SANGGAR SENI KANIA KANCANA "Ngabentuk Karakter Siswa ku Seni Budadya"
SANGGAR SENI KANIA KANCANA
"Ngabentuk Karakter Siswa ku Seni Budadya"
Warta Sunda Onliné,
"Ngabentuk Karakter Siswa ku Seni Budadya"
Warta Sunda Onliné,
D
|
INA
raraga ngarumat tur ngawanohkeun seni tradisional luyu jeung Perda Gubernur
Jawa Barat Taun 2014, ngeunaan “Perubahan
atas perturan daérah Provinsi Jawa Barat No. 6 Tahun 2003 tentang Pemeliharaan
Seni daérah”. Sanggar Seni Kania Kancana nu awitna nyewa-nyewakeun kostum
nari, upacara adat jeung degung jaipongan.
Pupuhu Sanggar
Seni Kania Kancana, Irma Susanti, M.Pd diimahna Perum Griya Pasanggrahan, Désa Cilegong, Kecamatan Jatiluhur, Purwakarta ngebrehkeun ka Galura (02/1)), ngebrehkeun, yén ku ngadegna ieu
sanggar téh ti Maret 2010 di Bandung, nalika beres kuliah inyana kataji ku muka
usaha nya tadina mah ngalalanyah ku nyewa-nyewakeun kostum nari, upacara adat
jeung degung jaipongan.
Nilik ti nu jadi kolot, Bapa H. Édi
Susanto pangsiun PT. Indorama. Irma Susanti nya, ngarah ngumpul jeung keluarga
nepika ngadon nasib pikeun ngamekarkeun usaha nu geus dirintisna ti taun 2010
téh, diteruskeun di Kabupatén Purwakarta tempat kalahiranna dina taun 2013,
Sanggar Seni Kania Kancana hoyong ngajomantara dipakalangan seni di Kota Budaya.
Pikeun ngeuyeuban usaha éta téh,
inyana ngambah kana ngayakeun Sakola Tari Tradisional. Pamilonna, teu wudu wé
merul. Pon kitu deui Sanggar Seni Kania Kancana narima Les Privat jeung reguler
Tari Sunda Jaipongan, klasik jeung Upacara Adat Mapag Panganten, Siraman,
Degung Sunda, Pop Sunda katut MC na ogé aya.
Tina nu kursus téh, nya
Alhamdulillah nepika janten pinunujul dina FLS2N di tingkat Kabupatén jeung
Provinsi, éta téh hasil gemlengan ti Sanggar Seni Kania Kancana.
Saméméhna, sim kuring ngadongdon ngamimitian
datang ka sakola nu pernah jadi siswana. Nya,
SDN 1 Kémbangkuning, SMPN 4 Purwakarta jeung SMAN 3 Purwakarta tepung
sareng nu jai guru étang-étang ngaguar mangsa katukang, nalika sim kuring
diatik jeung didik ku nu jadi guru.
Saperti halna di SDN 1
Kémbangkuning, tepang sareng Bu Guru Anah nu masihan kapercantenan pikeun sim
kuring ngamangpaatkeun élmu pangaweruh ngeunaan widang seni. Pon kitu deui di
SMA, Pa Jajang Koswara, anjeunna salaku kokolot gaganti bapana di Imah, tapi
disakola Pa Jajang sok méré suport ka para siswana hususna ka sim kuring dina
mangsa terjun ka masarakat. Saperti peupeujeuhna : “Néng Irma, tong petot-petot
diajar nu rajin, témbongkeun pangabisa tur teuleuman pangaresep urang, katut
sakola nepika jucung.”
Nya, peupeujeuh Pa Jajang jadi
motivasi keur sim kuring ngambah élmu di paguron luhur. Kuliah Jurusan Seni di
Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) Bandung. Pangdeudeul ti Pa Jajang nu
loba kawawuhan nepika asup ka UPI Bandung, kalayan lancar teu aya masalah. Pon
kitu deui nepika lulus tur diwisuda.
Kalih ti éta, harita nalika
kuliah aya nu janten pangrojongna keur sim kuring nyaéta Bapa Nandang Dosén
Akademik di UPI, nepika sim kuring kenging beasiswa. Kajaba dina nyieun tesisna
ogé dibimbing ku Pa Dosén Nandang, pon kitu deui Ibu Trianti Nugraheni jeung
Ibu Tati Narawati aranjeunna dina ngabahas Seni Domyak nu aya di Purwakarta di
daérah Kecamatan Darangdan, Désa Pasirangin. Ti dinya nalungtik ngeunaan seni
Domyak, yén harita mah seni Domyak téh aya ritual-ritual nu kabiasaan ku para
pelaku seni na. Tapi sim kuring teu ngabahas kana éta, kawates ku nalungtik
ngamumulé Seni Domyak nu hampir tumpur. Aéh, ayeuna sim kuring ngawulang dina
widang seni di SMAN 1 Jatiluhur tepang deui sareng Pa Jajang, malahan mah jadi
dunungan (Kepala Sekolah). “Nya, alhamdulillah tesis S2 sim kuring kalayan
lancar tur nepika diwisuda,” pokna wanoja nu tos batian dua urang budak lalaki.
Ku kituna, pangrojong ti nu
janten sepuh istri nyatana Éma Tri Handaya nu tiap waktu teu petot-petot
ngaduakeun sangkan budakna jadi jalama nu berhasil. Kalayan kituna og ti nu
jadi guru kalih Pa Dosén éta, Aéh, ayeuna sim kuring ngawulang dina widang seni
di SMAN 1 Jatiluhur tepang deui sareng Pa Jajang, malahan mah jadi dunungan
(Kepala Sekolah).
Masih ceuk awéwé nu ngajodo ka
Andhi Purwa Nugraha téh, resep kana seni téh nalika ti keur leutik kénéh. Mun
tiap aya kagiatan 17-san sok mintonkeun seni tari. Padahal, ti kulawargana teu
aya nu nurun kana widang seni.
Dina kasempetan éta, nu jadi
salakina, Andhi Purwa Nugraha ngebrehkeun ngeunaan pamajikanana kana widang
seni téh. Inyana mah ngarojong pisan. “Malah dina sanggar Kania Kancana, sim
kuring sok pirajinan milu ngawarnaan saperti dina raksukan keur pintonan para
penari sok dilengkepan ku askessories buatannna. Kajaba nu kiwari keur nyieun
mahkota ciri sanggar Seni Tari Kania Kancana,” pokna.
Lain deui ceuk Jajang Koswara,
ningali anak didikna jadi guru téh kalintang reueusna malah bingah pisan nepika
ayeuna milu marengan keur ngamajengkeun sakola, janten guru widang seni. Néng
Irma, emang murid anu kréatif tur pinter jeung calakan. “Kari-kari ayeuna lian
ti jdi guru di SMAN 1 Jatiluhur ogé ngadosénan di STKIP Purwakarta,” pokna
Jajang.*** Anto
Keterangan Poto
:
2.
Layang Pangajen Sanggar Seni
Kania Kancana ngeunaan Budaya
0 Response to "SANGGAR SENI KANIA KANCANA "Ngabentuk Karakter Siswa ku Seni Budadya""
Posting Komentar