Panineungan Ki Engkos Kosasih Barnas Somantri (Alm) - Dalang Kahot
Wayang Jeung Elmu Pangaweruh
Ki ENGKOS KOSASIH BARNAS SOMANTRI
(Alm)
Para
Mitra kanca Warta Sunda Onliné sadaya, diuningakeun réhna dina ngawitan édisi
ayeuna, Warta Sunda Onliné baris midangkeun hiji pangaweruh dina wanda
Padalangan anu judulna WAYANG JEUNG ÉLMU PANGAWERUH pedaran Ki Dalang ENGKOS
KOSASIH BARNAS SOMANTRI (Alm), manténna téh salah saurang pini sepuh seni
Padalangan Purwakarta, atuh mudah-mudahan dina pedarannana ieu sing
ngajantenkeun leuit pangarti, nambahan ambahan Élmu Pangaweruh dina widang
Padalangan.
G
|
aris
gedena ngawayang sapeuting jeput teh nyaritakeun jalanna lalakon wayang. Naha
lalakon Pakem Mahabaratha, Ramayana, Lalakon Sempalan atawa Carangan (Karangan)
gumantung kumaha Ki Dalang. Tegesana lalakon mah teu jadi soal, rék maké lalakon
naon baé ogé. Ngan anu jadi pertanyaan téh naha ngawayang nu sapeuting jeput téh
Ukur Nyaritakeun Jalanna Lalakon?.
Jawabna : mun Ki Dalang ukur
nyaritakeun jalanna lalakon baé ngawayangna henteu sampurna, ibarat angeun teu
disambaraan, cawerang karasana. Ari ngawayang cawerang téh ngandung harti
ngabahas lalakonna “Henteu Ngeusi” bolostrong taya pulunganeun nu lalajo.
Padahal tiap lalakon téh aya témana, naha soal parebut kakawasaan nagara, soal
asmara, ngadu élmu jeung sajabana. Téma éta téh jadi inti sari lalakon anu kudu
dieusian ku rupa-rupa pangaweruh, luyu jeung maksudna.

Ari ngadalang anu ukur nyaritakeun jalanna lalakon téh contona saperti kieu : “Di nagara Pasebrangan, Prabu Kala Bergawa dideuheusan ku patih jeung ponggawa mantrina. Sanggeus lagu diturunkeun/dieureunkeun tuluy dalang kakawen jeung nyandra disambung ku biantara.

Ari ngadalang anu ukur nyaritakeun jalanna lalakon téh contona saperti kieu : “Di nagara Pasebrangan, Prabu Kala Bergawa dideuheusan ku patih jeung ponggawa mantrina. Sanggeus lagu diturunkeun/dieureunkeun tuluy dalang kakawen jeung nyandra disambung ku biantara.
Raja : “Eit, patih, sukur bagja
kumanjangan sampean geus aya dipanangkilan. E, e, saenyana kaula keur bingung
teu manggih tungtung, susah teu manggih lebah, mikiran nu dipikahayang ku
kaula”.
Patih : “Dawuh, paingan atuh
gusti, ngangkir abdi gusti ngadadak pisan. Sihoreng paduka nuju kahemengan
panggalih. Kukituna sumangga geura uningakeun naon anu jadi kabingung ka dampal
paduka dalem kaulanun”.
Raja : “Eit, kieu patih. Kaula téh
keur meujeuhna gandrung kapirangrung kabiruyung ku gelung, kaedannan ku wanoja
anu geulisna kawanti-wanti éndah taya papadana. Mun peuting kaimpi-impi,
beurang teu weleh kapicangcam, patih”.
Patih : “Kahartos kaulanun.
Naging saha éta putri téh; naha putri urang dieu atanapi putri ti mancanagara,
sareng saha kakasihna?”.
Raja
: “Eit, éta putri téh ngaranna Subadra urang Madukara”.
Patih
: “Dawuh. Lajeng kumaha ayeuna pangersa téh kaulanun”.
Raja
: “E, e, sampean kudu indit ka Madukara sarta paling éta putri sing kabawa, ku
kaula rék dijieun prameswari, patih”.
Patih
: “Unjuk sumangga. Nanging iraha abdi gusti kedah mios téh kaulanun?”.
Raja
: “E, ulah diengkekeun deui ayeuna kénéh sampean kudu mangkat jalankeun
parentah kaula, ngarti!”.
Patih
: “Sapangersa diestokeun pisan. Pamit kaulanun!”.
Raja
: “Bral patih!”.
Paguneman antara raja jeung patih
dipungkas nepi kadinya. Tah cara ngawayang sarupa kitu nu disebut ukur
nyaritakeun jalanna lalakon alias bolostrong téa. Pangna disebut bolostrong
dumeh jalanna lalakon teu di “bungbuan” ku pangaweruh anu matak ngahirupkeun
jalanna paguneman antara raja jeung patihna. Ieu hartina ki dalang heureut ku élmu
kurang panalarna. Padahal dina tiap adegan téh ki dalang kudu bisa ngareka ku
rupa-rupa bahan picaritaeun anu luyu jeung maksudna. Walhasil cara ngadalang
sarupa kitu baris leungiteun daya tarik kanu narongton, malah tungtungna
ngundang kabosen sabab ngadalangna monoton. Padahal predikat dalang téh geus
kaceluk purah “NGUDAL PIWULANG”, hartina nu sok méré piwulang dina sagala hal
kalawan parantaraan tokoh-tokoh wayangna ku jalan ngeusian jalanna lalakon.
Kukituna merenah dina tempatna
mun dalang pinuh ku élmu jembar ku panalar, reumbeuy alaeun sugih petikeun boh
lahirna atawa batinna.
Tegesna mah urang hirup téh perlu
néangan élmu, nyaéta élmu Allah, da sanajan ngawayang ogé élmuna kagungan
anjeunNa kénéh. Ari élmu Allah téh lamun ditulis moal cukup ku mangsi saeusi
sagara, moal cekap ku keretas saayana daun di alam dunya, bawaning ku lobana
jeung rupa-rupa warnana.
Kumaha jalanna urang mulungan/néangan élmu?. Mulungan/néangan élmu
salian ti indung bapa, ti guru jeung ti papada kaula téh, ogé ceuk kolot mah cénah
: “TÉANGAN ÉLMU DINA LUANG JEUNG DALUANG”.
Élmu tina LUANG, ieu mah élmu anu
geus diyakinkeun atawa karandapan ku sorangan, teu nginjeum ceuli teu nginjeum
mata, teu kapalingan rasa, pait peuheurna bener henteuna da kaalaman ku
pribadi. Tegesna mah LUANG téh PANGALAMAN. Jadi lamun urang loba luang/loba
pangalaman tangtu lega ambahan atawa wawasan, loba kanyaho.
Ari élmu tina DALUANG nyaéta élmu
tina keretas anu aya tulisan tegesna : “Buku”. Ngandung harti élmu téh aya dina
buku. Kukituna para Dalang the kudu ngabiasakeun maca buku, sabab buku téh
gudangna élmu. Jalma nu resep maca sok rada onjoy kanyahona ti sasama anu tara
biasa maca buku. Tah élmu jeung pangalaman ieu anu bisa nambahan pangaweruh ka
para Dalang pikeun “ngabungbuan” jalanna lalakon wayang. Ieu ngandung harti
jadi Dalang téh henteu cukup ukur neuleuman élmu padalangannana baé, tapi kudu
dibarengan ku élmu pangaweruh umum (élmu pengetahuan umum) pikeun ngaronjatkeun
ajén/mutu garapan padalangan sangkan leubeut
araheun, sugih petikeun nu lalajo téa.
*****
Dina Abad Milinéa.
Bangsa Indonésia geus asup ka
jaman anu téknologina leuwih canggih, dijaman kiwari kajadian parobahan nilai
ti masyarakat tradisional ka masyarakat modérn. Kusabab éta kagiatan budaya ogé
kudu bisa nyaluyukeun diri jeung situasina. Kitu deui seni padalangan kudu
ngaronjatkeun mutu garapannana ku jalan inovasi/parubahan pikeun nyaimbangkeun
garapanna jeung kamajuan jaman. Ngan baé dina parubahan ulah nepi ka paribasa
“TUNGGUL DI RARUD CATANG DI RUMPAK”. Upamana ngawayang diiring ku orkes dangdut
komo jeung dijogedan mah, atawa hal-hal anu henteu pantés digelar dina
pagelaran wayang.
Nu dimaksud ngarobah padalangan téh nyaéta, ningkatkeun
ajén atawa mutu garapan ngadalangna diantarana anu tadi diterangkeun, nyaéta ngadalang ulah
ukur nyaritakeun jalanna
lalakon baé, tapi kudu dieusian ku rupa-rupa pangaweruh sangkan boga
daya tarik jeung aya mangfaatna kanu
lalajo.
Komo dina nyanghareupan abad milinéa,
anu lalajo téh lolobana anu ngarora anu pamikirannana dumasar sacara rasional,
atawa nu kaharti ku akal jeung pikiran maranéhna. Tah lebah dieu para dalang
kudu bisa nyaimbangkeun antara garapan ngadalangna jeung daya pamikiran atawa
daya tangkap maranéhna. Sabab paéh hirupna seni padalangan dina waktu nu baris
datang, gumantung kana dukungan anu ngarora. Tegesna angkatan ngora téh kacida
dipikaharepna pikeun neruskeun karesep kaun dewasa jeung para sepuh kana seni padalangan.
Kukituna para dalang khususna,
dalang angkatan ngora kudu siap sayaga ti ayeuna kénéh, getol ngulik pangaweruh
boh lahir atawa batin jeung hal-hal anu saluyu jeung kamajuan jaman.
*****
Ayeuna urang nyaritakeun alat peraga
padalangan sunda nyaéta WAYANG GOLEK. Anu dimaksud didieu nyaéta
“kaserbagunaan” ngagerakkeun wayangna. Hal ieu penting pisan sabab dumasar kana
panalitian loba kénéh para dalang anu can ngarti atawa can bisa ngamangfaatkeun
kaserbagunaan wayang golek
dina magelaran.
Di dunya seni padalangan aya
sababaraha rupa wayang diantarana, Wayang Bali, Wayang Kalimantan, Wayang
Sigale-gale, Wayang Kulit Jawa, Wayang Kulit Betawi, Wayang Suluh jeung
sajabana salian ti wayang golek Sunda jeung wayang kulit jawa. Lamun
dibandingkeun hirupna ngagerakkeun antara wayang golek jeung wayang kulit,
tangtu leuwih hirup wayang golek. Wayang golek mah sirahna bisa ngalieuk kasisi
kagigir, awakna bisa digerak-gerakkeun niru nu ngarenghap/narik nafas. Atuh
leungeunna bisa digerakkeun kalawan bebas niru ibing atawa jurus penca tegesna
bisa digerakkeun lir jalma hirup. Sedengkeun wayang kulit, eukeur mah bangunna
ipis, sirahna jeung awakna henteu bisa gulakgilek saperti wayang golek. Rajeun
obah, digebeg-gebeg atawa dioyag-oyag, iwal ti leungeunna anu bisa digerakkeun
téh.
Tapi naha dina prung na manggung
magelaran kalan-kalan bét hirup kénéh wayang kulit batan wayang golek?. Lain
hirup duméh wayang kulit mah hampang, da
ari dalangna males mah tetep baé henteu hirup. Horéng simana horéng sanggeus
ditaliti pangna pagelaran wayang golek kurang hirup téh, ki dalangna kurang
ngamangfaatkeun kaserbagunaan wayangna/wayang
golek.
Contona : Wayang bingung, diantep
nanceb dina gebog ukur tudingna diacung-acung nyabakan sirahna; wayang keur
nyarita serius henteu digerakkeun atawa ngalejeg, ukur leungeunna
diacung-acung. Kitu deui wayang keur ambek, gumbira, sedih jeung sajabana
diantep nanceb henteu dicabut diperagakeun. Tungtungna pagelaran wayang anu
kuduna hirup téh jadi pasip, da ki dalang henteu ngamangfaatkeun kaserbagunaan
wayang gokena.
Padahal sawaktu-waktu wayang téh
kudu dicabut digerak-gerakkeun lir jalma hirup ngajiga-jiga nu keur bingung,
keur sedih, gumbira, ambek jeung sajabana.
MA SALMUN dina bukuna judul : “PADALANGAN” netelakeun kieu : “Saparipolah wayang téh kudu dijiga-jiga, disusurup kana semu, diudagkeun kana wanda, sing pantés sing ninggang ulah sulaya tina ringkang”. Menengna nu ayem, nepi ka rikat trangginasna nu perang kudu lir jalma hirup. Harempoyna nu mando, cedokna nu nyembah, langgeorna nu keupat, gidigna nu rusuh, cileungna nu sieun jeung berebetna nu lumpat porongosna nu ambek kudu nyeplés kitu deui dina ngigelkeunnana.
MA SALMUN dina bukuna judul : “PADALANGAN” netelakeun kieu : “Saparipolah wayang téh kudu dijiga-jiga, disusurup kana semu, diudagkeun kana wanda, sing pantés sing ninggang ulah sulaya tina ringkang”. Menengna nu ayem, nepi ka rikat trangginasna nu perang kudu lir jalma hirup. Harempoyna nu mando, cedokna nu nyembah, langgeorna nu keupat, gidigna nu rusuh, cileungna nu sieun jeung berebetna nu lumpat porongosna nu ambek kudu nyeplés kitu deui dina ngigelkeunnana.
Naon anu diterangkeun ku MA SALMUN téh ku sabab wayang golek miboga
kaserbagunaan téa, bisa digerak-gerakkeun lir jalma hirup.
Lian ti éta dina ngawayang téh
masih aya kénéh syarat-syarat lianna saperti : Amardawalagu, Amardibasa,
Antawacana, Éngés.
Ari Amardawalagu nyaéta dalang kudu paham kana laras surupan gambelan
sangkan dina ngahaleuangkeun kakawén, nyandra, renggan, sendon luyu jeung
surupan gambelan.
Amardibasa nyaéta undak usuk lemes kasarna
basa kudu merenah nerapkeunnana, nurutkeun kapangkatan, saluhuren sahandapeun,
lian ti éta dialog kudu ngeusi ngandung harti.
Antawacana nyaéta ngabéda-béda sora,
lentong jeung pok-pokannana tokoh wayang luyu jeung karakter masing-masing.
Éngés hartina ngajiwaan adegan nu
digelar, ngahudang rasa panongton ku rupa-rupa kajadian saperti : pikasediheun,
tresna, narik birahi jeung sajabana. Banyol lucu heureuyna, ngandung harti tur
merenah dina tempatna. Satuluyna, tata wayang kudu merenah nurutkeun tingkatan
kapangkatan, saluhureun sahandapeun. Ogé nyabut wayang ulah dapon tapi kudu
tartib rapih. Kitu deui papakean ulah orowodol tapi kudu pantes luyu jeung
kaayaan medan pesta.
Asa teu salah-salah teuing lamun
tugas Dalang disebut “IBADAH” keur jalma réa. Ti mimiti diuk nyanghareupan
jagat khayal, dirina geus mimiti
ngamalkeun élmu jeung seni anugrah nu Maha Suci nyaéta seni padalangan.
Dina ngamalkeun élmu jeung seni téh
dalang nyaritakeun perilaku hirup nu hadé jeung nu goréng, bener jeung nu salah
sarta nangtukeun hukum sabab jeung akibatna. Hal ieu digambarkeun ku
tokoh-tokoh wayang nu jadi
pelakuna.
Salian ti éta dalang ogé méré
kani’matan, kaendahan jeung kagumbiraan ku basa jeung sastrana, tembang kakawén,
ibing wayang, jeung luluconna. Malah sakapeung dalang mawa panongton kana
suasana nu pikasediheun.
Dalang nu arif bijaksana sarta
miboga élmu pangaweruh nu cukup, lega ambahanana boh kalahiran atawa kabatinan,
tara kendat ngedalkeun ajaran-ajaran falsafah hirup, étika (adat, peradaban)
jeung moral (sopan santun, kasusilaan) anu kukituna pagelaran wayang téh
miboga daya tarik, berbobot aya hikmahna keur nu lalajo. Dalang ogé méré
hiburan ku lalaguan jeung bodor panakawan. Ieu ngandung harti tugas dalang téh
teu béda ti ngajalankeun ibadah
pikeun jalma réa.
*****
Orientasi wayang téh panongton.
Antara wayang (dalang) jeung panongton aya hubungan batin saling
pikabutuh. Wayang butuh dukungan panongton, panongton butuh
ku rasa puas kana obyek
anu ditongtonna.
Pikeun nyumponan kabutuh éta,
dalang kudu mampu ngahudang emosi nu nongton dina rupa-rupa kondisi saperti,
rasa sedih, prihatin, bingung, gumbira, keuheul, kesel malah pikasebeleun
kujalan ngagunakeun sistim komunikasi “EMPATY”. Empaty dina istilah padalangan
saharti jeung renggep nyaéta, garapanana teu ngabosenkeun, dialog wayangna
narik tur ngeusi, ibing jeung tehnik
merangkeun kataji, ngabodorna lucu jeung sajabana.
Akhirna muga-muga wayang golek,
ayeuna jeung kahareupna baris tetep miboga harti anu penting pikeun sarana
hiburan jeung ngandung hikmah anu hadé pikeun kamaslahatan hirup jeung huripna
masyarakat, sarta baris dipicinta ku anak incu urang di abad milinéa nu baris
datang. Amiin.
Sakitu, anu kapihatur,
mudah-mudahan pedaran ieu ageung mangfaatna terutami kanggo para generasi muda
anu bakal jadi ahli waris neraskeun bangsa jeung nagara urang, khususna pikeun
neruskeun jeung ngamumulé seni budaya Sunda sangkan tiasa nanjeur salalawasna.
Ogé dibewarakeun ka sakumna mitra Warta
Sunda Onliné anu resep ngadamel seratan mangrupi carita atanapi artikel saé
dikintunkeun waé ka alamat redaksi.
Bobot sapanon carang sapakan urang tunda dihandeuleum sieum geusan sampeureun,
tunda di hanjuang siang geusan alaeun.*** CAG
0 Response to "Panineungan Ki Engkos Kosasih Barnas Somantri (Alm) - Dalang Kahot"
Posting Komentar