WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

DONGÉNG - Asal Muasal Reungit Sok Disada Kana Ceuli

Asal Muasal 
Reungit Sok Disada Kana Ceuli





J
aman baheula aya hiji nagara reungit, anu diratuan ku reungit awéwé, nu nelah Ratu Étékéwér. Éta nagara pohara beungharna. Tentarana garagah, patihna nu nelah Ki Suliwer, kacida satiana.
Dina hiji peuting, keur jemplang- jempling, aya jalma asup ka karaton Ratu Étékéwér. Kabeneran tentarana anu jaraga sararé mani talibra, atuh éta jalma téh jongjon asup ka kamar Ratu Étékéwér. Kabeneran Ratu ogé keur tibra saré.
Karayap éta jalma téh ngadeukeutan Sang Ratu Étékéwér, tuluy suweng nu dipaké ku Sang Ratu dilaanan. Tapi karék gé dilaan sabeulah, kaburu Ratu Étékéwér hudang mantén, tuluy gogorowokan, "Bangsaaat! Bangsaaat! Bangsaaat!"
Éta jalma téh gura-giru kaluar, terus kabur bari mawa suweng sabeulah. Tentarana nu jaraga téa, tuluy harudang, Patih Ki Suliwer cakah-cikih paparéntah, tuluy ngarudag, tapi éta jalma teu kasusul. Isukna Ratu Étékéwér, maréntah ka tentarana jeung rahayatna, pokna: "Sakabéh bangsa reungit, ti mimiti ayeuna kudu naréangan suweng anu dipaling téa, pék tarempoan diunggal ceuli jelema!"
Ti harita sakabéh naréangan éta suweng. Nepi ka kiwari reungit-reungit téh masih kénéh naréangan éta suweng nempoan kana ceuli sakur jalma, bari disada, "Suengng....."***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "DONGÉNG - Asal Muasal Reungit Sok Disada Kana Ceuli "

Posting Komentar