Ceuk Sumarni, S.Pd : Targetna Mah ngan Ukur Opat Qasidah, Bulu Tangkis, Bakiak jeung Pantomim
Ceuk Sumarni, S.Pd : Targetna Mah ngan Ukur Opat
Qasidah, Bulu Tangkis, Bakiak
jeung Pantomim
“Ngukur kmampuhan murid loba
cara. Diantarana sina miluan lomba, pasanggiri atawa pertandingan. Tah kagiatan
kawas kitu téh, ilahar naker di sakola mah, saperti nu lumangsung di SD nu aya
di Kacamatan Wanayasa Purwakarta.”
WANAYASA – Warta Sunda Onliné,
B
|
arudak
SD Wanayasa Purwakarta, giat naker. Aratoheun miluan rupa-rupa kagiatan téh.
Saperti harita, murid-murid SD téh hégar marahmay dibarung ku euyah-euyahan susurakan
nyumangetan babaturanana nu keur makalangan.
Kagiatan kawas kitu, kaasup
maneuh. Harita téh, barudak di éta kacamatan mariluan Olimpiade Olahraga Siswa
Nasional (O2SN), Olimpiadé Sains Nasional (OSN), Olahraga Tradisional
(OLTRAD), Festival dan Lomba Seni Siswa Nasional (FLS2N), Literasi sarta Sapta
Lomba PAI satatar Kacamatan Wanayasa.
Di
Purwakarta, mémang barudak téh biasa mariluan sanisakara kagiatan. Kituna téh,
da éta kagiatan maneuh saban taun. Ari kagiatan naratau dihandap heula. Barudak
téh diabenkeun di tingkat kacamatan nu saterusna sina mariluan di tingkat nu
leuwih luhur, kabupatén, provinsi eung nasional.
Siap adi Juara Umum Deui
Kagiatan
kawas kitu loba mangpaatna. Barudak bisa ngukur kamampuh sorangan ku cara
ngabandingeun jeung kamampuh babaturanana ti sakola séjén. Ari keur guru mah
éta agiatan téh bisa jadi cara meunteun barudak, pangpangna mah dina sagala
widang.
Saniskara
kagiatan di Wanayasa, lumangsung ti tanggal 11 nepika 14 Fébruari 2019.
Tempatna di Lapang Sepak Bola Désa Babakan, SD Negeri 1 jeung SD 2 Babakan
katut Gor Babakan Kacamatan Wanayasa Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat.
Barudak
téh sarumanget naker. Atuda, bisa tepung jeung babaturan sakola séjén, sakalian
ngadu jajatén jadi juara, engkéna boga miluan dina kagiatan nu leuwih luhur.
Barudak
nu tandang, mémang meunang milihan guru-guruna. Kitu téh luyu jeung pangabisa
masing-masing. Dina kagiatan éta téh, aya genep rupa widang lomba diantarana
O2N, OSN, FLS2N, OLTRAD, LITERASI sarta PENTAS PAI.
Widang Kids Atletik Wanayasa
Nu
mariluan téh ti sakumna SD nu aya di Kecamatan Wanayasa. Teu hésé néang
patandang mah, da masing-masing sakola gé nataharkeun ‘para atlit” tianggalna
kénéh. Atuh, dina waktuna téh kari prakna. Kamari gé, éta saniskara kagiatan
téh diiluan ku 21 SD nu aya Kacamatan Wanayasa. Itu ceuk Ketua Panatacalagara, Sumarni, S.Pd (Kepala SDN 1 Babakan) nalika
ngabéjerbéaskeun kagiatan ka Warta Sunda
Onliné, sabada pembukaan acara nu dibuka langsung ku Camat Kecamatan
Wanayasa, Dedih Kusmayadi, M.Si, poé Senen, (11/2/2019) di Lapangan Sepak Bola
Désa Babakan, Kecamatan Wanayasa, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat.
Sedengkeun
nu ditargetkeun ku Kacamatan Wanayasa dina widang Pentas PAI mah Qaligrafi,
O2SN mah Cabor Bulu Tangkis, FLS2N mah Pantomim jeung Oltrad nargetkeun Bakiak.
Éta diantara nu jadi target téh. “Malah kasang tukangna kungsi janten wawakil
nepika provinsi opat target éta téh,” pokna Sumarni.
Widang Solo jadi target Wanayasa
Malihan
dina biantarana Camat Kecamatan
Wanayasa, Dedih Kusmayadi, M.Si, “Uar pangajakna sangan para pamilon dina
ieu kagiatan jungjung sportifitas dina lomba kalayan tong nepika papaséan antar
pamilon, angguran mah témbongkeun pangabisana dina lomba ieu.”
Kulawedet Widang Atikan Kecamatan Wanayasa

Hasil
tina kagiatan ieu téh, bisa dipaké ngukur kamampuh keur diilikeun dina kagiatan
nu leuwih luhur. Nu punjul bisa diilukeun di tingkat kabupatén, provinsi jeung
nasional. “Mangpaat sanésna, ieu kagiatan tiasa janten alat silaturahmi sareng ngamekarkeun
kréativitas siswa,” pokna Bu Iin nu biasa disebat (K3S).
Ket. Poto : Pembimbing Guru Olahraga Wanayasa
Nurutkeun
data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné, yén saniskara
kagiatan di Wanayasa tina 23 Cabang Lomba, 22 Sakola, jumlah pamilon 1.694
urang, 506 urang pendamping 69 urang dewan juri, 230 urang Panitia Pelaksana.
Acara dihadiran ti piha UPTD Pendidikan Kecamatan Wanayasa, Kodim, Kepala Désa
Babakan, Polsek Wnayasa katut Penilik/Pengawas SD Wanayasa.*** Anto
Sukanto.
0 Response to "Ceuk Sumarni, S.Pd : Targetna Mah ngan Ukur Opat Qasidah, Bulu Tangkis, Bakiak jeung Pantomim"
Posting Komentar