Prayoga Adiwisastra - Sketsa - Gelebeg
Sketsa - Gelebeg
P
|

Barang anjog ka Pasar Kecamatan Pléréd,
Kabupatén Purwakarta, enya baé délman jeung ojég mani ngajalajar di sisi jalan.
Tayohna mah tepi ka nyontang jalan raya. Ku kituna, teu matak héran mun lebah
dinya remen macét téh. Kawuwuh hawa beurang nyongkab kacida, turta haseup
kandaraan sarta kekebul beuki nambahan karungsing tengahing beurang
bayeungyang.
Tétéla masih aya gelebeg téh di antara ngajalajarna
délman jeung ojég, sok sanajan harita nu kasampak téh ngan kari hiji. Tapi moal
kasamaran, da gelebeg mah wangunna rada béda jeung délman. Bédana, gelebeg mah
wangunna pasagi cara gorobag, titincakan paranti turun unggah nu tarumpakna aya
ukur aya di kénca jeung di katuhu, teu cara délman nu titincakanana aya di
tukang, di kénca, jeung di katuhu. Salian ti éta, dina gelebeg mah nu tarumpak
téh diukna malik ka hareup, kumaha wé cara dina beus, da kapan dina délman mah
nu tarumpak téh diukna nyanghareup ka kénca jeung ka katuhu cara dina angkot.
Ari nu séjénna, saperti roda, bom, tihang, jeung tali kadali mah sarua baé
jeung délman.
Mun ditengetan mah gelebeg téh réa sasaruanana,
kayaning sado, délman, kahar, padati, kéréték, nayor, jsb. Anapon dina basa
Indonésia mah aya andong, keréta kuda, jsb. Sok sanajan saliwatan mah wangunna
méh sarua, tapi keukeuh mun dititénan mah aya bédana saperti nu geus
dijéntrékeun tadi. Anapon sacara guna jeung tanagana mah sarua baé, nyaéta alat
transportasi anu maké tanaga kuda.
Mimiti ayana gelebeg di Kecamatan Pléréd téh
kurang leuwih ti taun 1960-an. Mangsa harita aya kawijakan ékonomi ti
pamaréntah anu nurunkeun niléy duit. Éta duit téh sok padanyebut duit galabag.
Ku kituna, bisa jadi kecap gelebeg téh asalna tina kecap galabag.
Jaja, salasahiji kusir gelebeg, nétélakeun ti
taun 2010 gelebeg geus nyirorot pisan jumlahna, tina 315 gelebeg, ayeuna nu
nyésa téh kurang leuwih kari 40 gelebeg, diantarana 20 jurusan Cipancur, 8
jurusan Sempur, 6 jurusan Warung Jeruk, jeung 2 jurusan Cianting. Ari sabab
nyirorotna mah rupa-rupa, diantarana alatan loba nu pindah pacabakan kana
ngojég, karyawan pabrik, jeung pakasaban séjénna nu ditaksir bakal leuwih
nguntungkeun. Tapi katitén délman mah sabalikna, jumlahna beuki nambahan baé.
“Penghasilan kapungkur mah tiasa dugi ka
saratus lima puluh rébu. Ayeuna mah paling tilu puluh rébuan. Seueur
ngadaweung. Nuju ramé, ramé. Nuju henteu mah, henteu. Ayeuna mah nu ageung téh
upami aya pesenan pawéy. Kapungkur mah dugi ka tiasa réréongan ngempelkeun
artos kanggo kusir nu kacilakaan.” ceuk Jaja, dibarung ku paroman nu bangun
ngumbar panineungan.
Salian ti beubeunangan nu ngurangan, Jaja ogé
kudu getén méré parab jeung mariksa kaséhatan kudana. Ceuk kateranganana, dina
sapoé kuda téh kudu baé diparaban ku huut tilu kilo, ongok opat kilo, jeung
jukut sakarung. Katambah mariksa kaséhatan kuda tilu bulan sakali ka nu husus
sok mariksana. Teu kawangwang kumaha carana ngokolakeun duit tilu puluh rébu
kana pangabutuh kulawarga, parab, jeung waragad pikeun mariksa kaséhatan kuda.
Masih nganteng dina panineungan, mangsa gelebeg
keur sumedeng ceuyah, padatarumpak, padamikaresep. Kapireng kénéh sora
“Kotoplak, kotoplak.” tina ladam kuda, turta ngoncrangna sora kusir “Has!
Has!”. Bet ayeuna gelebeg geus sakitu nyirorot jumlahna, matak susah deui mun
samangsa-mangsa hayang tumpak.***
*Dimuat di
tabloid Galura
0 Response to "Prayoga Adiwisastra - Sketsa - Gelebeg"
Posting Komentar