WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Galura, Édisi IV Pebruari 2019 - Basa Indung 21 Pébruari - Maneuh Dipiéling, Basa Asing Beuki Dipaké


Basa Indung 21 Pébruari 
Maneuh Dipiéling, Basa Asing Beuki Dipaké



“Unggal tanggal 21 Pébruari maneuh miéling basa indung dipiélingna ku sakumna sélér bangsa nu aya di ieu jagat, kaasup di nagara urang. tapi ngaran toko, paimahan, angger loba nu maké basa deungeun”  

Nana Munajat


A
NU netepkeun poé basa indung nyaéta UNICEF lembaga dunya anu bagerak dina widang kabudayaan jeung pendidikan. “Éta lembaga pohara nganggap pentingna kana ‘basa indung’ téh dugi ka netepkeun Poé Basa Indung Internasional, nyaéta tanggal 21 Pébruari.

Maksadna sangkan  unggal bangsa atawa sélér bangsa di dunya anu masih kénéh miboga basa indung, tetep miara sareng ngamumulé basa indungna sewang-sewangan. Jalaran numutkeun anggapan para ahli, basa indung téh minangla pakakas komunikasi anu poko dilingkungan kulawarga pikeun ngawariskeun ajén-inajén budaya ti hiji generasi ka generasi salajengna,” ceuk Hadi AKS pingpinan Saung Sastra Lémbang Kabupatén Bandung Barat.
Basa Sunda minangka jati diri jeung idéntitas urang Sunda kudu terus diriksa dipiara, sangkan mekar tiasa ngigelan jaman. Ku nyéakna kamajuan jaman jeung mahabuna pangaruh ti luar nu ilahar disebut arus globalisasi, basa Sunda kiwari wuwuh kalindih ku basa jeung budaya deungeun.
“Urang Sunda utamina para rumaja beuki seueur anu henteu ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuh sadidinten, sareng henteu nga-ajénan kana luhungna ajén-inajén basa sareng budaya Sunda. Kantenan baé ieu téh kedah énggal ditarékahan boh ku pihak pamaréntah boh ku pihak swasta, kalangan pendidikan sareng masarakat anu héman tur nya’ah kana basa Sunda, tarékah dina wujud nyata, anu tiasa ngadeudeul hirup-huripna basa Sunda,” Aris Sajidin némbrakeun kudu aya taréah anu nyata babakuna dina miara basa Sunda.
“Dina raraga miara sareng mekarkeun basa Sunda, Pamaréntah Provinsi Jawa Barat parantos ngaluarkeun Peraturan Daérah Provinsi Jawa Barat No. 15 Tahun 2014 Tentang Pemeliharaan, Pengembangan Kesenian Daérah, Kepurbakalaan, Sejarah dan Nilai Tradisional, jeung Undang-undang Republik Indonésia Nomor 5 Tahun 2017 Tentang Pemajuan Kebudayaan.
Kitu deui Pamaréntah  Provinsi Jawa Barat ogé parantos ngaluarkeun Surat Kaputusan No. 423.5/Kep.674-Disdik/2006 ngeunaan Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa & Sastra Sunda, minangka papagon pikeun ngalaksanakeun pangajaran Basa & Sastra Sunda disakola-sakola.
Ayana Perda jeung Surat Kaputusan téh nandeskeun yén pamaréntah kalintang nalingakeunana kana hurip-hirupna basa, sastra, sareng aksara Sunda. Atuh UNICEF lembag dunya anu bagerak dina widang kebudayaan sareng pendidikan pohara nganggap pentingna kana ‘basa indung’ téh dugi ka netepkeun Poé Basa Indung Internasional, nyaéta tanggal 21 Pébruari.
Maksadna sangkan  unggal bangsa atawa sélér bangsa di dunya anu masih kénéh miboga basa indung, tetep miara sareng ngamumulé basa indungna sewang-sewangan. Jalaran numutkeun anggapan para ahli, basa indung téh minangla pakakas komunikasi anu poko dilingkungan kulawarga pikeun ngawariskeun ajén-inajén budaya ti hiji generasi ka generasi salajengna.
“Kantenan baé rupi-rupi tarékah anu tadi disebat di luhur téh, boh Perda/SK Pamaréntah bohna gagasan UNICEF, ku urang kedah dibagéakeun kalayan diwujudkeun dina kagiatan anu sipatna nyata,”  ceuk Hadi AKS pingpinan Saung Sastra Lémbang Kabupatén Bandung Barat.
Ti dinya pisan pamianganana diayakeunana pasanggiri drama Basa Sunda Tingkat SMP jeung SMA sa-Jawa Barat. Mugi-mugi baé ieu kagiatan téh sing janten panghudang karep sareng karesep para siswa sareng masarakan enggoning mikancinta tur mikareueus basa sareng budaya Sunda. Miara jeung ngamumulé basa Sunda sangkan dilarapkeun dina hirup kumbuh sapopoé. Ngahudang karep sareng karesep para siswa sareng masarakan sangkan ngagunakeun, mikancinta tur mikareueus basa sareng budaya Sunda.
Kagiatan Pasanggiri Basa Sunda nu diayakeun ku Saung Sastra lain ngan ukur padu ngagelar pasanggiri. Hadi ngarasa hariwang ku kaayaan kiwari basa Sunda geus kurang dipaké di tengah imah, réa urang Sunda nu ngatik budakna ku basa Malayuan atawa Basa Indonésia, cenah sangkan budakna gampang ngaluyukeun diri mun asup ka sakola, sabab di sakola ti mimiti Pendidikan Usia Dini (PAUD) jeung Taman Kanak-Kanak basa panganteurna ku Basa Indonésia.
“Pangna pun anak diwarah nganggo basa Indonésia, kahiji inggis ngagunakeun basa kasar, anu kadua ngarah gampang bisa gaul, jeung ngarti kana pangajaran sakola,” ceuk Tuti warga Perumahan Pancanaka Residence Cimahi nepikeun alesan ngawarah anak jeung incuna maké basa Indonésia di lingkungan kulawargana.
Keur mah sikep masarakat kawas kitu pamaréntah nu boga kawijakan di tatar Jawa Barat, ngantep karep pangusaha nu teu ngajénan kana budaya Sunda, Toko swalayan anu jlug-jleg diunggal lembur teu dipagera, pon kitu deui ngaran komplék perumahan.
“Coba lek-lekan sing imeut, komplék perumahan ngarana diantep maké basa deungeun contona Cimahi Residence, Cikarang Mall. Keur mah ngaran komplék perumahan maké basa deungeun, jalanna ogé maké basa deungeun deuih. Contona di salahsahiji komplék perumahan nu aya di kota Cimahi, ngaran jalana maké ngaran jalan di Eropa, aya ngaran Green Hill, Blue Montain. Kuduna kawas di Kota Barau parahiyangan, ngaranna nyunda keur nyunda téh pakait jeung sejarah Sunda, deuh... barudak Kisunda jadi apal kana sajarahna, sok sanajan di éta komplék perumahan struktur wangunann jeung panataan kawasanana teu nyunda,” ceuk Félix Feitsma panitén budaya Sunda.
Sok komo di kota badag mah saperti di Kota Bandung, Bogor, Bekasi, jeung Karawang, ti mimititoko-toko nu ngarégrég tengah kota, tepi ka tempat hiburan ngaranna maé basa deungeun. Ieu hal kudu gancang dibebenah, kitu ogé mun Perda Jabar jeung Undang-undang kabudayaan aya peurahan, sarta jatidiri kasundaan nangtung tur nanjung.
“Kunaon pangna maké basa deubfeun, ngarah ginding, gandang karasa moderna, sarta mibanda niléy jual. Da... geuning mun ngagunakeun basa Sunda mah ceunah hésé nerapna, jeung hésé payuna,” ceuk Asé Rukmantara seniman Bandung Barat anu nganjrek di Rajamandala.
Mun basa indung hayang diparaké dina kahirupan sapopoé, kudu aya conto jeung katandesan ti pamaréntah.
“Basa Sunda lain ngan ukur diwajibkeun unggal Rébo, tapi diparaké dina acara-acara resmi, mun rapat, seminar di lingkungan instansi kudu maké basa Sunda, kitu deui di lingkungan sakola, lain ngan ukur poé rébo cacarita maké basa Sunda, paling copél saminggu dua kali maké basa Sunda,” ceuk Abah Enjum Pingpinan Lingkung Seni Réak Ujungberung nepikeun kamandangna.***    


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Galura, Édisi IV Pebruari 2019 - Basa Indung 21 Pébruari - Maneuh Dipiéling, Basa Asing Beuki Dipaké"

Posting Komentar