WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

17 Poé, Layon/Jasad Naoval Ngalalana Sakuliaheun Wahangan Ciherang Rébo 30 Januari 2019 Kapanggih Bari jeung Geus Buruk.


17 Poé, Layon/Jasad Naoval Ngalalana Sakuliaheun Wahangan Ciherang

Rébo 30 Januari 2019 Kapanggih Bari jeung Geus Buruk.

Lokasi TKP jasad/layon Naoval Raditiya di bantaran Wahangan Ciherang
Rabu (30/01) petang./Foto: Istimewa


BUNGURSARI - WARTA SUNDA ONLINÉ,

A
lhamdulillah, Budak kelas 6 SD nu titeuleum ka bawa caah di Wahangan Ciherang (Minggu (13/1) kamari, ahirna layon/jasad wastana Naoval Raditiya Maulana (12) geus kapanggih, Rébo (30/1/2019) ku salahsaurang warga Darmawan (41), warga Kampung Jatimulya, Désa Cibungur RT 14. RW 05 Kecamatan Bungursari Kabupatén Purwakarta.
Layon Naoval warga Perumahan BIP Blok H No. 09 RT.27/RW.09 Désa Cibening, Kecamatan Bungursari, Kabupatén Purwakarta éta, kapanggih ku Darmawan nu keur dugawé di kebon di sisi cai wahangan Ciherang.
Nurutkeun Kepala Dinas Pemadam Kebakaran dan Penanggulangan Bencana (DPKPB) Kabupatén Purwakarta, Wahyu Wibisono, yén Darmawan kaget manggihan jasad budak, inyana langsung lapor ka satpam Perumahan Pesona Jati Indah. Pon kitu deui koordinasi sareng Babinsa satempat Sertu Anang jeung Serda Edi anggota Koramil 1904/Campaka.
"Warga langsung koordinasi jeung Babinsa Désa Cibungur datang ka TKP di Kampung Jati Mulya RT.14/RW.05, Désa Cibungur, Kecamatan Bungursari Kabupatén Purwakarta. TKP éta téh ngan ukur + 3 kilométér ti lokasi nu mimiti korban ti teuleum kabawa palid téa," kitu ceuk Wibi.
Kronologi timuna jasad Nouval téh, ceuk Wibi, mimitina mah nu keur dugawé di kebon di sisi cai wahangan Ciherang.
"kira-kira jam 14.30 WIB, Darmawan ningali jasad mirip manusia nu ngambang di wahangan dina juru rukun. Kulantaran panasaran, nya Darmawan nyamperkeun kana éta mayit bari jeung ngoér-ngoér maké awi sangkan éta mayit ka sisi. Selang sababaraha menit, éta layon Nouval bisa disisi cai, teu deui ka bawa cai nu gedé,” kitu ceuk Wibi nirukeun omongan Darmawan.
Masih ceuk  Wibi, Darmawan nya langsung koordinasi jeung pihak sekuriti perumahan nu aya dilokasi teu jauh ti TKP. Salajengna sekuriti koordinasi sareng pihak Babinsa satempat.



"Teu kungsi lila Babinsa datang ka TKP, bari jeung ngahubungi bapana Nouval pikeun méré katerangan yén anakna geus kapanggih. Nya, Bapana Nauval teu lila geus aya di TKP, pikeun nyaksenan yén layon jeung jasad anakna geus kapangginh, nanging layon éta téh geus buruk, ma’lum geus 17 poé kakara kapanggih bari jeung kaayaan geus buruk,” pokna.
Wibi nambahkeun yén layon/jasad Nouval geus dievakuasi jeung dibawa ka Rumah Sakit Bayu Asih. Pikeun divisum. Layon Nouval rencanana rék dibawa ka imah duka di Perumahan BIP jeung pihak keluarga rék di kuburkeun dipajaratan di Bandung," pokna nirukeun omongan bapana Naoval.

Lokasi TKP jasad/layon Naoval Raditiya di bantaran Wahangan Ciherang

Rabu (30/01) petang./Foto: Istimewa

Kasangtukang kajadian Nouval Raditiya Maulana, siswa kelas 6 SD pamitan ka nu jadi indung bapana rék ulin maén bal bari jeung huhujanan katut tujuh urang baturna, Minggu (13/1/2019) kamari.


Nalika rengsé maén bal, Naoval nu keur merihan kolorna. Naoval tiseureuleu ka éta wahangan Ciherang bari jeung kabawa cai nu caah. Tim Gabungan Operasi SAR Nouval langsung operasi nyisir néangan layon/jasad Naoval nepika nu direncanakeun 7 (tujuh) poé teu kkapanggih. Kapanggih-kapanggih ku warga geus 17 (ttujuh welas) poé bari jeung layonna geus buruk.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "17 Poé, Layon/Jasad Naoval Ngalalana Sakuliaheun Wahangan Ciherang Rébo 30 Januari 2019 Kapanggih Bari jeung Geus Buruk."

Posting Komentar