CARBUNG CINTA - "KABELEJOG ASIH" YASANA ERNI WARDHANI
"Mah, Papah rèk
kawin deui, nyaaa."
Kuring anu keur anteng lalajo tipi bari
ngemil kuèh Mondè, ngadadak kaselek. Sababaraha kali kabeureuyan. Si Papah,
tara-tara, makè hideng mangmawakeun cai dina dispenser. Leguk, cai ti Si Papah
dileguk lalaunan. Tuluy babaraha kali dedeheman. Asa aya nungahalangan tikoro.
Asa ku manis èta Si Papah, watados tèa. Na marukan boga pamajikan dua tèh teu
lieur, kitu? Anu enggeus-enggeus gè gening, sok jadi ricuh.
Kuring teu nembal. Geuwat kaleng kuèh
anu na lahunan ditutup. Tuluy diteundeun na meja. Acara tipi ngadadak asa
jadi teu kahalarti. Gep rèmot tipi dicokot, tuluy saluran dipindahkeun. Kaditu,
kadieu, kaditu deui, pusing. Tungtungna tipi dipareuman. Papih teu loba
komentar. Biasana mah sok protés, tipi kudu na saluran berita waé.
" Cik, Mah, asa pararait letah,
bangunna mun nyuruput ci kopi, bakal keuna."
Ih, na ari lalaki. Geus ngomong anu
pikanyerieun hatè awèwè téh, lempeng makè hayang mangnyieunkeun ci kopi
sagala rupa. Na tina naon hatèna dijieun, ku euweuh parasaan pisan. Kumaha mun
ci kopina dièngrinan, atawa dipurulukan nu pimatakeun.
Kuring ngajeten. Masih kapikiran omongan
Papah. Lain, lain heureuy ayeuna mah. Béda nada sorana. Kateken semu jero.
Tuluy aya beban. Kuring apal pisan perwatakan kanu jadi salaki. Lain karèk
sataun dua taun, lalayaran rumah tangga jeung Si Papah tèh. Geus sawelas taunna.
Lain waktu anu sakeudeung.
Kuring teu ngalayanan kahayangna. Leos
wè ninggalkeun Si Papap anu anteng lalajo tipi. Sup ka kamar. Gebru,
ngabeubeutkeun awak sorangan. Gep kana bantal, segruk ceurik ditahan. Sora
ceurik ditutupan ku bantal. Bari ceurik, ras kana kakurangan diri. Emh, boa
teuing kulantaran kuring teu bisa méré turunan ka manéhna, matak manéhna hayang
kawin deui gè.
Padahal mah, enggeus èta gè dipariksa
mah. Boh kuring, boh salaki. Ceuk dokter mah narolmal duanana gé. Teuing atuh,
can dipercaya wé, meureun boga turunan. Ceurik beuki rongkah. Sedih. Kacipta
lamun bener kawin deui, kanu ngora, geulis, seksi.... alamat poho wé kanu kolot
mah. Komo mun tinu ngora dikeresakeun boga bati, kacipta, geus bakal pipohoeun
kanu kolot kerejut mah. Umur geus nincak 50 taun, si Papah téh, boa enya manéhna
keur begèr mindo. Na atuh saha anu geus matak haté Si Papah ngadua.
Panon karasa beuki beurat. Kahayang téh
Si Papah nyusul ka kamar, tuluy ngolo kanu jadi pamajikan anu keur ambek.
Didago dago tèh teu norojol waè. Haté beuki ambek, kulantaran capè ceurik waè,
reup wè kasarèan. Lilir-lilir téh, pedah aya sora klakson mobil nu ngaliwat meni
tarik. Korèjat, kuring ngorèjat. Keteyep cengkat, mgadeukeutan eunteung anu
gigireun mèja gawè. Buuk awut-awutan, panon carindul teu puguh. Jorèlat, mangsa
anu ka tukang ngajorèlat, narèmbongan.
Mangsa harita basa kuring lèlèngohan
kènèh. Da sabenerna mah teu nyangka bakal kawin jeung Si Papah. Harita kuring
geus boga papacangan urang Purwakarta. Babaturan kuliah, lanceuk tingkat. Lila
ogè miara tali rasa tèh, aya kana 4 taunna. Ari sugan téh bakal ngajodo. Tapi
da geuning nudipikahayang kuurang jadi lain carita. Der anu boga indung jeung
bapa téh makè aya acara rèuni, tuluy ngarèrèmokeun kuring jeung anak
babaturannana.
Mimiti panggih jeung Si Papah, èstuning
biasa-biasa. Tapi kulantaran nurut kanu jadi kolot, ahirna kuring dipènta
kaputusan ku Kang Yèdi, rèk milih manèhannana atawa milih pilihan kolot. Kuring
gé sabenerna mah geus meunang asak asak ngitung. Malahan mah, kungsi dianteur
ka Sorèang, manggihan jelema pinter, sangkan pangmilihkeun jodo. Harita mah,
resep wè kikituan tèh, heureuy bari jeung babalèdogan. Teu, sugan inget nu kitu
patut tèh lumpatna kana syirik, Astagfirullahaladzim.
Harita, duaan jeung Dèdèh, ngajugjug
tempat èta tèh. Sarua Dèdèh gè rèk tatanya. Tungtungna sakali sèwang dibaca ku
nupinter tèh. Ari Dèdèh mah salah tebakannana tèh, na ari ka kuring meni bisa
ceples hampir 100 persèn. Mimiti nyebutkeun kuring bakal kawin jeung anu
dijodokeun, teu boga anak, nepi ka bakal hayang mènta kawin deui.
Hatè asa ujug-ujug hayang nèang jelema
pinter èta deui. Boa masih jumeneng, da harita gé, asa sataun dua taun kolotna
ti kuring, bangunna leuwih heula itu. Teuing kunaon, ieu leungeun meni lancar
ngetik japri ka Dèdèh. Sobat kuliah téa.
Teuing kumaha, acara nga chat asa ku lancar. Masing can kaciri dibaca ku Si Dédéh gè, nu penting usaha, jeung pesan kakirim. Kuring neundeun hapé lalaunan.
Teuing kumaha, acara nga chat asa ku lancar. Masing can kaciri dibaca ku Si Dédéh gè, nu penting usaha, jeung pesan kakirim. Kuring neundeun hapé lalaunan.
"Maahhh." ujug-ujug wé Si
Papah, teuing ti iraha, geus aya di tukangeun urang.
Kuring neuteup hapa, kanu eunteung.
Kuring neuteup hapa, kanu eunteung.
"Mamah téh, geulis." cenah,
bari ngoprèk buuk kuring, siga tukang salon, buuk dibeungkeutkeun. Tuluy
dirumbaykeun deui, kitu jeung kitu wé.
Kuring angger teu méré reaksi, ngan ukur
bisa kukulutus keuheul na jero hatè. Keuheul masih minuhan dada. Gep awak
kuring ditangkeup ti tukang. Leungeunna ngalèng, tuluy sirahna na sirah
kuring.
Kuring peureum.
Hanca.
0 Response to "CARBUNG CINTA - "KABELEJOG ASIH" YASANA ERNI WARDHANI"
Posting Komentar