FARHAN Geus 8 Taun Katarajang Panyakit Hidrosefalus Tepi ka Ayeuna Teu Aya nu Maliré
Tepi ka Ayeuna Teu Aya nu Maliré
JATILUHUR - Warta Sunda Onliné,
Neda
pidua’a sareng bantosanna.
Ieu
baraya urang nu keur katarajang panyawat Hidrosefalus
ti keur leutik kénéh nepika geus 8 (dalapan) taun can damang waé. Kulantaran nu
jadi sepuhna nilik tina faktor teu aya biaya.

Dina hal ieu mah, yén FARMAN, ayeuna diungsikeun di imah salahsaurang
warga di Blok A-18 RT.04/RW.01 Désa Jatimekar, Kecamatan Jatiluhur, Kabupatén
Purwakarta. Kulantaran jauh ti akses jalan jeung imahna teu layak huni, antukna
diungsikeun ka imah warga. Kajaba Farhan ditinggalkeun ku Bapana, alatan cerai
jeung nu jadi ibuna.
Kasang tukang Farhan nepika kitu téh, nilik tina nu jadi
kepala keluarga, bapana cerai jeung nu jadi bojona, antukna ieu murangkalih teu
katolih nu jadi bapa. Tapi nu jadi ibuna nepika ayeuna miharep bantuan jeung
perhatian ti sadayana.
Kalih ti éta, Farhan kungsi dibawa ka rumah sakit tapi
ditolak alesan di ruang ICU na Pinuh. Ku kituna miharep ka pihak pamaréntah
daérah tiasa diperhatikeun sakumaha mistina.*** Yayan Rohyana
0 Response to "FARHAN Geus 8 Taun Katarajang Panyakit Hidrosefalus Tepi ka Ayeuna Teu Aya nu Maliré"
Posting Komentar