Ngareuah-ngareuah Poé Basa Indung Internasional NYAWANG VITALITAS BASA
Ngareuah-ngareuah
Poé Basa Indung
Internasional
NYAWANG VITALITAS BASA
Ku : Dadan Sutisna
NYAWANG VITALITAS BASA
Ku : Dadan Sutisna
N
|
u disebut vitalitas basa téh
kira-kira mah kamampuh hiji basa sangkan terus hirup jeung dipaké ku masarakat.
Ngukurna, tangtu baé, dumasar kana panalungtikan, teu bisa diwangwang ti
kaanggangan. Engkéna urang bisa ngiker-ngiker naha hiji basa téh masih kénéh
jagjag waringkas, kabancén, gering nangtung ngalanglayung, sahoseun, atawa ngan
kari ngaran.
UNESCO geus netepkeun Poé Basa Indung Internasional
unggal tanggal 21 Fébruari. Di urang mah sok disebut "miéling",
padahal UNESCO mah nyebutna "celebrate" (merayakan, ngareuah-reuah).
Cék pangrasa, Kecap "miéling" jeung "pangéling-éling"
mémang leuwih nganteng ka nu geus euweuh, ka nu matak nineung, mun dilemeskeun
mah jadi "pangémut-émut". Keun heula sual éta mah, pira gé urusan
pilihan kecap. Najan keur sakuringeun asa genah maké kecap
"ngareuah-reuah" batan "miéling".
Nu teu kurang pentingna, ngukur vitalitas basa téa.
Mun nepi ka ayeuna acara Poé Basa Indung dieusian kénéh ku gelar wicara
(seminar), rupaning pagelaran, pasanggiri, jsb, hiji mangsa perlu diémbohan ku
ngébréhkeun data vitalitas basa. Patali jeung basa Sunda, engkéna urang bisa
ngukur kumaha kaayaan basa Sunda salila sataun katompérnakeun, beuki nanjung
atawa nyirotot, ramé atawa pada naringgalkeun. Ari nyawang sabéngbatan mah
sasaha gé bisa, sanajan eusina kitu-kitu kénéh ti taun ka taun. Kacindekan nu
abadi téh di antara: barudak ayeuna geus teu bener atawa teu maké basa Sunda.
Kamelang kana tumpurna basa Sunda apan geus nyampak ti saabad katukang.
Mun urang ngimeutan klasifikasi vitalitas basa ti
Badan Pengembangan dan Perlindungan Bahasa, basa Sunda téh aya dina posisi
aman, hartina: jauh kénéh ka tumpur. Tangtu lain hartina basa Sunda
terus-terusan jagjag waringkas, da apan jelema gé sakapeung mah sok kaserang
salésma. Upama basa Sunda pareng muriang, nya urang-urang nu kudu ngubaranana.
Ngan rék bisa ngubaran kumaha mun urang teu nyaho kaayaan basa Sunda, dalah
nanya "kumaha damang" téh tara. Lebah dieu penting boga daya ukur
téh, sangkan ti taun ka taun henteu kitu-kitu téh. Upamana kawas kieu:
(1)
Dina unggal taun, urang remen nyaksian sepanduk nu maké basa Sunda, tapi kekecapan teu merenah. Dina taun 2017, sepanduk kawas kitu téh jumlah 234, tapi dina taun 2018 mah ngan 123.
Dina unggal taun, urang remen nyaksian sepanduk nu maké basa Sunda, tapi kekecapan teu merenah. Dina taun 2017, sepanduk kawas kitu téh jumlah 234, tapi dina taun 2018 mah ngan 123.
(2)
Dina média sosial, réa kénéh nu pabeulit merenahkeun "é", "e", jeung "eu". Upamana, nulis "keueung" jadi "keeng", "endog" jadi "eundog", "kéler" jadi "keleur", jsb. Dina taun 2017, aya 834 akun nu sok salah nuliskeun kecap téh. Tapi taun 2018 kari 434 akun, da sabada dibéjaan téh réa nu ngagugu, najan teu kurang-kurang nu terus ngablokir.

(3)
Di hiji kafé, aya hiji palayan nu nawaran ménu téh ku basa Indonésia waé. Basa ditalék, manéhna urang Ciamis. Ku Ki Silah tuluy diomongan sangkan nyarita ku basa Sunda. Basa hiji poé Ki Silah datang deui, éta palayan nyarita: "Wilujeng sumping, badé ngaleueut naon?"

(4)
Cék catetan Volksalmanak Sunda, dina taun 1920-an, nu sok mayeng maca buku Sunda téh aya 12.323 urang, nyebar di unggal kabupatén. Ayeuna mah duka téh teuing, da tara aya nu pirajeunan ngitung jumlah nu maca. Barina gé, mending kénéh paséa urusan pulitik, sanés, batan ngitung-ngitung jumlah buku Sunda mah.

(5) Jsb.
Éta mah saukur conto keur ngumpulkeun bahan nepi ka
engkéna bisa nyindekkeun vitalitas basa téa. Aya kénéh variabel séjénna (bisa
ditengetan dina gambar). Mun rék leuwih daria, nya maké métodologi, boh keur
panalungtikan kualitatif, boh kuantitatif. Tapi ieu mah tugas nu nyarakola
rupina.
Tapi tamba kawaranan mah, urang noong hasil
panalungtikan Kang Sugeng Riyanto saparakanca, ti Fakultas Ilmu Budaya Unpad.
Taun 2017, aranjeunna kungsi nalungtik vitalitas basa Sunda di Kabupatén
Bandung. Kacindekanana téh kieu:
(1)
Di lingkungan kulawarga katut babaturan, basa Sunda téh weweg kénéh, alias jagjag waringkas. Indung nyarita ka anakna, nini nyarita ka incuna, umumna mah maké basa Sunda. Kitu deui jeung babaturan katut tatangga. Di wewengkon transaksional (pasar, pangkalan ojég, nu ngajaga toko, jsb), réréana maké basa Sunda deuih.

Basa Sunda rada héngkér di wewengkon kadinesan sarta upama ngobrol jeung jalma nu can wanoh. Di kantor-kantor, pagawé téh kalah ka maraké basa Indonésia. Kitu deui jeung jelema nu can wanoh, sanajan papada urang Sunda, nanya téh sakapeung mah sok ku basa Indonésia.

Mun nganjang ka bank, sanajan pagawéna gareulis,
ngahiap nasabah téh sok maké basa Indonésia (boa lain urang Sunda, kétang).
Najan di sawatara bank aya ogé kasir nu keur geulis téh, bérés deuih basa
Sundana. Bawirasa, catetan-catetan kawas kitu téh penting pikeun nyawang
kamekaran basa. Naha perlu urang nyieun sabangsaning "penataran" basa
Sunda pikeun pagawé bank, pangpangna para mojang? Da ari para guru basa Sunda
mah tos carapétang, teu kudu ditatar deui. Perlu mah perlu, ngan daraékeun
moal?
Jadi, kumaha atuh umumna vitalitas
basa Sunda téh? Weweg kénéh, kitu wé ambéh reugreug mah. Nya éta gé aya kénéh
nu salésma jeung muriang mah, urang tambaan wé sabisa-bisa. Jeung sabada
dipikir-pikir, boa-boa ieu tulisan téh kamalinaan teuing, lantaran dina émprona
mah urang leuwih resep sukan-sukan batan ngoréhan panalungtikan. Ngan cék kitu
cék kieu: wilujeung, aéh, wilujeng ngareuah-reuah poé basa indung. Hurip
Sunda.***
0 Response to "Ngareuah-ngareuah Poé Basa Indung Internasional NYAWANG VITALITAS BASA"
Posting Komentar