WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

CARBUNG CINTA Bagean ka-3 - "KABELEJOG ASIH" YASANA ERNI WARDHANI

*Kabelejog Asih*
(Bagean ka-3)


Ku: Erni Wardhani

Lapar, sih lapar,... tapi angger wé, sabot ngahanca téh, pipikiran mah kurang pokus, da aya dompet panimu téa. Tas anu diteundeun na luhureun méja, saeutik dipéléngékeun, ku jempol jeung ku curuk. Tétéla aya, da mémang tatadi gé dikeukeuweuk si tas téh. Haté ngemplong.
"Sofia, mani anteng ngaéfsi sosoranganan..." sora ujug-ujug gigireun cepil.
Rét kuring ka lebah datangna sora. Katingali imutna Lia, babauran senam aérobik.
"Aéh, gening si kamu... hayu atuh urang ngadon ngaéfsi." tembal kuring bari nunjuk korsi nitah diuk.
Gék Lia diuk bari nitah diuk ka budakna anu masih kelas 3 SD. Budakna ukur nempo ka indungna bari semu jamedud, bangunna embung diuk didinya.
"Bentar, nya.. cantikku... bunda mau ngobrol dulu sama temen bunda... sebentar, da...."
Kuring atoh ogè, sabab, niat ka kaéfsi gé sabenerna mah salain ngadon dahar, ogé rèk muka kanu jadi dompét.
"Lain, Jeng... naha tara aérobik deui... aya instruktur anyar... cuco ieu mah."
"Ah, asa barosen, Ceu... terus, asa loba pagawéan teu puguh, padahal pembantu aya ieu téh," tembal kuring bari ngelapan ramo ku tissue.
"Ih, pokona instruktur nu ieu mah, beda... kasép deuih... hayu atuh, ké awak bisi melar deui, ihhh... gak mau, khan, suami berpaling ti urang.... qikqikqikqiqk..."
Rey pipi karasa panas. Apal, Lia lain rèk nyindiran ka kuring, tapi da répléks éta mah. Jleb pisan karasana kana kaayaan kuring ayeuna.
"Siap, lah... ké dikonték deui." ceuk kuring seuri leutik.
Kulantaran budakna teu daék cicing, tungtungna Lia amitan rék diuk jeung salakina anu nungguan di korsi anu rada jauh ti korsi kuring. Salakina ukur unggeuk, tuluy nuluykeun maén hènpon. Budakna atoh, tuluy nyium tonggong leungeun.
"Hayu atuh, Cin... sing jongjon."
"Siap... sok." ceuk kuring pondok. Suruput kana koka kola gelas badag. Seger, jadi teu sebel.
Saenggeus ngumbah leungeun, kuring diuk deui, tuluy muka tas deui. Gep dompét dicokot. Diilikan deui. Tuluy dibuka lalaunan. Sababaraha kartu numpuk di beulah kénca. Mimiti KTP, SIM mobil, ATM aya kana 3-na. Duh, tangtu anu bogana sedih pisan. Gep KTP dikoér.
M. Irfan Fadillah. Umur 48 taun. Pekerjaan pagawé dinas pekerjaan umum.
Kuring ngilikan bulak balik eta KTP. Enya, kieu carana mah kudu dibalikeun buru-buru. Tapi mun ka kantor pulisi horéam. Jauh deui. Jaba mun dipaksakeun ayeuna kaburu magrib mantén. Paling mun di ka kantor pulisikeun, isukan. Ayeuna mending néang nomer hènponna. Susuganan aya kasulap selip. Kuring kokoréh deui. Di jero dompétna, aya duit 300 rebu,  récéh 20 rébuan 3 lembar, jeung  5 rébuan 3 lembar Tuluy aya nota urut meuli oli jeung coolen. Kuring mukakeun deui dompétna anu memang aya sababaraha lawang. Aya kartu nama. Alhamdulillah aya nomer anu bisa dihubungi. Jempol jeung curuk lincah nepungan éta kontak, alhamdulillah aya WA an, geningan. Kaciri foto profilna, keur maké kaos bodas, jeung calana pondok satuur. Manéhna keur nyebor kekembangan di buruan. Eusi wapri kuring, ukur ngabéjaan, yén dompétna aya di kuring, tinggal candak. Céklis dua masih can biru, berarti can dibaca. Tapi teuing, boa diséting teu kabaca ku batur, jadi warna na moal robah. Selang 10 menit, céklisna geus robah jadi warna biru. Kuring reugreug, berarti geus dibaca. Tapi euweuh balesan waé. Kuring cengkat, niat rék ningalian sapatu atawa baju téa, meumpeung can soré teuing. Saenggeus mayar ka kasir, laju kuring muru tempat baju.
Pas keur anteng ningalian baju, hènpon disada. Tétéla tinu boga dompét. kuring gancang narima, susuganan éta dompét geuwat-geuwat katarima.
"Assalamualaikum, leres ieu sareng anu mendakan dompét abdi?" sorana halimpu, simpati, kadangu terpelajar.
"Leres pisan, Bapa... abdi mendakan dinu angkot tadi téh, tangtos Bapa kaicalan pisan, margi seueur kartu-kartu penting."
"Aduh, Alhamdulillah, parantos rada reugreug ayeuna mah. Dupi ibu bumi di mana?'
"Komplék Batu Asih, bumi mah, namun ayeuna nuju di supermarkét, manawi nuju jalan-jalan."
"Duh, pami teu kaabotan, kumaha pami ku abdi dibujeng kadinya, Bu?"
"Mangga teuing, Pa... supados abdi gé teu aya beban, janten uih ka bumi ngemplong." tembal kuring bari nyebutkeun supermarkét di mana kuring ayeuna.
Saenggeus jangjian, kuring nuluykeun cuci mata, bari ngadagoan Pa Irfan. Lumayan rada lila aya kana satengah jamna tina jangjian, sora hènpon disada deui, aya WA ti manéhna yén manéhna geus aya di És Télér 77, korsi kaopat. Kuring buru-buru kadinya. Tikajauhan, kasampak Pa Irfan duaan, sigana jeung pamajikannana. Saenggeus deukeut, kuring uluk salam. Kaciri pasangan éta kacida marahmayna. Kuring diuk nyaman. Ditawaran bisi rék ngabaso atawa dahar, kuring milih és campur. Pa Irfan jeung pamajikannana mani serasi. Geulis jeung kasép. Ngan bédana, geulisna bangun kurang cerdas. Bangunna.
...
Hanca
*Erni Wardhani*

Subscribe to receive free email updates:

1 Response to "CARBUNG CINTA Bagean ka-3 - "KABELEJOG ASIH" YASANA ERNI WARDHANI"