidak secantik ibunya."
Upama nilik kana tata basa mah, teu aya nu salah dina kecap "sageulis" téh, da dina basa Sunda gé aya awalan sa—. Ngan upama ngudag rasa basa mah teu kacumponan. Ku pangarang Aam Amilia kawas dina "Sekar Kadaton", éta kalimah téh bakal diganti jadi "Éta mojang geulisna teu siga indungna."
Conto séjénna:
-----
"Ieu buku ‘mangrupakeun’ karya munggaran."
"Mugi-mugi waé jumaahan poé ieu mawa berkah ka urang sadaya, ‘sahingga’ mulihna ti ieu masjid, urang sadaya pendak sareng katengtreman hirup."
-----
Ieu pedaran seja ngébréhkeun sawatara kecap nu sakapeung matak saru jeung pacorok téa, lantaran duanana dipaké jeung ditulis boh dina basa Sunda, boh dina basa Indonésia. Ukur kacutat sawaréh, da réa kénéh kecap-kecap séjénna nu can kaasupkeun. Tabépun, jajauheun kana ngarasa bisa, da sidik réa ahlina. Cék dina judulna gé, ieu mah itung-itung ngareuah-reuah. Aya nu teu nyurup? Yu, urang bebenah babarengan. Nyanggakeun.
* Lambaran dina wanda PDF tiasa dikunjal di dieu: https://goo.gl/iXiCVK
21 Lambar dina Wanda PDF :































































Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ngareuah-reuah Poé Basa Indung Sadunya 21 LAMBAR KEUR 21 PÉBRUARI"

Posting Komentar