CARBUNG CINTA Bagean ka-3 - "KABELEJOG ASIH" YASANA ERNI WARDHANI
Lapar, sih lapar,... tapi
angger wé, sabot ngahanca téh, pipikiran mah kurang pokus, da aya dompet panimu
téa. Tas anu diteundeun na luhureun méja, saeutik dipéléngékeun, ku jempol
jeung ku curuk. Tétéla aya, da mémang tatadi gé dikeukeuweuk si tas téh. Haté
ngemplong.
"Sofia,
mani anteng ngaéfsi sosoranganan..." sora ujug-ujug gigireun cepil.
Rét kuring ka
lebah datangna sora. Katingali imutna Lia, babauran senam aérobik.
"Aéh,
gening si kamu... hayu atuh urang ngadon ngaéfsi." tembal kuring bari
nunjuk korsi nitah diuk.
Gék Lia diuk
bari nitah diuk ka budakna anu masih kelas 3 SD. Budakna ukur nempo ka indungna
bari semu jamedud, bangunna embung diuk didinya.
"Bentar,
nya.. cantikku... bunda mau ngobrol dulu sama temen bunda... sebentar,
da...."
Kuring atoh ogè,
sabab, niat ka kaéfsi gé sabenerna mah salain ngadon dahar, ogé rèk muka kanu
jadi dompét.
"Lain,
Jeng... naha tara aérobik deui... aya instruktur anyar... cuco ieu mah."
"Ah, asa
barosen, Ceu... terus, asa loba pagawéan teu puguh, padahal pembantu aya ieu téh,"
tembal kuring bari ngelapan ramo ku tissue.
"Ih,
pokona instruktur nu ieu mah, beda... kasép deuih... hayu atuh, ké awak bisi
melar deui, ihhh... gak mau, khan, suami berpaling ti urang.... qikqikqikqiqk..."
Rey pipi
karasa panas. Apal, Lia lain rèk nyindiran ka kuring, tapi da répléks éta mah.
Jleb pisan karasana kana kaayaan kuring ayeuna.
"Siap,
lah... ké dikonték deui." ceuk kuring seuri leutik.
Kulantaran
budakna teu daék cicing, tungtungna Lia amitan rék diuk jeung salakina anu
nungguan di korsi anu rada jauh ti korsi kuring. Salakina ukur unggeuk, tuluy
nuluykeun maén hènpon. Budakna atoh, tuluy nyium tonggong leungeun.
"Hayu
atuh, Cin... sing jongjon."
"Siap...
sok." ceuk kuring pondok. Suruput kana koka kola gelas badag. Seger, jadi
teu sebel.
Saenggeus
ngumbah leungeun, kuring diuk deui, tuluy muka tas deui. Gep dompét dicokot.
Diilikan deui. Tuluy dibuka lalaunan. Sababaraha kartu numpuk di beulah kénca.
Mimiti KTP, SIM mobil, ATM aya kana 3-na. Duh, tangtu anu bogana sedih pisan.
Gep KTP dikoér.
M. Irfan
Fadillah. Umur 48 taun. Pekerjaan pagawé dinas pekerjaan umum.
Kuring
ngilikan bulak balik eta KTP. Enya, kieu carana mah kudu dibalikeun buru-buru.
Tapi mun ka kantor pulisi horéam. Jauh deui. Jaba mun dipaksakeun ayeuna kaburu
magrib mantén. Paling mun di ka kantor pulisikeun, isukan. Ayeuna mending néang
nomer hènponna. Susuganan aya kasulap selip. Kuring kokoréh deui. Di jero
dompétna, aya duit 300 rebu, récéh 20 rébuan 3 lembar, jeung 5
rébuan 3 lembar Tuluy aya nota urut meuli oli jeung coolen. Kuring mukakeun
deui dompétna anu memang aya sababaraha lawang. Aya kartu nama. Alhamdulillah
aya nomer anu bisa dihubungi. Jempol jeung curuk lincah nepungan éta kontak,
alhamdulillah aya WA an, geningan. Kaciri foto profilna, keur maké kaos bodas,
jeung calana pondok satuur. Manéhna keur nyebor kekembangan di buruan. Eusi
wapri kuring, ukur ngabéjaan, yén dompétna aya di kuring, tinggal candak.
Céklis dua masih can biru, berarti can dibaca. Tapi teuing, boa diséting teu
kabaca ku batur, jadi warna na moal robah. Selang 10 menit, céklisna geus robah
jadi warna biru. Kuring reugreug, berarti geus dibaca. Tapi euweuh balesan waé.
Kuring cengkat, niat rék ningalian sapatu atawa baju téa, meumpeung can soré
teuing. Saenggeus mayar ka kasir, laju kuring muru tempat baju.
Pas keur
anteng ningalian baju, hènpon disada. Tétéla tinu boga dompét. kuring gancang
narima, susuganan éta dompét geuwat-geuwat katarima.
"Assalamualaikum,
leres ieu sareng anu mendakan dompét abdi?" sorana halimpu, simpati,
kadangu terpelajar.
"Leres
pisan, Bapa... abdi mendakan dinu angkot tadi téh, tangtos Bapa kaicalan pisan,
margi seueur kartu-kartu penting."
"Aduh,
Alhamdulillah, parantos rada reugreug ayeuna mah. Dupi ibu bumi di mana?'
"Komplék
Batu Asih, bumi mah, namun ayeuna nuju di supermarkét, manawi nuju
jalan-jalan."
"Duh,
pami teu kaabotan, kumaha pami ku abdi dibujeng kadinya, Bu?"
"Mangga
teuing, Pa... supados abdi gé teu aya beban, janten uih ka bumi
ngemplong." tembal kuring bari nyebutkeun supermarkét di mana kuring
ayeuna.
Saenggeus
jangjian, kuring nuluykeun cuci mata, bari ngadagoan Pa Irfan. Lumayan rada
lila aya kana satengah jamna tina jangjian, sora hènpon disada deui, aya WA ti
manéhna yén manéhna geus aya di És Télér 77, korsi kaopat. Kuring buru-buru
kadinya. Tikajauhan, kasampak Pa Irfan duaan, sigana jeung pamajikannana.
Saenggeus deukeut, kuring uluk salam. Kaciri pasangan éta kacida marahmayna.
Kuring diuk nyaman. Ditawaran bisi rék ngabaso atawa dahar, kuring milih és
campur. Pa Irfan jeung pamajikannana mani serasi. Geulis jeung kasép. Ngan
bédana, geulisna bangun kurang cerdas. Bangunna.
...
Hanca
*Erni Wardhani*
Bagean ka 2 na mananyak?
BalasHapus