WARTA ATIKAN - SDN SUKADAMI - NARGETKEUN BULU TANGKIS jeung QASIDAH
SDN SUKADAMI :
MAPAG GEBYAR KRÉATIFIAS SISWA
NARGETKEUN BULU TANGKIS jeung
QASIDAH
WANAYASA – Warta Sunda Onliné,
S
|
DN
Sukadami Kecamatan Wanayasa, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat. Dina raraga
Mapag Gebyar Kréatifitas Siswa SD
Sa-Wanayasa, ceuk Kepala SDN Sukadami, Bunyamin, S.Pd nalika tepung lawung
jeung Warta Sunda Onliné di sakolana (21/1), pihakna rék nargetkeun medali 5
Emas, 5 Perak jeung 1 Perunggu. Luyu jeung kamampuhan barudak dina unjuk
kabisa.
Malah mandar nu
langkung anteb ditargetkeun téh dina widang Cabang Olah Raga Bulu Tangkis Putri
nu jadi andelan keur mapag Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN)
sarta widang keagamaan Sapta Lomba PAI dina widang Qasidah. “dua widang éta nu
janten target rengrengan juru atik SDN Sukdami sareng sim kuring,” pokna Kasek.
Dua widang éta téh, nitenan barudak nu tos
katingal nyaéta rata-rata siswa kelas 5 diantarana Néng Marwah taun 2018 kamari
mah Juara ka-2 Bulu Tangkis Putri. “Tah taun ayeuna mah, mugia tinekanan janten
juara ka-1 di Tingkat Kecamatan Wanayasa, poma ka Tingkat Kabupatén mah,” pokna
guru olahraga manten.
Sedengkeun dina
widang Qasidah ogé, sami taun kamari Juara-2, anapon kitu miharep Juara-1
Tingkat Kecamatan jeung Kabupatén taun ieu mah.
Kajaba ti éta,
taun 2018 kamari mah SDDN Sukadami Juara ka-2 n ngawengku Juara Bulu Tangkis,
Pantomim, Qasidah, Seni Tari Daérah.
Inyana,
ngarumaoskeun yén nu janten bangbaluh pikeun ngahontal pikeun préstasi ka
Tingkat Nasional téh. “Kulantaran teu ayana pelatih nu husus. Tapi mun seug
aya, tangtu tiasa ngukir préstasi ka Tingkat Provinsi jeung Nasional,” pokna
Bunyamin bari mungkas wangkongan.***
0 Response to "WARTA ATIKAN - SDN SUKADAMI - NARGETKEUN BULU TANGKIS jeung QASIDAH"
Posting Komentar