WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Ceuk Penilik PAUD Ahmad Kosasih : Gebyar PAUD Kecamatan Kiarapedes Ajang Barudak Dialajar Wanter


Ceuk Penilik PAUD Ahmad Kosasih :
Gebyar PAUD Kecamatan Kiarapedes
Ajang Barudak Dialajar Wanter

KIARAPEDES – Warta Sunda Onliné, 
R
ATUSAN pamilon Gebyar PAUD Kecamatan Kiarapedes Road Shop Go To School di buruan Kecamatan Kiarapedes sarideku milu lomba Ngagambar jeung Lomba Senam orang tua murid PAUD sa-Kecamatan Kiarapedes.
Ceuk Penilik PAUD, UPTD Pendidikan Kecamatan Kiarapedes/Bojong, Ahmad Kosasih dina biantara negeskeun, yén kagiatan nu dipagelarkeun ku pihak panitia téh, éstuning keur barudak pikeun dialajar wanter jeung bereksprési.
Dina hal ieu mah yén inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka Bunda-bunda PAUD jeung guru-guru katut kepala sekolah tur panitia nu parantos milu ngareuah-reuah kagiatan
“Kagiatan nu dipagelarkeun ieu téh sok sanajan kaayaanana kumalasepa (prihatin) jeung sederhana béda jeung di kecamatan nu lain dina ngalumangsungkeun kagiatanana. Tapi para pamilon katingalna antusias dina milu aub ieu kagiatan,” pokna Ahmad Kosasih.
Ku kituna tina jumlah 12 Kober nu aya pikeun ngumpulkeun waragad rereongan pikeun ngalumangsungkeun ieu kagiatan.
Pikeun nyukseskeun ieu kagiatan téh yén sumber dana na ti iuran tiap-tiap lembaga tanpa nyuhuneun ka para orang tua murid, tapi iuran ti paraguru. “Da ti mana ari PAUD waragadna, biaya ti pamaréntah can aya, tapi bisa magelarkeun, sim kuring angkat jempol ka guru-guru PAUD jeung panitia, cacak-cacak teu digajih ku pamaréntah ngayakeun kagiatan nu saperti kitu. Nilik tina instruksi ti kabupatén pikeun ngalumangsungkeun acara nu samodél kieu,” pokna.
Malihan para juara-juara lomba Mewarnai Antara Anak dan Orang tua murid ieu téh, engkéna baris tandang di tingkat kabupatén ping 28 Pébruari 2019 di Kampung Cirangkong Kecamatan Cibatu.       
Sedengkeun ceuk Ketua Panitia, Rina Nurina nu kakara ngajabat tilu bulan salaku Ketua HIMPAUDI, inyana negeskeun yén kagiatan ieu téh acarana témana “Gebyar PAUD Kecamatan Kiarapedes Road Shop Go To School”. “Ari jumlah pamilonna téh aya kana 258 anak didik nu lebet dina 12 lembaga PAUD bohna tina TK/Kober nu aya di Kecamatan Kiarapedes. “Kajaba ti kitu, diiluan ku 12 grup Senam nu perwakilan ti orang tua murid,” pokna.
Dina kasempetan éta ogé, Sekrétaris Kecamatan Kiarapedes, Subachri, AP, M.Si nétélakeun yén kagiatan nu saperti kieu téh, inyana mengapresiasi bisa jadi sumanget keur barudak nu masih kénéh usia dini nu masa pertumbuhanana emas bisa nyerep naon waé nu aya disakurilingeun titingalan jeung dadanguan barudak. “Pon kitu deui, keur bunda-bunda PAUD jeung panitia katut pihak UPTD Pendidikan Kecamatan Kiarapedes tiasa bersinergi keur bekel barudak nu masih kénéh masa pertumbuhan,” pokna.
Lain deui ceuk perwakilan orang tua ogé pamilon nyaéta, Onéng mamahna Adila Hani Hafilah, ningali murangkalihna téh pikeun diajar wanter tur ngiringan lomba mewarnai téh silaturahmi jeung babaturan saumurna. Kituna ogé, “Azéng Rahayu diajar wanter nu parantos nyumbangkeun suara emasna dina mintonkeun lagu dipayuneun para tamu ondangan,” pokna mamahna.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné, yén kagiatan ieu téh dihadiran ku Sekcam Kecamatan Kiarapedes, Penilik PAUD/Pengawas TK Kecamatan Kiarapedes, para orang tua muid se-Kecamatan Kiarapedes. Ogé pihak sponsor nu milu nyukseskeun “Gebyar PAUD Kecamatan Kiarapedes Road Shop Go To School”.*** Anto S.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ceuk Penilik PAUD Ahmad Kosasih : Gebyar PAUD Kecamatan Kiarapedes Ajang Barudak Dialajar Wanter"

Posting Komentar