WARTA TI SUBANG - Ketua DPRD Kabupatén Subang : Ir. Beni Rudiono
Ketua DPRD Kabupatén Subang : Ir. Beni Rudiono
"Rék Nyalurkeun Korsi Plastik Keur Mapag Pemilu 2019 di Kp. Cigambarsari"
SUBANG – Warta Sunda Onliné,
K
|
AMPUNG Cigambar Sari RT.025/RW.002 Désa Lengkong Kecamatan
Cipeundeuy Kabupatén Subang, poé Saptu (19/1) kadongdonan Ketua DPRD Kabupatén
Subang, Ir. Beni Rudiono, nalika kunjungan kerja.
Dirina ngadongdon ka éta wewengkon, kulantaran geus sababaraha kali. Ayeuna
mah hayang apal kaayaan kampung saméméh Perkebunan Jalupang. Malah mandar di éta
kampung téh, wargana rata-rata karyawan jeung buruh perkebunan nu jumlahna Jumlah
KK 113, sa RW-eun. Kitu ceuk Iing Iskandar (56) salah saurang pagawé di PT. PN
VIII Kebun Jalupang ka Warta Sunda Onliné.
Ceuk Iing, yén kadongkapan Pa Beni téh langsung nyuhunkeun paménta langsung
ka anggota dewan nu masih jeneng. Meungpeung ka dieu, miharep yén dina
Pemilihan Pilprés jeung Pileg. Di Posko ieu téh kakirangan sarana prasarana kalebet
teu gaduh mangku/korsi keur tiap pertemuan. Saperti halna ayeuna dongdonan Pa
Beni dina kaayaan serba darurat teu bisa nyugemakeun dina diuk-diuk acan.
“Mugia pamundut éta téh tiasa kalaksana, lantaran penting pisan keur urusan
riungan jeung para warga,” pokna Iing.
Lain deui ceuk, Agan (18) salaku pemuda di éta wewengkon, sarana lapang nu
aya téh hoyong di kasepan alias dioméan sakumaha mistina luyu jeung olahraga nu
ideal. “Ngarah barudak nu resep olahraga lian ti maén bal oge tiasa keur sarana
olah raga nu lain,” pokna Agan.
Sedengkeun ceuk Yani (49) ngawakilan ibu-ibu, inyana ngarasa kabantu ku Pa
Beni nu parantos merjuangkeun pikeun identitas warga saperti halna ngamudahkeun
urusan KK, KTP jeung urusan nu lain pangbutuh persuratan.
Dina kasempetan éta ogé, Ketua DPRD Kabupatén Subang, Ir. Beni Rudiono (PDI
Perjuangan), nitenan keluhan warga insya Alloh rék nedunan. “Ngan dina waktu
deukeut ieu mah rék nyiapkeun Bangku/Korsi Palastik pikeun mapag pemilu 2019,”
pokna.***
0 Response to "WARTA TI SUBANG - Ketua DPRD Kabupatén Subang : Ir. Beni Rudiono "
Posting Komentar