WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

1. N i n e u n g - Kumpulan Panineungan: Cecep Hermawan, S.Pd.

Kumpulan Panineungan: Cecep Hermawan, S.Pd.
LEMBUR SINGKUR DI PAKIDULAN

1.  N i n e u n g


K
uring mah lahir jeung digedékeun téh éstu di pilemburan, nyatana di pakidulan Cianjur; nu perenahna di Kampung Sukasirna Désa Kalibaru Kacamatan Pagelaran. Atuh kangaranan hirup di lembur, katambah harita mah (taun  dalapan puluhan) utamana widang téhnologi inpormasi jeung hiburan, can meuweuh siga ayeuna, kahirupan téh éstu sarwa pilemburan baé. Kadaharan jeung inuman éstu ngagunakeun bahan jeung cara pilemburan, papakéan (najan sabangsaning kaén, baju, calana jeung sajabana) geus didatangkeun ti kota, tapi lebah dipaké mah katémbong kénéh ciri lemburna téh. Pareng hiburan, nya kitu téa wé boh di nu hajatan boh dina acara tujuh-belas-agustusan tara jauh tina nanggap calung, réog, kungsi ogé lalajo gondang, rada onjoyna wayang golék, orkés malayu/dangdutan, jeung layar tanceb. Pantun jeung beluk mah kuring teu ngajamanan. 
Nineung puguh gé, mun pareng nyoréang mangsa ka tukang nalika tata katut cara kahirupan di pilemburan masih kénéh némbongkeun ciri lemburna.
Harita mah imah-imah gé masih imah panggung. Tapi ayeuna, apan geus ampir patengah malah boa leuwih, imah-imah téh diwangunna make bata ditémbok, nu sakapeung mah teu merhatikeun kana kualitas kakuatanana, dapon jadi baé.
Kuring mah lahir jeung digedékeun téh éstu di pilemburan, nyatana di pakidulan Cianjur; nu perenahna di Kampung Sukasirna Desa Kalibaru Kacamatan Pagelaran.
Barudak, isuk-isuk ngabring ka sakola, balikna sagawéna-sabisana-saresepna; nu kana ngala suluh, ngangon domba, embé, munding, ngarit (ngala jukut keur parab ingon-ingon); lolobana mah kétang nu ngadon ulin baé, tapi ulinna ogé ala pilemburan, kayaning ucing-ucingan, gatrik, sondah, galah, langlayangan, guyang bari kokodok di wahangan, jeung sajabana, rupa-rupa kagiatanana luyu jeung uusumanana. Iwal anu rada hésé néangan téh nyatana budak anu ngapalkeun pangajaran sakola. Duka ku naon, lamun wanci soré geus datang, barudak marandi-dalahar, tuluy bring ka pangajian (pasantrén). Biasa disebutna téh nyantri kalong lantaran umumna indit soré terus mondok di pangajian, isuk-isuk kakara balik ka imah, mandi, mumuluk, terus sakola, kitu jeung kitu saterusna.
Barudak ayeuna mah rada daék kana ngapalkeun pangajaran sakola téh, ngan hanjakal kana digarawé jadi ngedul. Enya pan baheula mah nyangu jeung usak-asak téh maké seuneu tina hawu, atuh suluh téh kacida pentingna, nu matak barudak ogé sok kabagéan néangan suluh boh ka kebon boh ka leuweung. Ayeuna mah duka pédah kompor gas él-pi-ji geus nepi ka pilemburan, atawa pédah saribuk ngapalkeun, atawa duka teuing ku naon, barudak téh geus arang nu daék deui ngala suluh.
Mun baheula barudak téh baroga akuan ingon-ingon sorangan boh hayamna boh dombana, atuh meni getén-tulatén palebah ngurusna téh. Tapi kiwari, barudak lembur téh kana ngangon jeung ngarit geus loba nu teu bisaeun-bisaeun acan, komo mantuan kolotna digawé di sawah; macul, nyambut, babut tandur, atawa nyacar, mencug, jeung ngoyos di huma mah.
Pareng hayang dahar jeung lauk, pan sagala hayang kari am, ngalana dipangalakeun, dipangmeuleumkeun. Teu daék ngodok atawa néwak jeung ngasakan sorangan mah.
Nyawang kana kaayaan alamna, harita mah karasa subur, cai cur-cor nepi ka pipir. Mun pareng usum ngijih, komo ninggang di pabaru Cina mah (bulan Pebruarian) sasat di unggal kebon suung nyarungku, ti mimiti suung bulan, suung sanggal, suung rampak, nepi ka utah suung, lémbér, supa kawung, supa ciung, jeung sajabana.
Barudak mantuan kolotna digawé di sawah; macul, nyambut, babut tandur, atawa nyacar, mencug, jeung ngoyos di huma, nepi ka datang mangsana panén.
Ayeuna, boro-boro cai ngocor ka pipir, sawah Mang Dudu jeung Mang Ajun nu aya rada jauh lebakeun imah ogé nu ledokna téh beuki ngurangan baé. Atuh bangsaning supa jeung suung siga nu lebar dipulung.
Kira-kira dua ratus méter lebakeun imah, aya wahangan leutik nu nepi ka kiwari teu kungsi nyaho ngaranna.
Harita mah éta wahangan téh mangrupa tempat kuring jeung babaturan nyieun bebendungan tuluy ngojay bari rarakitan ku gebog cau, mun teu kitu  kawantu loba kénéh bogo jeung beunteurna, sakapeung mah nila, jaér, lauk emas jeung lélé ogé aya. Nya di wahangan éta kuring nguseup, ngecrik, kokodok nepi ka marak  téh. Tapi kiwari, éta wahangan leutik téh geus ampir teu kaciri, kari urutna wungkul.
Cai nu ngagenclang tempat kuring kokojayan, curug nu ngaguruh lebakeun jalan, nyurug tina lebah dapuran haur nu matak keueung mun kuring pareng ngaliwat peuting lamun kabur ti pasantrén; beunteur jaér, nila, lélé, duka ka mana léosna.
Ah, enya matak nineung, komo ayeuna kuring nyawangna ti padumukan nu teu kungsi méré panineungan nalika mangsana kuring ngumbar-nyacapkeun pangaresep ilaharna barudak lembur.

Pasawahan, 23-11-2009

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "1. N i n e u n g - Kumpulan Panineungan: Cecep Hermawan, S.Pd."

Posting Komentar