Bilih aya nu Peryogi - MASRAHKEUN CALON PANGANTEN LALAKI
MASRAHKEUN CALON PANGANTEN LALAKI
M
|
inangka bubuka pisanggem, sim
kuring nyanggakeun sadaya puji ka Allah Nu Murbeng Alam, anu midameul sareng
ngurus bumi-langit katut eusina. Kuayana widi ti Anjeunna, urang tiasa kumpul
ngariung di dieu, enggoning nepangkeun sareung manjangkeun silaturahmi, antawis
kulawargi ti Citalang sareng kulawargi
ti Cibatu. Mugi-mugi waé ieu pajemuhan téh aya dina rido sareung ginulur rohmat
Gusti Yang Widi.
Bapa
Suhandi miwah Ibu sakalih.
Kitu deui
wargi wargi anu sami ngaluuhan ieu pajemuhan, misanggeum di die téh minangka
wawakil pun lanceuk, nya éta Bapa Tatang,
ti Citalang. Sim kuring dipasihan
pancén kedah masrahkeun putrana pun lanceuk, wastana pun Bagus, anu insya Allah moal lami deui badé didahupkeun ka putra
bapa Suhandi namina Néng Lina Marlina, S.Sos. kantenan, ieu
pancén téh kanggo sim kuring mah teu kinteun abotna. Rumaos pisan, sim kuring tuna
ku pangabisa. Sok rajeun sotéh aya anu ngahiras, ukur purah janten anu naktak mundak,
kurad-koréd pucal-pacul. Dupi ayuena, bet kedah wawakil kanggo masrahkeun pipanganténeun.
Asa rémpan sim kuring téh. Rémpan kudu kutilu. Boh bilih ieu pancén henteu
kaawakan ku sim kuring. Boh bilih aya basa nu kirang merenah larapna. Namung, kumargi
tos dipasihan kapercantenan anu sakitu ageungna ti kulawargi pun lanceuk, asa
awon kasebatna upami éta kapercantenan ku sim kuring dimomorékeun. Nya badé lahlahan
waé ieu mah, badé nyobi-nyobi, étang-étang lauk buruk milu mijah. Jalaran kitu,
langkung ti payun neda sihapunteun, bilih aya catur nu teu kaukur, bilih aya
basa nu teu Karéka.
Bapa
Suhandi miwah ibu sakalih.
Pun lanceuk
sawargi-wargi darongkap kadieu téh seja aya anu dipimaksad. Rupina ku Bapa
sareng Ibu Suhandi ogé parantos kagalih. Namung teu aya lepatna saupami ku sim
kuring didadarkeun deui kalawan langkung tandes.
Janteun kieu
gék-gékanana mah :
Pun lanceuk
téh gaduh budak, wastana pun Bagus. Nuju meujeuhna belekeseteng. Upami
dipapandeékeun kana hayam mah nuju jajangkar. Duka kumaha ngawitanana, éta pun
alo téh sering ngalalar ka Cibatu. Meusmeus kereles teu aya di rorompok.
Singhoréng téh geuning aya nu dianjing cai, aya nu dihéroan. Lami-lami rupina téh
dugi kawantun unggah. Tétéla geuning pun alo téh tos kabandang ku mojang lenjang
pencaran ti Cibatu, anu teu aya sanés putra kameumeut Bapa Suhandi, nya éta Néng
Lina Marlina téa.
Pun lanceuk
téh aya bingah aya rémpah. Dupi bingahna, éta geuning gaduh budak lalaki, pun Bagus téa, tos aya
gerentes niat rarabi. Ari rarabi téh, kanggé urang nu nganut agama Islam, apan
janten salahsawios sunah Rosul. Jalaran kitu, rumah tangga téh mangrupi bagian
tina ibadah. Éta kabingah anu teu kinten ageungna téh dupi nu mantak rémpan, boh
bilih mojang nu dipikahoyong pun Bagus téh ninggang kana babasan lain
banban lain pacing, kananga kuduna, lain babad lain tanding lain kadinya
kuduna, piit ngeundeuk-ngeundek pasir, cilencang mandé sagara. Margi
tangtosna ogé tos ka uninga ieuh, urang kampung bau lisung, rundayan bulu
taneuh tukang bebelokan dina leutak. Moal badé di sumput-sumput, da tos nembrak ieuh. Mung sakitu buktosna.
Sok sanaos
bari risi tur rémpan, pun lanceuk téh lah-lahan ngayakeun pamarekan ka
kulawargi Bapa Suhandi. Sawios disebat nahap-nahap keun manéh ogé, da
pamaksadan mah saé ieuh, hoyong manjangkeun silahturahmi manawi bahan katampi.
Alhamdulilah,
geuning panampian ti kulawargi Bapa Suhandi téh sakitu saéna. Éta kasaéan
kanggo pun lanceuk mah beurat nyuhun beurat nanggung katampi pisan kasaéan Bapa
Suhandi téh.
Jinisna,
nya éta pun Bagus sareng Néng Lina parantos batu turun keusik naék, kitu deui
sepuhna tumampi kalawan léah. Atuh teu kinteun bingahna. Dua pihakanana
parantos jinek, tos puguh bulé hideungna. Dua pihakanana parantos sapuk yén
kulawargi Bapa Suhandi sareng kulawargi pun lanceuk badé ngaraketkeun
kawargian, nya éta ku jalan ngadahupkeun pun Bagus ka Néng Lina.
Ayeuna
cunduk waktu datang mangsana, babadatenan kulawargi pun lanceuk sareng
kulawargi Bapa Suhandi téh badé dipaheutkeun dinteun ieu pisan. Ka anu haladir
di dieu ogé tangtosna tos kasaksén, kumaha dadahutna Bapa Suhandi kanggo ngalaksanakeun
jatukrami putrana. Uleman parantos sarumping kitu deui bapa-bapa patugas ti Kantor
Urusan Agama. Jalaran kitu, sim kuring anu ngawakilan kulawargi pun lanceuk ti Citalang,
seja masrahkeun pun alo, anu wasta lengkepna pun Bagus Ginanajar, SE, bin Tatang
Mustari, kango di tikahkeun ka Néng Lina Marlina, S.Sos binti Suhandi,
S.Pd,.M.M., pamugi Bapa Suhandi miwah Ibu sakalih ulah disaha-saha. Pamugi
ditampi ku kaweningan galih.
Taya
leupatna ku sim kuring didugikeun ka Bapa sareng Ibu Suhandi, réhna leres pisan
pun Bagus Ginanjar upami ditinggal lahiriah mah parantos jalugjug jangkung, namung
jero-jerona mah masih kénéh seueur pisan katunana. Sepi harti tuna pangabisa.
Janten masih kénéh bingbingeun. Upami dipapandékeun kana pacul mah, pacul nembé
bijil ti gasoli, doranna ruyung kawung anu masih kénéh kasar teu acan ngambeu
hampelas. Seseg, ari sesegna mah. Mung duka raoseun heunteuna mah. Mugi-mugi waé
ieu pacul téh mendak sawah anu lendo rupina téh, keun waé sina teras-teran
macul, engké ogé geura teu burung panén.
Ti Citalang ka
Cibatu
nyimpang heula
meuli kendi
Pa Tatang rék boga
minantu
putrana Bapa Suhandi
Nyimpang heula
meuli kendi
geuning loba nu
meulina
putrana Bapa
Suhandi
jenenganana Néng
Lina
Geuning loba nu
meulina
marilih meunang nu
alus
jeunenganana Néng
Lina
nu kapilih nya cép
Bagus
Marilih meunang nu
alus
mawana disakalikeun
nu kapilih nya cép
Bagus
ayeuna rék disérénkeun
Bapa miwah ibu Suhandi
sakalih.
Pun Bagus,
ibu ramana, katut sawargi wargi ngahaja dongkap ka dieu. Namung punteun waé,
dongkap na kulawargi pun lanceuk téh éstu mung ukur badé nyesahkeun. Teu jingjing
teu bawa, komo dituturkeun ku nunaranggung dongdang sapurartina mah. Henteu, teu
pisan. Sanés teu aya maksad, tapi da kumaha mung sakieu buktosna. Sanaos kitu,
ieu mah tambi indit ngaligincing tamba keupat ngagandeuang, tamba pamali teuing,
nya aya kagegelan mah ti pun alo. Hatur lumayan waé encit saceuwir étang-étang
kanggo minuhan juru dapur, sareng lalab rumbah kénging ngundeur saaya-aya.
Paralun sanés badé ngahinakeun, ieu mah éstu tawis kabingah anu clik pitih clak
hérang, kénging kampal kempel ladang rikrik gemi, bélaan ngadua-duakeun tina
huap. Pamugi waé Bapa miwah Ibu Suhandi teu ninggal tina jihat pangaos tina
rupina. Mangga nyanggakeun ieu ogé.
Sakitu anu
kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, pamugi agung cukup lumur kersa
ngahapunteun. Minangka pamungkas, sim kuring ngadu”a ka Anu Maha Kawasa, pamugi
waé rumah tangga anu badé diwangun ku pun Bagus sareung Néng Lina Marlina téh
sing aya dina rido Gusti. Sing lambat-lambat laun dugi kasalalamina. Atuh para
sepuh sareung wargi-wargi ti dua pihakanana sing tiasa maparin tuladan anu saé.
Cag
teundeun dina handeuleum sieum, tunda dina hanjuang siang paranti
nyoikotninggaklkeun.
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
Cag.
0 Response to "Bilih aya nu Peryogi - MASRAHKEUN CALON PANGANTEN LALAKI"
Posting Komentar