Warta Ti SMP
Ti Kénca Éndé Mulyana, Rizal Akbar, Thariq Muharamsyah, Nurhasanah, Résa, Siti Sri Kaswati, S.Pd (Kep. SMPN 1 Kiarapedes), Jaka Susila (Wakasek Kesiswaan), Dinda, Eva Nurhalimah, Alda, Devina Dikta Fiona
Siswa SMPN 1
Kiarapedes Purwakarta
Mindeng Pinunjul
Dina Widang Penca
Warta Sunda Online,
“SMPN 1
Kiarapedes sapuluh urang wawakil siswana nyangking préstasi dina widang silat,
malihan mah nyangking pinunjul dina kejuaraan nasional.” ceuk Éndé Mulyana,
Pelatih Perguruan Pencak Silat “Gerak Bumi Indonésia Cabang Kiarapedes,
Purwakarta, waktu ngawangkong jeung WSO
di SMPN 1 Kiarapedes (12/11).
Kajuaraan
nu kungsi diiluan ku Siswa SMPN 1 Kiarapedes téh diantarana Open Tournament
Pencak Silat UNSIKA Pencak Silat Championship II 2018 Tingkat SD, SMP/MTs,
SMA/SLTA & Dewasa, 21-24 Oktober 2018 di Karawng. Eva Nurhalimah nyangking
Juara I (medali Emas), Rizal Akbar Juara I (Emas), Thariq Muharamsyah Juara II
(Perak) jeung Nurhasanah Juara III (Perunggu).
Dina “Bhaladhika
Karya Jawa Barat Cup” Kejuaraan Pencak Silat Se-Jawa Barat & Tingkat
Pelajar SMP/SLTA Se-Kabupatén Purwakarta Pencak Silat Spirit Budaya Sunda, nu
nyangking jura : Resa (Emas), Nasip Rade Putra (Emas), Déa Andini (Perak),
Usman (Perak), jeung Devina (Perunggu).
“IPSI Cup
II” dina Kejuaraan Silat Antar Pelajar Se-Purwakarta Tingkat SD, SMP/MTs,
SMA/SMK/MA lumangsung 19-21 April 2018 di Gédong Olahraga Disporaparbud Sport
Centre Purnawarman Purwakarta nu nyabet juara téh : Nuraéni (Emas), Dinda
(Emas), Devina Perunggu), Thariq (Perunggu) sarta Rizal (Perunggu).
Kejuaraan
Pencak Silat “Bekasi Open Challange IV 2018” Antar SD, SMP, SMA dan Dewasa
Tingkat Nasional lumangsung 7-9 September 2018 di Gédong Olahraga Tambun,
Kabupatén Bekasi ngawengku, Résa nyabet Juara III (Perunggu).
Siswa SMPN
1 Kiarapedes nu nyangking préstasi dina Kejuaraan Pencak Silat téh kiwari keru
tatan-tatan mapag tandang dina O2SN jeung POWILDA (Pekan Olahraga Pelajar
Daérah).
Kepala SMPN
1 Kiarapedes, Siti Sri Kaswati, S.Pd, ngeceskeun barudak nu baris tandang makalangan
téh sok dideudeul, dianteur tepi ka tempat pertandingan. Malah mah didagoan
tepi réngsé. Pon kitu deui orang tua siswa nu siswana kenging préstasi téh
diulem ka sakola pikeun dibewarakeun yén para siswa parantos tiasa
ngabanggakeun sakola tur orang tua. “Jadi dina hal ieu mah, sanés siswa atanapi
orang tua siswa nu bermasalah diulem ka saola, dalah siswa nu kenging préstasi orang
tua na diulem ka sakola,” pokna.
Jaka Susila, S.Pd, Wakasek Kesiswaan
nyebutkeun pupuhu di sakola téh ngarojong pisan a para siswa nu préstasina
onjoy, malah sok masrahkeun kadeudeuh pikeun ngamotivasian barudak.
Sedengkeun
ceuk sapuluh urang siswa SMPN 1 Kiarapedes nu nyangking préstasi téh nu jadi
bangbaluh keur dirina téh nyaéta ngeunaan Berat Badan, lantaran upami beurat badan
nambih atanapi ngirangan keur patandang janten di diskualifikasi dina lomba. Pon
kitu deui sanés musuh/lawan nu jadi halangan pikeun ngudag préstasi janten
emosi diri jeung beurat badan nu jadi halangan téh.*** Anto
0 Response to "Warta Ti SMP"
Posting Komentar