WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN - SDN 2 Sukatani - Target Juara Umum Kahontal


SDN 2 Sukatani
Target Juara Umum Kahontal         

“Geus ilaharna tarékah jeung patéah dina ngawujudkeun cita-cita pikeun ngahontal préstasi barudak dina makalangan di tingkat kabupatén nu bajuang keur ngukir préstasi sakolana”

SUKATANI – Warta Sunda Onliné,  
P
ihak sakola geus ngaagendakeun sangkan para peserta didikna dina nyangking kapinunjulan unjuk kabisa dina sagala widang , hususna préstasi di tingkat kecamatan. Malahan nu janten targetna téh nepika lima taun nalika sim kuring ngamimitian mupuhuan di éta sakola. Nya dina taun ka opat geus tiasa kahontal préstasi barudak janten Juara Umum Lomba Kréatifitas Siswa SD Sukatani lomba Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN), Olimpiadé Sains Nasional (OSN), Olahraga Tradisional (OLTRAD), Festival dan Lomba Seni Siswa Nasional (FLS2N), Festival dan Lomba Literasi Nasional (FL2N), membaCa menuLis & berhiTung (Calistung), jeung Sirung Sunda Pinilih sarta Sapta Lomba PAI  satatar Kacamatan Sukatani.

Hasil karancagéan juru atik ti kawit guru widang olahraga, seni, guru agama, guru mata pelajaran jeung guru nu séjénna dina ngabina para peserta didikna. Kajaba kitu teu leupas ti koordinasi antara guru katut kepala sekolah ngeunaan kakurangan tina hasil binaan. Anapon kitu barudak didikna dipilih luyu jeung kamampuhan barudak dina widangna sewang-sewangan. Kitu ceuk Kepala SDN 2 Sukatani, H. Usép Saépudin, S.Pd nalika ngawangkong jeung Warta Suna Onliné di sakolana saméméh pembagian piala ka barudak didikna.
Ku hal éta, “geus ilaharna tarékah jeung patéah dina ngawujudkeun cita-cita pikeun ngahontal préstasi barudak dina makalangan di tingkat kabupatén nu bajuang keur ngukir préstasi sakolana”.

“Ngan tangtu teu kitu waé dina nyangking préstasi téh, tangtu perjuangan jeung gemlengan para peserta didik luyu sareng hasil binaan guru na sewang-sewangan. Kalih ti éta, teu petot-petot babarengan ngaevaluasi tiap latihan naon kakurangan jeung kumaha carana sangkan barudak percaya diri nalika tandang jeung barudak sakola nu lain. Malahan mah ngamotivasian barudak kalayan nepika nyangking préstasi,” pokna H. Usép.
Sedengkeun ceuk salah saurang guru anu geus heubeul ngatik jeung ngadidik ti ping 14 Januari 2008 di éta sakola, Nining Tarningsih, S.Pd (52) ningali sakolana ayeuna ayana parobahan hususna dina préstasi éta téh hasil tina karancagéan juru atik anu aranom nu masih kénéh panjang léngkah pikeun ngabina sirung-sirung para peserta didik , katambih kiprahna kepala sekola nu kantos ngukir préstasi di sakola lain saperti kungsi jadi juara umum nalika Pa Usép mupuhuan SDN Cipicung. Ayeuna dibuktoskeun deui di SDN 2 Sukatani Pa Usép nu mimiti mupuhuan ti ping 25 Fébruari 2016 nepika ayeuna nyangking Juara Umum di tingkat Kecamatan Sukatani.
“Ieu janten kareureus keur sim kuring nu mangpuluh-puluh taun ngajar, karék ayeuna sakolana janten Juara Umum. Pon kitu deui barudakna tiasa diarahkeun kana widang cabang lomba luyu jeung kamampuhan barudakna,” Pokna Nining.
Ceuk Didin Samsudin, S.Pd (37) nu tugasna ti 1 Oktober 2004, ngabenerkeun kamandang ti Ibu Nining, yén Pa Usép téh ngarupakeun Bapa pembawa sumanget keur juru atikna pikeun ngahontal préstasi barudak. Malahan nalika Pa Usép ngamupuhuan i ieu sakola téh, harita babalagonjangan hoyong nargetkeun para peserta didikna jangka lima taun pikeun ngahontal janten Juara Umum. “Nya seiring waktu, nu janten targetna téh nepika kahontal, malihan teu dugika nincak kana lima taun para peserta didikna téh tos parantos ngahontal préstasi,” pokna Didin.

Kitu na ogé ceuk Wati Rahmawati, S.Pd.I (49) salaku juru atik mata pelajaran Pendidikan Agama Islam, ngarasa reueus yén tos gaduh tilu duta dina Pildacil Putra/Putri sareng Hifdzil Qur’an keur tandang makalang di Tingkat Kabupatén Purwakarta nu baris dilaksanakeun ancer-ancer sasih Maret di Kecamatan Cibatu.
Lain deui ceuk perwakilan peserta didik, nyatana cép Gilang Yanuriansyah (11) siswa kelas V, ngarasa bangga parantos nyumbangkeun juara keur sakolana. Éta hasil binaan guru olah raga jeung guru nu séjénna. Malihan Bapa Kepala Sekolahna nepika masihan artos keur siswa nu kenging mendali atanapi nu juara.    
Sedengkeun ceuk perwakilan orang tua siswa, Ibu Wartini (39), ngarasa bangga sakolana janten juara umum di tingkat Kecamatan Sukatani. Anapon kitu kepala sekolah dugika masihan kadeudeuh ka siswa anu kengking juara, asa jarang nu sapertos kitu téh. Kukituna, sim kuring ngawakilan nu janten orang tua siswa nu lain ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka pihak sakola nu prantos mercanten ka siswa-siswina pikeun ngukir préstasi di sakolana. Kalih ti éta, mugia rengrengan guru atut kepala sekolah sing dipasihan sehat. Amin.


Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku rédaksi, yén SDN 2 Sukatani saméméhna taun 2018 Juara Ka-2 Lomba Kréatifitas Siswa SD Sukatani. Sedengkeun taun 2019 ieu téh janten Juara Umum Tingkat Kecamatan Sukatani kenging 10 emas, 7 Perak jeung 1 Perunggu. Wincikan juarana téh ngawengku diantarana : Perolehan 10 Emas dina widang Atletik (O2SN) disangking ku Gilang Yanuriansyah Siswa Kelas V; Calistung ku Kéisya Mareta MP siswa Kelas III; Biantara (Sirung Sunda) ku Fazrurrohman Asyiroji siswa Kelas III; Nulis Carpon (Sirung Sunda) ku M. Fahri siswa Kelas V; Solo (FLS2N) ku Sélina Aprianti siswa Kelas V; Tari Daérah (FLS2N) ku Julianti Apriani siswa Kelas IV, Giska Aulia S Kelas III, Fifi Fadhilah Kelas V; Hifdzil Qur’an (Sapta Lomba PAI) ku M. Alif Asyudaisy Siswa Kelas IV; Pildacil Putra (Sapta Lomba PAI) ku Si Kembar (Adzikri Fathan Permana jeung Adzikra Fathin Permana Siswa Kelas II); Pildacil Putri (Sapta Lomba PAI) ku Rosmiya Siswa Kelas III.


Sedengkeun Perolehan Perak dina widang Atletik (O2SN) ku Gilang Yanuriansyah Siswa Kelas V; Ngadongéng ku Dési Fitriani Siswa Kelas V; Cipta Baca Puisi (FLS2N)  ku Rénti gustriani Siswa Kelas V; Maca Warta (Sirung Sunda)  ku M Rizki Avdiansyah Siswa Kelas V; Bulu Tangkis Putra (O2SN) ku Fathur Putra Siswa Kelas III; Bulu Tangkis Putri (O2SN) ku Syakila Salwatul Arsyi Siswa Kelas IV. Sarta Perolehan Perunggu dina widang Olimpiadé Matematik (OSN) ku Hasna Dayana Siswa Kelas V.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA ATIKAN - SDN 2 Sukatani - Target Juara Umum Kahontal"

Posting Komentar